PAGUNEMAN SUNDA

CONTOH PAGUNEMAN SUNDA

CONTOH TEKS PAGUNEMAN SUNDA

CONTOH PAGUNEMAN SUNDA

Assalamualaikum wr wb
Terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di
bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi materi-materi pelajaran bahasa Sunda yang dikemas dalam media audio-visual untuk memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, dan memberikan banyak informasi baru kepada pengunjung.

Tidak hanya blog saja, bahasasunda.id pun memiliki youtube channel, yang berisi video-video edukasi mengenai pembelajaran bahasa Sunda. Kalian bisa kunjungi youtube channel dengan klik link di bawah ini.
www.youtube.com/c/bahasasundaidGemanakarnale

Jika ada pertanyaan seputar CONTOH PAGUNEMAN SUNDA yang kurang dipahami, kalian bisa memberikan komentar, silahkan jangan ragu untuk mengisi kolom komentar di bawah.

Semoga dengan adanya blog ini bisa memberikan manfaat bagi kalian semua.
Selamat belajar
CONTOH TEKS PAGUNEMAN SUNDA

MATERI ARTIKEL BASA SUNDA SMA KELAS 12

CONTOH PAGUNEMAN SUNDA

Indung jeung Anak

“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.

“Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.

“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.

“Kieu, Mah…, naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna…lungsurna mah ti payun,” pokna. “Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.”

“Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.

“Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.

“Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naékturun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma…,” ceuk indungna, ngécéskeun.

“Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”

“Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”

“Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki panasaran.

“Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu jeung situasina.”

“Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral… kumaha?” lanceukna milu nanya.

“Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh, lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.

“Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta,” jawabna.

“Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,” ceuk indungna, “Tos heula, nya…Mamah badé salat asar heula.”.

(Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas VII, Penerbit Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Medal Taun 2013, Kaca 2-4)

LATIHAN SOAL

1. Nanyakeun naon Atia ka indungna téh?
2. Ari nu dipikareueus ku indungna saha?
3. Saha waé anu kalibet dina éta paguneman?
4. Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
5. Tatakrama téh jembar. Cik terangkeun!
6. Ari tatakrama dina nyarita kudu kumaha?
7. Naon sababna tatakrama diperlukeun dina kahirupan?
8. Cik kumaha kira-kirana lamun jalma teu boga tatakrama?

PAGUNEMAN 2

Opang : Lurah kongsi! Tong panjang teuing atuh pidatona! Singet wé singet! Geuwat pungkas!
Lurah Kongsi : (Bari ngajenghok terus ngeleper) Ju…juragan Demanganu kahurmat, Juragan Patinggi anu kahurmat, Juragan…
Opang : Kalah balikan deui! Geuwat pungkas! Lurah Kongsi : Ju…ju…juragan Pungkas anu kapungkas…
Opang : Naon tatéh naon? Kalah ka beuki ngaco!?Lurah Kongsi : Ju…ju…jur…juriiig! (Bari naplékan biwirna sorangan bawaning ku keuheul). Naha biwir téh jadi kieu? (Ka gegedén). Duh juragan Demang, neda hampura, janten macét kieu….
Demang : (Bari imut wibawaan) Keun baé. Teu kudu inggis. Sakitu gé lumayan aya soraan kénéh. Ngan tangtu di Kadaleman mah kudu daria tur lungsur- langsar. Bisa teu kira-kirana biantara hareupeun Dalem?
Lurah Kongsi : (Bari hulang-huleng bingung) Pa…payuneun Dalem?

Demang : Enya. Tah biantara bieu téh kaasup latihan. Di mamana gé kasebut pingpinan rombongan mah kudu bisa biantara. Sanggup teu?
Lurah Kongsi : (Bari gideug) Teu…Teu sanggem, manawi….
Patinggi : (Mairan). Ari geus? Saha nu bakal ngawanohkeun ieu kasenian hareupeun gegedén?
Lurah Kongsi : (Bari rarat rérét ka panjak) Saha nya?
Panjak : Keun uing wé lah! Pira gé nyarita?!
Patinggi : Alus! Saha ngaran?
Panjak : Isin.
Patinggi : Éra ku saha?
Panjak : Ah henteu.
Patinggi : Naha atuh nyebut ngaran-ngaran baé bet éra? Can nanaon geus éra! Komo engké payuneun Dalem? Geus tong éra-éra, pok sebutkeun, keun baé goréng ogé da lain salah silaing, tapi salah bapa silaing nu méré ngaran. Pok sebutkeun, saha ngaran silaing.
Panjak : Sumuhun…Isin! Ari Isin mah nya Isin wé Juragan. Naha bet asana téh kabina-bina teuing? Piraku kududiganti mah? Balikanan diganti matak hapa hui! Isin wé Juragan, ka sasaha ogé sok Isin baé. Tah taroskeun ka Lurah Kongsi, uing téh Isin nya Kang?
Lurah Kongsi : Enya…, kitu pisan. Tapi mémang jadi lieur jangar. Kudu kumaha atuh nya? Kieu wé atuh Sin, Jang Isin langsung baé biantara, ngawakilan Akang. Keun urusan buruhanana mah, sa deui. Asal Jang Isin bisa nebus wiwirang Akang. Pok Sin geura mimitian.
Opang : (Barakatak téh seuri ngeunah, dirina ngarasa nu pangheulana ngarti). Hahah….hahah….héhéh…ngarti ayeuna mah, ngarti.
Patinggi : Ari silaing kasurupan, Opang? Teu puguh pasualanana, bet ujug-ujug ngarti?
Opang : Kieu Juragan… atawa kieu wé…. (Ka Panjak) Sinnnn!
Panjak : Kawulanun Juragan…
Opang : Isssiiinnnnnnnn…

Panjak : Dawuh timbalan, Juragan…
Opang : (Ka Patinggi). Tah kitu Juragan!
Patinggi : Ooooooo…jadi éta jalma téh ngaranna Si Isin…
Demang : Sin!
Panjak : Dawuh timbalan Juragan…
Demang : Keur nyingget waktu. Pok geura mimitian. Singet, jéntré, panceg!
Panjak : (Sonagar) Kum teu diwiji-wiji! Ménta hampurana! Ménta pidungana! Ménta salamet! Ménta sing saregep! Ménta tenang! Ménta tong ribut! Ménta…
Demang : Geuning loba paménta silaing mah Sin? Nu bener ah! Piraku biantara kawas kitu patut? Cik balikan deui!
Panjak : Kum teu diwiji-wiji. Ka kabéh parasadérék nu rarodék. Aéh. Pokona mah ieu biantara téh teu bisa ditujulkeun ka sing saha baé. Kitu deui ka Juragan Demang, ieu biantara téh teu bisa ditujulkeun. Kitu deui ka Bapa Lurah nu aya di Kampung Legok Hangseur. Ogé ka Jang Ulis di Ranca Gagak. Sumawonna ka Mang Lebé di Bojong Éntog. Teu, ieu biantara téh teu bisa ditujulkeun. Kitu deui ka…
Demang : Menggeus! Jadi ngadalang silaing mah! Ganti!
Nyi Ronggéng : (Bari rusuh norojol hariweusweus) Abdi Juragan Ganti mah…
Demang : (Demang melengek. Méh baé ambek, mun teu kasirep ku kageulisan Nyi Ronggéng) Ké…ké… Asa teu pupuguh yeuh?
Nyi Ronggéng : Sumuhun. Tadi téh Juragan ngagentraan. Sumuhun abdi Ganti mah.

(Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas VII, Penerbit Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Medal Taun 2013, Kaca 6-8)

LATIHAN SOAL

  1. Saha waé anu paguneman di luhur?
  2. Hal-hal naon anu dipagunemkeunana?

PAGUNEMAN 3

(Méméh bél asup disada, Panji jeung Dika ngaromong heula di hareupeun kelas)

Panji: “Assalamualaikum!”
Dika: “Waalaikum salam!” Hey, Ji!
Panji “Dik, dagoan sakeudeung nya, rék neundeun heula kantong!”
Dika: “Enya, sok didagoan di dieu.”
Panji: “Aduh, kamari Senén nepi ka Rebo teu bisa sakola.”
Dika: “Aéh, enya, ka mana kamari téh? Aya béja ka Tasik?”
Panji: “Bener ka Tasik, diajak ngalongok Nini ku Bapa.”
Dika: “Har, ku naon Nini téh?”
Panji: “Teu damang, kaserang struk.”
Dika: “Euleuh, kaserang struk?”
Panji: “Enya, mimitina mah Nini téh labuh.”
Diki: “Kumaha atuh ayeuna?”
Panji: “Alhamdulillah, kamari mah rada leuheung. Bisaeun nyarita najan teu pati béntés oge.
Dika: “Sukur atuh,mudah-mudahan wé sing gancang jagjag deui.”
Panji: “Amiiin. Eh, enya Dik, aya PR naon?”
Dika: “Aya. PR basa Sunda.”
Panji: “Aéh, naon PR basa Sunda téh?”
Dika: “Kudu ngarang sajak. Témana bébas. Minggu hareup dikumpulkeun. Cenah ceuk Bu Lilis, mun sajakna alus rék dikirimkeun ka majalah Sunda.”
Panji: “Atuh mun kitu mah urang rék meuli heula majalahna, ah!”
Dika: “Urang gé arék. Sugan wé sajak urang bisa dimuat.” Panji: “Méméh nu Dika gé, nu urang heula nu dimuat mah.”
Dika: “Ha…ha…ha…, enyalah, pokona nu urang duaan naskahna bakal dimuat geura.”
Panji: “Mudah-mudahan wé atuh. Lantaran mun dimuat, ceuk Bu Lilis bakal dibéré peunteun gedé.”
Dika: “Komo kitu atuh, kudu ngarang sajak nu alus.” Panji: “Hayu, geuning bél sakola geus disada!”
Dika: “Enya, hayu ah!”

(Réngse Panji nyarita, bél asup disada. Panji jeung Dika asup ka kelas)
(Simpay Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTS Kelas VII, Penerbit Erlangga, Medal Taun 2017, Kaca 8)

LATIHAN SOAL

  1. Saha waé nu paguneman di luhur?
  2. Hal-hal naon anu dipagunemkeunana?
  3. Ku naon cenah pangna Panji teu asup sakola?
  4. Ari ninina Panji téh ku naon?
  5. Kudu migawé naon dina PR basa Sunda?
  6. Sajak nu kumaha nu rék dikirimkeun ka éta majalah téh?
  7. Bakal kumaha lamun hasil ngarang sajak téh alus?

PAGUNEMAN 4

NGANJANG KA IMAH DIDI

“Assalamu’alaikum…!”
“Wa’alaikumsalam…!” waler Bu Nani bari gura-giru muka keun panto hareup.
“Eu…, saha nya?” Bu Nani neuteup barudak lalaki duaan nu keur ngajaranteng hareupeun panto.
“Abdi Asép, Bu! Dupi ieu Dédén. Réréncangan Didi di sakola,” ceuk Asép mani rengkuh pisan.
“Oh, muhun. Mangga atuh ka lebet heula, “Bu Nani muka keun panto méré jalan ka Asép jeung Dédén.

Asép jeung Dédén sap-sup ka rohang tamu.
“Dupi Didi-na aya, Bu?” Asép nanya deui. “Aya, nuju ka bumi ninina heula. Sakedap deui ogé wangsul geura,” waler Bu Nani.
“Teu sawios abdi ngiring ngantosan di dieu?” ceuk Dédén. “Nya henteu atuh, mangga waé…” waler Bu Nani.
“Muhun, tadina bilih ngawagel padamelan Ibu,” ceuk Didi.
“Ah henteu, da Ibuna ogé nuju teu gaduh padamelan nanaon,” waler Bu Nani bari imut daréhdéh. Bari ngadagoan Didi téh, Asép jeung Dédén diajakan ngobrol ku Bu Nani, bari teu poho disuguhan. Sanggeus Didi datang mah, Bu Nani ka pawon deui.
Asép jeung Dédén téh lila ogé nganjangna, da migawé péér basa Sunda heula. Pabeubeurang kakara aramitan ka Bu Nani. “Permios, badé wangsul, Bu!” ceuk Asép jeung Dédén méh bareng mani rengkuh. “Mangga. Kadé ati-ati di jalanna!” waler Bu Nani.
“Hapunten abdi duaan parantos ngarépotkeun ka Ibu,”ceuk Didi.
“Ah teu répot teu naon. Saé kitu, upami peré sakola téh batan ulin teu puguh, mending midamel pancén sakola,” saur Bu Nani deui.
“Muhun Bu, hatur nuhun parantos kersa dirérépot. Nuhun nya, Di…” témbal Dédén.
“Muhun, sami-sami,” waler Bu Nani jeung Didi méh bareng. Bu Nani jeung Didi ngajajapkeun nu rék mulang, nepi ka lawang pager. “Resep mani saropan kitu nya, Di?” saur ibuna, basa Asép jeung Dédén geus jarauh.
“Nya muhun atuh, da di sakola gé diajar tatakrama,” témbal Didi jiga nu agul.
“Tah kedah kitu, diajar tatakrama téh mémang penting. Jalma anu nyaho kana tatakrama sarta bari dipaké dina kahirupan sapopoé, bakal loba nu ngajénan. Sabalikna ka jalma anu cula ngung, teu nyaho sopan santun, moal aya nu resepeun.” saur Bu Nani deui.
“Mung kirang-kirangna mah sesah nganggé tatakrama téh, kantenan dina ngagunakeun basa lemes kanggo ka sorangan sareng kanggo ka batur, mani sok pabaliut raraosan téh,” ceuk Didi.
“Matak kudu dibiasakeun. Geura ari tos biasa mah teu singna susah. Sing inget, kapribadian atawa moral hiji jelema bakal ka gambar tina nyarita jeung tingkah lakuna sapopoé.”
“Numawi rupina kitu pisan, pangna di sakola diajarkeun tatakrama, kumargi penting téa panginten,” ceuk Didi deui.
“Muhun, da jalma mah teu cukup ku pinter wungkul. Tapi kudu dibarengan ku bener jeung moral anu hadé. Ari pangajaran tatakrama téh perelu pisan, sangkan urang jadi jelema bener sarta miboga moral anu hadé.” saur ibuna.

(Rancagé Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTS Kelas VII, Penerbit Pustaka Jaya, Medal Taun 2017, Kaca 10-11)

LATIHAN SOAL

  1. Saha anu nganjang ka imah Didi téh?
  2. Didi keur ka mana waktu babaturanana datang ka imahna?
  3. Kalimah mana anu nétélakeun yén Bu Nani can wawuh ka babaturan Didi?
  4. Kumaha sikep Bu Nani waktu nyaho yén nu datang téh babaturan Didi?
  5. Naon sababna babaturan Didi nganjangna lila?
  6. Kumaha pribadi babaturan Didi ceuk Bu Nani?
  7. Terangkeun penting na tatakrama dina kahirupan sapopoé!
  8. Lebah mana maké tatakrama nu dianggap hésé?
  9. Kumaha carana sangkan ngagunakeun tatakrama henteu susah?
  10. Jalma nu kumaha nu dianggap alus téh?

Bagaimana??? Penjelasan mengenai materi di atas dapat dipahami dengan baik??? jika masih belum paham, kalian bisa memberikan pertanyaan dengan mengisi komentar di bawah atau bisa juga mengunjungi postingan mengenai CONTOH PAGUNEMAN SUNDA lainnya atau langsung cari saja keyword materi yang kalian cari di bawah ini:

LINK KUMPULAN MATERI PAGUNEMAN SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/materi-pembelajaran/materi-paguneman-sunda-materi-pembelajaran/

LINK 15+ KUMPULAN CONTOH PAGUNEMAN SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/paguneman-sunda/


LINK 50+ KUMPULAN SOAL PAGUNEMAN SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/kumpulan-soal-basa-sunda/

Jika blog ini bisa memberikan banyak manfaat, jangan lupa untuk dukung blog ini dengan cara like, comment, dan share ke teman-teman kalian.

Jangan lupa untuk bergabung dalam group belajar bahasa Sunda husus siswa se-Jabar, dengan klik link di bawah ini:
WHATSAPP
TELEGRAM
LINE
FACEBOOK
INSTAGRAM
YOUTUBE

Mari kita sama-sama bangun blog ini supaya bisa lebih berkembang lagi dan memberikan banyak ilmu yang bermanfaat bagi kalian semua.
Terimakasih
.


BAHASASUNDA.ID

BUKU SUMBER:
BUKU RANCAGÉ DIAJAR BASA SUNDA
BUKU BASA SUNDA URANG
BUKU PAMEKAR DIAJAR BASA SUNDA
BUKU SIMPAY BASA SUNDA
BUKU GAPURA BASA
BUKU WIWAHA BASA
BUKU PRASADA BASA
MODUL PANGAJARAN BASA SUNDA
MODUL PPG BASA SUNDA



GOOGLE TRANSLATE

Perhatian! materi ini diterjemahkan oleh mesin penterjemah google translate tanpa adanya post editting, sehingga ketepatan dalam terjemahan masih buruk dan perlu dikembangkan lagi.
Tujuan dari fitur terjemahan ini untuk pengunjunga yang kesulitan memahami materi dan tidak sama sekali mengerti bahasa Sunda atau teman-teman pelajar dari luar Jawa Barat yang sedang belajar bahasa Sunda, fitur terjemahan ini bisa digunakan namun tidak 100% akurat, akan tetapi garis besarnya bisa diambil, daripada tidak mengerti samasekali.
Kedepanya mudah-mudahan admin punya waktu sehingga bisa mengoptimalkan fitur terjemahannya sendiri, dengan begitu pengunjung bisa mempelajari materi dalam bahasa Indonesia.

PERCAKAPAN SUNDA
A. DEFINISI PERCAKAPAN

Percakapan merupakan kegiatan berbicara dua arah yang dilakukan oleh lebih dari satu orang untuk mengungkapkan perasaan, pikiran, keinginannya sesuai dengan tujuan yang diceritakan. Dalam membaca percakapan ini kita harus daria, karena sangat penting agar maksud dan tujuan keinginan kita dapat dipahami oleh pembicara

Unsur-unsur percakapan:
1 Ada pembicara
2 lawan berbicara
3 Ada subjek

Aturan yang harus diperhatikan dalam menyampaikan percakapan:
1 Ingat tujuan yang dimaksudkan
2 Bersabarlah di depan pembicara
3 Hormati setiap pendapat yang diungkapkan oleh orang lain
4 Jujurlah, baik hati, jangan malu-malu (beri kesempatan pada orang lain untuk berbicara)

Berbagai percakapan:
1 Monolog adalah percakapan yang dibawakan oleh seorang aktor
2 Dialog adalah percakapan yang disampaikan oleh lebih dari satu aktor.
3 Prolog adalah percakapan yang disampaikan pada pendahuluan. 4 Epilog adalah percakapan yang disampaikan di akhir cerita.

Dalam praktek membaca percakapan perlu memperhatikan beberapa hal yaitu:
1. Bacalah dulu dalam hati yang hampir menggelitik isi percakapan
2. Perhatikan tanda baca dalam teks percakapan.
3. Membaca dengan menggunakan lenthong yang sesuai sesuai dengan tanda baca yang ada.

CONTOH PAGUNEMAN SUNDA

Indung jeung Anak

“Aku, akan ada pertanyaan,” kata Atia.

“Bertanya apa? Iya, Mamahna masih capek, ”kata ibunya. Sudah terbiasa, saat kantong terbang, Atia tidak selalu membicarakan apapun yang dilihat atau dialami, baik di perjalanan maupun di tempat tujuan. Harita juga hanya jol tas piknik dari Maribaya.

“Terkadang, apa yang akan kamu tanyakan? Semen bangun daria, ”kata ibunya lagi, sambil menatap… kedua anak laki-laki itu air mani menguning.

“Ini, aku…, apa alasan istri selalu tinggal di mobil dulu, selalu turun kekasih dulu. Nah, saat saya naik bus, ayah saya naik dari belakang … saya turun dari depan, ”ujarnya. “Nah, itulah salah satu perilaku dalam naik turunnya mobil.”

“Apakah etiket itu, mah?” Atia bertanya lagi.

“Mereka tahu! Etiket adalah aturan etiket, bukan? ” kata saudaranya, haget menjawab.

“Benar. Seperti yang dikatakan Si Tétéh, etiket adalah aturan etiket dalam kehidupan regeneratif sehari-hari. Etiket sangat luas. Yang lain hanya di dalam mobil, berbicara, di rumah, memakai pakaian, saat makan, postur tubuh, lalu lalang di depan orang …, ”kata ibunya menjelaskan.

“Pada saat resepsi atau keramahtamahan Anda, apa kabar?”

“Etiket pada tamu Anda, katakan halo, tolong, atau ketuk pintu tiga kali.”

“Ari di dangdosan?” kata Atia, bangun lebih penasaran.

“Itu hanya menjadi perhatian kami saat itu. Diantaranya, pakaian yang kami pakai harus disesuaikan dengan waktu dan situasi. ”

“Saya, ada hubungan antara tata krama dan pendidikan moral … bagaimana?” kakaknya ikut bertanya.

“Ari kitu?” Malik bertanya, giliran ibunya yang menumbuhkan kado. Dalam hati ibunya ada rasa bangga dihadapan Tetéh, adiknya Atia yang baru duduk di bangku kelas VII SMP mengajukan pertanyaan yang dianggap baik dan munel seperti itu.

“Saya khawatir Ayah Guru di sekolah pernah mengubah pertanyaan itu,” jawabnya.

“Hubungan etiket dan pendidikan moral sangat erat. Nyatanya, etiket adalah bagian dari pendidikan moral! Kalau yang disebut akhlak adalah akhlak, ajaran tentang tingkah laku yang baik dan buruk, “kata ibunya,” Tos dulu, dia … mamah pergi ke sholat magrib yang pertama. “.

Opang: Lurah kongsi! Terlalu panjang untuk pidato saya! Singet weh singet! Segera berakhir!
Lurah Kongsi : (Sambil menatap dan menampar) Ju… Yang terhormat pemilik Demanganu, Yang terhormat Kapten Patinggi, Pemiliknya…
Opang: Kalah lagi! Segera berakhir! Lurah Kongsi : Ju…ju…pemilik terakhir…
Opang: Ada apa? Kalah biar makin kacau!?Lurah Kongsi : Ju…ju…jur…juriig! (Sambil menempelkan bibirnya sendiri pada rasa mual). Kenapa bibirnya seperti ini? (Untuk yang hebat). Duh owner Demang, mohon maaf, stuck disini….
Demang : (Sambil tersenyum penuh arti) Terima kasih. Tidak harus tinggi. Saya akan tetap memilih. Cuma tentunya di Kadaleman saya harus daria dan drop-langsar. Mungkinkah bukan tentang pidato di depan saya?
Lurah Kongsi : (Sambil bingung) Ayah… di depanku?

Demang : Iya. Jadi pidato hampir tidak termasuk pelatihan. Dimanapun saya akan menjadi pemimpin kelompok saya harus bisa berbicara. Mampu tidak?
Lurah Kongsi : (sambil tertawa) Tidak… saya tidak setuju, kalau….
Patinggi: (Mairan). Sudah? Siapa yang akan memperkenalkan seni ini ke depan yang besar?
Kepala Kongsi : (Sambil ingin menjadi budak) Siapa itu?
Panjak: Keun uing weh lah! Berapa banyak yang akan Anda katakan?!
Tinggi: Bagus! Siapa namanya?
Panjak: Malu.
Tinggi: Malu pada siapa pun?
Panjak: Ah tidak.
Tinggi: Apakah saya menyebutkan nama-nama orang-orang bertaruh malu? Tidak ada yang bisa memalukan! Bahkan nanti di depanku? Malu tong, kata pok, keun orang jahat yah ada satu silain, tapi satu silain ayah yang memberi nama. Pok bilang, siapa yang namanya silain.
Panjak : Iya… Malu! Ari Isin mah nya Isin weh Juragan. Mengapa bertaruh asana juga membangun kabin? Berapa banyak yang perlu saya ubah? Pembalikan mengubah pemeran hapa hui! Malu pada Anda Guru, kepada siapa pun juga selalu Malu padanya. Jadi tanyakan kepada Kepala Bagian, Puing-puing itu Malu padanya?
Lurah Kongsi : Ya…, begitulah. Tapi itu sangat membingungkan. Bagaimana saya harus melakukannya? Ini membuat saya Sin, Jang Isin langsung menjadi pembicara, mewakili Akang. Ini urusan perburuhan saya, lagi. Asal usul Jang Isin bisa menebus aib Akang. Pok Sin segera dimulai.
Opang : (Barakatak senyumnya enak, dia merasa yang pertama mengerti). Hahah…. hahah…. hehehe… Aku mengerti sekarang, aku mengerti.
Patinggi: Apakah mereka gila, Opang? Tidak malas untuk berurusan, bertaruh Anda tiba-tiba mengerti?
Opang : Ini Guru… atau ini kita…. (Untuk Panjak) Sinnn!
Panjak: Tuanku…
Opang : Isssiiinnnnnnnn…

Panjak : Beritahu deputi, Kapten…
Opang: (Ke Patinggi). Kapten yang bagus!
High : Ooooooo… jadi orang itu bernama Si Isin…
Demang: Dosa!
Panjak : Perintahkan wakil pemilik…
Demang : Untuk mempersingkat waktu. Pok segera dimulai. Singet, jéntré, panceg!
Panjak: (Sonagar) Kum tidak ditaburkan! Mintalah pengampunan! Meminta bantuan! Selamat! Minta itu segera! Minta tenang! Mintalah laras yang berisik! Bertanya …
Demang : Yang paling banyak saling menuntut adalah Dosa? Itu benar ah! Berapa nilai pembicaraan seperti itu? Nona kembali!
Panjak: Kum tidak ditaburkan. Untuk semua saudara dan saudari terkasih. Wow. Maksud saya adalah pidato ini tidak ditujukan kepada siapa pun. Jadi kembali ke Kapten Demang, ucapan ini tidak benar. Jadi kembali ke kepala desa di Kampung Legok Hangseur. Juga untuk Jang Ulis di Ranca Gagak. Apalagi Mang Lebé di Bojong ntog. Tidak, ucapan ini tidak benar. Jadi kembali ke…
Demang : Selesai! Jadi berpura-puralah menjadi aku! Mengubah!
Nyi Ronggéng : (Sementara cepat hari norojol) akulah pemilik uang kembalianku…
Demang : (Demang menggeram. Dia hampir marah kalau tidak suka dengan kecantikan Nyi Ronggeng) Ke…ke… Asa tidak hamil?
Nyi Ronggéng : Iya. Pernah menjadi pemilik kendaraan. Ya saya mengubah milik saya.

(Pembelajaran Bahasa Sunda Siswa Kelas VII SMA/SMK/MA/MAK, Penerbit Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Medali 2013, Hal 6-8)

  1. Siapa saja dari percakapan di atas?
  2. Hal-hal apa yang mereka bicarakan?

(Sebelum bel berbunyi, Panji dan Dika berbicara terlebih dahulu di depan kelas)

Bendera: “Assalamualaikum!”
Dika: “Waalaikum salam!” Hei, Ji!
Bendera “Kakak, tunggu sebentar, kamu ingin meletakkan tas dulu!”
Dika: “Ya, selalu tunggu di sini.”
Bendera: “Oh, kemarin Senin sampai Rabu tidak bisa pergi ke sekolah.”
Dika: “Wah, ya, kemarin kemana? Ada kabar ke Danau?”
Panji: “Tepat ke danau, bicara dengan Nenek dan Ayah.”
Dika : “Har, menurut Nini itu apa?”
Bendera: “Tidak sehat, menderita stroke.”
Dika : “Ingat, kena stroke?”
Bendera: “Ya, pertama Nini saya tertinggal.”
Diki: “Bagaimana kabarku sekarang?”
Panji: “Alhamdulillah, kemarin saya sedikit gugup.
Dika: “Terima kasih, semoga kita segera bangun.”
Panji : “Amiiin. Eh, iya Dik, ada PR gak?”
Dika : “Aya. PR basa Sunda.”
Panji: “Wah, apa pekerjaan rumah?”
Dika : “Harus buat puisi. Tema gratis. Minggu depan dikumpulkan. Katanya Bu Lilis, kalau puisi bagus mau dikirim ke majalah R.”
Panji: “Terima kasih jadi kami ingin membeli majalahnya dulu, ah!”
Dika: “Nanti kita mau. Mungkin sajak-sajak kita bisa dimuat.” Bendera: “Sebelum itu saya akan, yang pertama kami muat.”
Dika : “Ha…ha…ha…, enyalah, pokok bahasan naskah kita berdua akan segera dimuat.”
Panji : “Mudah-mudahan saya akan. Karena jika dimuat, kata Bu Lilis akan diberikan peringkat yang lebih besar.”
Dika: “Meski begitu aku harus membuat puisi yang bagus.” Bendera: “Ayo, bel sekolah sudah berbunyi!”
Dika: “Ya, ayo!”

(Ketika Panji berbicara, bel berbunyi. Panji dan Dika memasuki kelas)
(Simpay Basa Sunda Untuk Siswa Kelas VII SMP/MTS, Penerbit Erlangga, Medali 2017, Hal 8)

  1. Siapa saja dari percakapan di atas?
  2. Hal-hal apa yang mereka bicarakan?
  3. Dengan apa Pangna Panji tidak masuk sekolah?
  4. Nenek Panji adalah dengan apa?
  5. Apa yang harus saya lakukan dalam pekerjaan rumah?
  6. Puisi seperti apa yang ingin Anda sampaikan ke majalah?
  7. Apa yang akan terjadi jika hasil penyusunan puisi bagus?

KUNJUNGI RUMAHNYA

“Assalamu’alaikum…!”
“Wa’alaikumsalam…!” Jawab Bu Nani sambil segera membukakan pintu depan.
“Eu…, siapa itu?” Bu Nani menatap dua anak laki-laki yang sedang belajar di depan pintu.
“Saya Asep, Bu! Apakah ini Dédén. Teman-teman Didi di sekolah,” kata Asep dengan air mani yang sangat menempel.
“Oh, baiklah. Tolong saya masuk dulu,” Bu Nani membuka pintu untuk memberi jalan kepada Asep dan Dedén.

Tata dan deden getah-sup ke ruang tamu.
“Apakah Didi-na ada di sana, Bu?” Atur untuk bertanya lagi. “Di sana, pergi ke nenek bumi dulu. Sesaat kembali juga segera kembali,” jawab Bu Nani.
“Bukankah aku menunggu di sini?” kata Deden. “Ini bukan saya, tolong…” jawab Bu Nani.
“Nah, itu kan pekerjaan Ibu yang mengejek,” kata Didi.
“Ah tidak, da Bu juga sedang tidak ada pekerjaan,” jawab Bu Nani sambil tersenyum. Sambil menunggu Didi ini, Asep dan Dedén diajak berbincang dengan Bu Nani, sambil tak lupa disuguhkan. Setelah Didi mendatangi saya, Bu Nani pergi ke dapur lagi.
Asep dan Dédén sudah lama dikunjungi, da bekerja untuk membayar bahasa pertama. Pabeubeurang kakara aramitan ka Bu Nani. “Permios, aku kembali, Bu!” Ucap Asep dan Deden hampir bersamaan. “Tolong. Penting untuk berhati-hati di jalan!” waler Bu Nani.
“Maaf aku berdua harus merepotkan Ibu,” kata Didi.
“Ah nggak repot nggak apa. Nah, kalau kuda sekolahnya agak malas dari pada main, mending ngerjain tugas sekolah,” kata Bu Nani lagi.
“Baik Bu, terima kasih sudah mengganggu saya. Terima kasih, Di…” kata Scott.
“Baik, sama-sama,” jawab Bu Nani dan Didi hampir bersamaan. Bu Nani dan Didi berjanji bahwa Anda ingin kembali, ke pintu gerbang. “Seperti itu, Di?” Menurut ibunya, Asep dan Dedén telah diculik.
“Tidak apa-apa bagi saya, da di sekolah saya akan belajar tata krama,” Scott Didi menyukai pisau cukur.
“Jadi memang seharusnya belajar adab itu penting. Orang yang tahu adab dan saat digunakan dalam kehidupan sehari-hari akan sangat dihormati. Beda dengan orang yang kasar, tidak tahu sopan santun, tidak ada resepnya.” kata Bu Nani lagi.
“Satu-satunya kesulitan saya dalam menggunakan etika adalah, terus menggunakan bahasa yang lembut untuk diri sendiri dan orang lain, air mani selalu menguasai perasaan itu,” kata Didi.
“Pemeran harus dibiasakan. Segera biasakan dan jangan minum keras. Ingat, kepribadian atau akhlak seseorang akan sesuai dengan citra ucapan dan perilaku sehari-hari.”
“Kalau kelihatan bagus, panga di sekolah diajari adab, karena itu penting untuk dipikirkan,” kata Didi lagi.
“Yah, orang da tidak cukup pintar saja. Tapi harus disertai dengan kebenaran dan moral yang baik. Hari mengajarkan etika sangat diperlukan, agar kita menjadi orang yang benar dan memiliki akhlak yang lebih baik.” saur ibuna.

(Rencana Belajar Bahasa Sunda Siswa Kelas VII SMP/MTS, Penerbit Pustaka Jaya, Medal of The Year 2017, Hal 10-11)

  1. Siapa yang mengunjungi rumah Didi?
  2. Didi berada di mana ketika teman-temannya datang ke rumahnya?
  3. Kalimat mana yang memberitahu Anda bahwa Bu Nani tidak akrab dengan teman-teman Didi?
  4. Bagaimana sikap Bu Nani ketika mengetahui bahwa pengunjung tersebut adalah teman Didi?
  5. Apa alasan teman-teman Didi lama berkunjung?
  6. Bagaimana kata teman pribadi Didi kepada Bu Nani?
  7. Jelaskan pentingnya dan tata krama dalam kehidupan sehari-hari!
  8. Lebah mana yang menggunakan perilaku yang dianggap sulit?
  9. Bagaimana agar tata krama tidak sulit?
  10. Orang seperti apa yang dianggap baik?

Tinggalkan Balasan

error: Content is protected !!