Rama: “Kang naha nya nagara urang téh ning nuju berkembang tapi perkembanganana seueur dampak anu teu saé?”…”
Alis: “Muhun kang, kitu ogé sareng budaya urang sundana. Diantawisna, karya seni tos jarang deui kakuping sapertos wayang golék tos langki dipagelarkeun dina hajatan, malihan mah tos seueur anak, incu, buyut urang sunda anu teu tiasa sareng alim nyarios ku basa sunda.”
Kang Ahmad: “Éta téh éfék tina urbanisasi, seueur kota-kota ageung di tatar sunda anu jadi targét urbanisasi, sapertos, Bandung, Bogor, Bekasi, Karawang.”
Rama: “Naha kumaha tiasa kitu, Kang?”
Kang Ahmad: “Kapan tatar sunda téh caket sareng ibu kota nagara nyaéta Jakarta, seueur éfék sapertos pangwangunan ogé janten énggal pisan, tapi seuseueurna para imigran ti daérah anu sanés seueur atanapi sakedikna ngakibatkeun degradasi budaya sunda.”
Alis: “Naon hubunganana degradasi budaya sareng anu ngagunakeun basa sunda, Kang?”
Kang Ahmad: “Kapan salah sahiji unsur tina budaya téh nyaéta basa. Basa sunda jeung budaya sunda mangrupa hiji hal anu raket pisan hubunganana teu bisa dipisahkeun.”
Rama: “Upami ku urang dibandungan dina kahirupan sadidinten, katingalna para rumaja ayeuna seueur anu kirang wanoh kana basa sunda téh.”