-
MATERI PANUMBU CATUR SMA KELAS 10
Panumbu catur atawa moderator teh sakapeung disaruakeun jeung panata acara atawa MC (mater of ceremony). panumbu catur jeung MC teh aya bedana. Panumbu catur nyaeta anu nyepeng kadali (ngatur jeung ngokolakeun) dina hiji jirangan (sesei) kagiatan. Ari panata acar mah nyepeng kadali sakabeh kagiatan.
-
MATERI RESENSI BASA SUNDA
Istilah résénsi asalna tina basa Belanda resentie, serepan tina basa Latin resecio, recencere, jeng revidere, nu hartina nepikeun (nyaritakeun) deui. Nikik kana harti kitu, nu disebut résénsi téh nyaéta ngajén atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, pilem atawa pintonan drama jeung musik (konsér). Cindekna resensi téh nyoko kana kagiatan meunteun atawa ngajén hiji karya atawa pintonan seni nu tujuanana pikeun méré informmasi jeung ngagambarkeun kaunggulan jeung kahéngkéran keur nu maca atawa lalajo.
-
MATERI CARITA WAYANG SUNDA
Carita wayang téh nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang, asalna ti India, kalawan babonna (sumber) tina Ramayana karya Walmiki jeung Mahabarata karya Wiyasa (Viyasa).
-
MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA
Dina kamus basa Sunda R.A. Danadibrata (2006), yén nu disebut biantara téh nyaéta kagiatan nyarita hareupeun kumpulan jelema. Biantara atawa pidato ogé disebutkeun mangrupa nyarita dihareupeun balaréa, jalma réa (Sacadibrata,2005:72). Teu saeutik jalma nu rampang-reumpeung upama dibéré pancén nyarita atawa biantara di hareupeun jalma réa. Bingung, naon anu kudu dicaritakeunana. Métode nyarita ngawengku: (1) métode impromtu, (2) métode naskah/manuskrip, (3) métode ékstémporan, jeung (4) métode ngapalkeun/memoritér.
-
MATERI PEDARAN TRADISI SUNDA
Bahasan atawa pedaran téh tulisan anu medar hiji pasualan dumasar kana fakta-fakta nu kapanggih. Boh tina hasil panalungtikan, boh tina hasil pangalaman sorangan. Tangtuna, aya pangaweruh (kanyaho) anyar nu gedé mangpaatna keur pamaca. Sabenerna, bahasan téh méh sarua jeung éséy atawa artikel, boh cara nulisna, boh eusina. Ngan dina éséy atawa artikel mah subyéktifitasna (pamanggih nu nulis) leuwih tandes jeung leuwih jelas.
-
MATERI DONGENG BAHASA SUNDA
Dongeng teh ngaran salahsahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran) sakapeung mah sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok. Turun tumurun jeung sumebarna lu cara lisan. Tara kapaluruh saha pangarang atawa nu nyiptana. nilik wanda jeung eusina dongeng teh kaasup rekaan baheula. patempatan anu jadi latarna mideng tetela gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa hungkul, tapi oge sato, buta, atawa mahluk-mahluk sejena. kajadian-kajadianna sakapeung karasa pamohalan, corak rekaan heubeul mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus tema.
-
MATERI TARJAMAHAN BAHASA SUNDA
Istilah "tarjamah" téh asalna tina basa Arab. Ari dinabasa Inggris mah disebutna "translation". Tarjamah téh prosés mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa panarima (sasaran) kalawan ngungkab ma'na jeung gaya basana (Widyamartaya, 1989). Dina istilah séjén disèbut ogé alih basa. Béda jeung istilah transliterasi (alih aksara) jeung transkripsi (alih wangun tina ucapan kana tulisan). Narjamahkeun téh lain pagawéan énténg, sabab perlu paham kana maksud nu di kandung dina basa sumberna. Aya sababaraha wanda tarjamahan dumasar kana cara jeung hal anu museur pikeun ditarjamahkeunana. Nurutkeun Widyamartaya & Sudiati (2005) wanda tarjamahan téh umumna aya genep, nyaéta:
-
MATERI LAPORAN KEGIATAN BAHASA SUNDA
Laporan kagiatan eusina mangrupa sagala hal anu patali jeung kagiatan anu geus lumangsung. Informasi anu diutamakeun dina laporan kagiatan utamana mah muser kana lumangsungna kagiatan, waragad, bangbaluh atawa rereged, jeung pasualan-pasualab tèhnis. Ari wangun laporan kagiatan tèh formal sarta biasana dijieun ku organisasi atawa lembaga. Di jerona kudu ngamuat informasi jeung pakta-pakta anu bisa di pertanggung jawabkeun bener henteuna.
-
KUMPULAN MATERI KAWIH
Nu dimaksud kawih téh nyaéta sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda. Kecap pagawéanana mah 'ngawih'. Dina basa Indonésia mah lagu atawa nyanyian, kecap pagawéanana menyanyi. Hartina, lamun urang hahariringan atawa nyanyi, éta téh hartina urang keur ngawih. Kawihna mah naon baé, rék diala tina sisindiran, pupujian, tembang pupuh, kaulinan barudak, dermayonan, atawa nu séjénna. Matéri kawih geus aya ti baheulana. Dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu ditulis taun 1518 M, di dinya disebutkeun ngaran rupa-rupa kawih nyaéta kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalaguan, kawih panyaraman, kawih sisi(n)diran, kawih péngpélédan, bongbongkaso, perérané, porod eu rih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung, kawih sasa(m)batan, sareng kawih igel-igelan. Ceuk…
-
CONTOH TARJAMAHAN SUNDA
Kumpulan terjemahan dari bahasa indonesia / bahasa asing ke bahasa sunda.... KURING dilahirkeun di imah titinggal karuhun ti indung, nu perenahna gigireun balédésa Ciborélang, Jatiwangi, tapi waktu umur kuring kakara sawatara welas bulan kuring dibawa pindah ka bumi Aki di Kampung Pasuketan, da Aki ngagaleuh bumi di dinya. Saterusna kuring matuh di dinya nepi ka anggeus Sakola Rayat. SAYA dilahirkan di rumah peninggalan nenek moyang ibu, yang terletak di samping balai desa Cibolérang, Jatiwangi, tapi sewaktu umur saya baru beberapa belas bulan saya dibawa pindah ke rumah kakek di kampung Pasuketan, sebab kakek membeli rumah di sana. Selanjutnya saya tinggal di sana hingga lulus Sekolah Rakyat.
-
MATERI AKSARA SUNDA
Runtuyan abjad aksara Sunda baku téh nyaéta ka-ga-nga, ca ja-nya, ta-da-na, pa-ba-ma, ya-ra-la, wa-sa-ha, fa-va-qa-xa-za, sarta runtuyan aksara sorana a, é, i, o, u, e, jeung eu. Ku lantaran ieu runtuyan, aksara Sunda baku sok disebut ogé minangka aksara Sunda Kaganga.
-
Hello world!
Welcome to WordPress. This is your first post. Edit or delete it, then start writing!