-
MATERI NOVEL SUNDA
istilah novél asalna tina basa latén, nyaéta novélus, tina kecap novus hartina "anyar". disebut anyar téh pédah novél gelarna anyar di dunya sastra umumna, upama dibandingkeun jeung wangun sastra lianna, saperti puisi jeung carpon. tapi dina sastra Sunda mah sabalikna, novél téh leuwih ti heula medal jadi buku batan carpon.