• CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA
    NOVEL SUNDA

    NOVEL BAHASA SUNDA REMAJA

    Nempo baju éta téh, bet asa bréh-bréhan deui Mamah ngajanteng hareupeun. Matak deungdeuleueun puguh, diacuk éta téh raray Mamah beuki cahayaan. Erok buludru hideung. Dadana rada ngaliglag, panjangna satuur. Ngepas pisan di Mamah mah, bubuhan dada jeung imbitna ngareusi. Ari di si Aa. Ih, ngéwa pisan! Lebah dada jeung bujurna teu kaeusian, da puguh lalaki si Aa mah. Urang istigpar bari ngusap beungeut sababaraha kali. Raray Mamah kokolébatan. Urang ngedeprek, nukangan kamar si Aa. Késang renung dina tarang. Awak ngadadak ramohpoy. Hayang jejeritan satakerna, tapi buru-buru ditungkup ku leungeun duanana. Cipanon murubut teu kaampeuh. Urang maksakeun cengkat. Blus ka kamar. Cetrék, ngerem manéh. Gauk wé ceurik bari nanangkeup bantal. Ti…

  • CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA
    NOVEL SUNDA

    15+ NOVEL BAHASA SUNDA SINGKAT

    Geus aya taunna Si Uha ngumbarana di dayeuh. Ku dununganana kacida dipika-nyaahna; keur mah teu kagungan putra, turug-turug budakna bisa mihapékeun manéh. Sakaluarna ti sakola ku dununganana diasupkeun ka Kursus Dagang; lebar ku pangartina, cenah. Kana gawé beuki singer, méh sagala katangkes, taya kabau. Geus puguh ari pagawéan lalaki mah; ka nyangunyangu kacabak. Atuh dununganana téh beuki tamplok baé kanyaahna. Salebaran sakali sok merlukeun balik ka lembur; boh méméhna sakalian ngadon lebaran riung mungpulung jeung indung jeung dulur, atawa sabadana mun meneran dian-deg mah kudu lebaran di dayeuh. Unggal bulan dununganana sok ngiriman, ngabanjel-banjel kaperluan indungna jeung Si Aah. Atuh ku kituna nu di lembur jongjon, nu ngumbara betah. Teu…

  • CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA
    NOVEL SUNDA

    BACA NOVEL BAHASA SUNDA

    Kira-kira tabuh lima, kuring geus anjeucleu dina mobil. Kabagéan diuk téh di tukang, dina luhureun tumpukan karung béas. Mang Mahmud diukna di hareup, ngaréndéng jeung Kang Kosasih katilu supir. “Tah, silaing aya batur ngobrol ayeuna mah, Jana,” ceuk supir ka kenékna. Apal kuring ogé ka Si Jana téh, budak ti Guranténg, ngan pédah wawuhna ukur saliwat. “Kadé silaing diukna sing ati-ati, Kondi, bisi ragrag!” ceuk Kang Mahmud. “Jeung kadé deuih ulah nundutan!” “Moal, Mang,” cekéng téh. Teu kungsi lila, mobil geus maju ninggalkeun lembur. Béak jalan désa anu taringgul, bras waé ka jalan aspal. “Rék udud, euy?” ceuk Si Jana bari ngasongkeun roko anu geus gepéng dua batang, balas hantem…

  • CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA
    NOVEL SUNDA

    SEMPALAN NOVEL BASA SUNDA

    Pamolah urang gunung beuki ngagalaksak waé. Daratangna ka lembur mingkin kerep, abrul-abrulan – samagrang ku pakarang, laju barangpénta ka rahayat bari maksa. Teu kaharti, ceuk pamikir Erom, ongkoh manéhna téh cenah bajuang make dadasar agama, tapi naha bet kitu peta. Keun ari ngaduruk balé désa, éta mah rada kaharti, da meureun wawangunan milik pamaréntah. Tapi ari masjid jeung pasantrén mah apan murni pikeun kapentingan agama. Kitu deui ku ayana ajengan atawa kiyai anu dipaténi, éstu matak jadi baluweng. Mun urang gunung ngabedil komandan tangsi, éta mah bisa kaharti, da apan aya dina posisi musuh.

  • CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA
    NOVEL SUNDA

    NOVEL BASA SUNDA PIKEUN BARUDAK

    JANG Udin nutur-nutur kuda lumping tepi ka poho balik. Duit titipan keur indungna leungit di panglalajoan. Ukur bisa ngahinghing ceurik. Rék balik sieun dicarékan. Komo apan cék bapana, budak bangor mah rék dikirim ka Tangerang, dikerem di jero bui. Bakating baluweng, basa aya jalma ngajak indit, milu waéh. Teu apal ka mana nu rék dijugjug. Tungtungna kadungsang-dungsang di lembur batur. Kitu ku kira-kira mah ringkesan buku Kabandang ku Kuda Lumping (KKL) beunang Ahmad Bakri téh. Bisi pondok teuing, nya urang caritakeun wé saeutik mah kahirupan Jang Udin anu kabandang ku kuda lumping téh. Cenah, cék nu ngarangna, Jang Udin téh budak bangor. Lamun ulin sok kamalinaan, tara inget ka waktuna…

  • NOVEL SUNDA: WANGENAN UNSUR PAPASINGAN & TINGKESAN
    MATERI NOVEL SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    NOVEL SUNDA: WANGENAN UNSUR PAPASINGAN & TINGKESAN

    Novel téh nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Malah aya sababaraha kajadian anu sambung sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novel mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna téh. Upama hidep maca novel bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsik nu aya novel. Téma nyaéta nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji carita. Téma…

  • KUMPULAN SOAL NOVEL BASA SUNDA SMA KELAS 11
    KUMPULAN SOAL BASA SUNDA,  NOVEL SUNDA

    50+ KUMPULAN SOAL NOVEL BASA SUNDA SMA KELAS 11

    Baruang ka nu Ngarora, Gogoda ka nu Ngarora, Rusiah nu Goréng patut kaasup kana wanda…. a. carpon b. novel c. puisi d. dongéng Novel munggaran di tatar Sunda nyaéta…. a. Gogoda ka nu Ngarora b. Handeuleum Na Haté Beureum c. Baruang ka nu Ngarora d. Rusiah nu Goréng Patut Novel Baruang ka nu Ngarora minangka novel munggaran di tanah Sunda ogé cikal bakal novel di Indonesia. Novel Baruang ka nu Ngarora ngamimitian dicitak dina taun….. a. 1912 b. 1915 c. 1914 d. 1916

  • CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA
    NOVEL SUNDA

    CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA

    Assalamualaikum wr wb Terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini. Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi materi-materi pelajaran bahasa Sunda yang dikemas dalam media audio-visual untuk memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, dan memberikan banyak informasi baru kepada pengunjung.

  • MATERI NOVEL BASA SUNDA SMA KELAS 11
    MATERI NOVEL SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI NOVEL BAHASA SUNDA SMA KELAS 11

    Istilah novel asalna tina basa Laten, nyaéta novellus, tina kecap novus nu hartina "anyar". Disebut anyar téh pédah novel gelarna anyar di dunya sastra umumna, upama dibandingkeun jeung wangun sastra lianna, saperti puisi jeung carpon. Tapi, dina sastra Sunda mah sabalikna, novél téh leuwih ti heula me dal jadi buku batan carpon. Novél téh carita rékaan (fiksi) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeuran, umumna panjang sarta galur carita atawa plotna ngarancabang (loba tur kompléks). Ku kituna, novél mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku (tokoh), kajadian, jeung laluasa ngahirupkeun karakter masing-masing palaku.

  • MATERI NOVEL SUNDA
    MATERI NOVEL SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI NOVEL SUNDA

    istilah novél asalna tina basa latén, nyaéta novélus, tina kecap novus hartina "anyar". disebut anyar téh pédah novél gelarna anyar di dunya sastra umumna, upama dibandingkeun jeung wangun sastra lianna, saperti puisi jeung carpon. tapi dina sastra Sunda mah sabalikna, novél téh leuwih ti heula medal jadi buku batan carpon.

error: Content is protected !!