-
SISINDIRAN SUNDA
Wangun jeung Eusi Sisindiran Salasahiji hasil karya sastra Sunda dina wangun puisi (ugeran), nyaéta sisindiran. Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, hartina omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun atawa henteu togmol.
-
KAWIH SUNDA
Kawih téh jadi bagian tina kabeungharan seni Sunda. Dina élmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.
-
KUMPULAN MATERI CARITA PONDOK SUNDA
Carita pondok (carpon) atawa dina basa Indonésia cerita pendek Carpen), dina basa Inggris short story, nyaéta karangan fiksi (rekaan) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeur an Rea nu nyebutkeun yén carpon mah karya nu populer jeung pikaresepeun, lantaran eusina réa nyaritakeun kahirupan sapo poe. Dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana Disebut pondok téh luyu jeung wangun caritana nu kaitung pondok. Henteu réa nu dicaritakeun, biasana ngan saépisodeu. Tokohna teu réa, museur kana hiji-dua kajadian, galurna basajan henteu ngarancabang, henteu loba pundah-pindah latar, sarta nga bogaan téma jeung amanat nu hayang ditepikeun ku pangarangna.
-
MATERI DRAMA BAHASA SUNDA
Sakapeung istilah drama téh sok dipaselupkeun jeung istilah téater. Tapi saéstuna mah éta dua istilah téh nuduhkeun harti anu béda, najan dina enas-enasna mah duanana gé nuduhkeun kana seni pagelaran atawa seni pintonan (pertunjukan). Istilah drama, asalna téh tina basa Yunani, dramoi, hartina ni ru-niru. Kitu deui téater, asalna tina basa Yunani, teatron, harti na tempat upacara pamujaan nu perenahna di tengah alun-alun (aréna). Aya deui istilah sandiwara, asalna tina basa Jawa, sandi (rusiah), wara(h), hartina pangajaran atawa atikan. Hartina sandiwara mah pangajaran anu ditepikeunana sacara samar atawa disilibkeun (dirusiahkeun).
-
MATERI SISINDIRAN BAHASA SUNDA
Sisindiran nyaéta karya sastra wangun puisi (ugeran) anu ditulis kalawan kréatif, diwangun ku cangkang jeung eusi, sarta diwengku ku pada (bait) jeung padalusan (baris). Unggal padalisan ilaharna diwangun ku dalapan engang (suku kata). Tujuana pikeun nepikeun eusi haté, pikiran, atawa pamaksudan ka jalma séjén bari henteu togmol téa. Nu dipiharep sangkan eusi omongan téh katarimana henteu matak kasigeung atawa nyeri haté.
-
MATERI BIOGRAFI BAHASA SUNDA
Biografi téh aslana tina basa Inggris biography. Bio hartina hirup jeung graphy hartina catetan atawa tulisan. Tuluy éta kecap téh diaku ku basa Indonésia, sarta éjahanana diluyukeun jadi biografi. Kiwari kecap biografi geus bisa dipaké ku urang sunda pikeun nuduhkeun lalakon hirup hiji jalma.
-
KUMPULAN PUISI CORONA
Corona... Kiwari manehna kasohor Padahal lain tukang ngabodor Corona lir ibarat nyeundeut kertas ku cempor Loba jelema ting kalalojor
-
MATERI WAWACAN BAHASA SUNDA
Wawacan téh carita panjang atawa naratif, tap iaya ogé anu mangrupa dadaran (déskriptif), anu dianggit dina wangun pupuh. Wangun pupuh Mimiti dipikawanoh ku masarakat Sunda, utamana ku kaum ménak sabada aya pangaruh ti mataram dina abad ka-17.
-
MATERI SAJAK SUNDA
sajak nyaeta salah sahiji sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). sanajan ditulis dina wangun ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran.
-
TARJAMAHAN SUNDA
Tarjamahan téh sok disebut ogé alih basa, nyaéta mindahkeun téks dina basa sumber (asal) kana basa sejen (anyar). Narjamahkeun disebut ogé nyalin atawa mindahkeun hji basa kana basa séjén. Kagiatan narjamahkeun téh kacida pentingna, lantaran teu kabeh jalma ngarti atawa paha kana unggal basa anu dipake atawa digunakeun ku jalma séjéna Lian ti tarjamahan, aya ogé istilah saduran atawa nyadur. Saduran mah narjamahkeun karya sastra tina basa asing, ku cara nulad jaan caritana wungkul, ari ngaran tokoh jeung jalan caritana mah diluyukeun kana kaayaan urang.
-
MATERI CARITA BABAD SUNDA
Dina kabeungharan pustaka sunda aya sawatara naskah buhun (manuscript, handscript) nu digolongkeun kana kelompok babad. babad nyaéta wanda carira anu ngandung ajén sajarah atawa raket hubunganana jeung sajarah. istilah babad dona pustaka sunda teéh asalna ti jawa. samémehna mah disebut carita baé. upama carita parahiyangan, carita ratu pakuan jeung carita waruga guru. iwal ti éta istilah séjén nu dipake dina pustaka Sunda téh sajarah, misalkan sajarah sukapura.
-
MATERI NOVEL SUNDA
istilah novél asalna tina basa latén, nyaéta novélus, tina kecap novus hartina "anyar". disebut anyar téh pédah novél gelarna anyar di dunya sastra umumna, upama dibandingkeun jeung wangun sastra lianna, saperti puisi jeung carpon. tapi dina sastra Sunda mah sabalikna, novél téh leuwih ti heula medal jadi buku batan carpon.
-
MATERI WARTA SUNDA
warta téh hartina informasi atawa laporan ngeunaan peristiwa atawa kajadian aktual tur anyar carék itungan waktu Aya sawatara struktur nu ngawangun téks warta téh, éta struktur téh anu ngawangun téks, tepi ka jadi hiji téks anu gembleng. Struktur téks warta diwangun ku judul, teras, jeung eusi berita. Judul téh kecap konci (keyword) nu ngawakilan warta kalawan gembleng. dina téks warta, judul biasana ngamuat ngeunaan gambaran naon anu kajadian. Hadéna mah judul téh dijieun sina matak kataji nu maca atawa nu ngadéngéna.
-
MATERI WAWANCARA SUNDA
Wawancara téh dina basa inggris disebutna interview, asal tina kecap inter (antara lolongrang ) jeung view ( paniten panempo ). Nilik kana rucatan kecap kitu, wawancara téh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung atawa anu ngawawancara jeung nu diwawancara. Kuayana kamekaran teknologi, wawancara ge bisa dilaksanakeun jarak jauh ngaliwatan media internet anu disebut video conference a. Bubuka Bubuka dina wawancara gunana pikeun ngarahkeun naon-naon nu rék didiskusikeun, sarta nu bakal dilakukeun dina wawancara, bubka teh perlu pikeun nyiptakeun nhubungan abu hade antara nu ngawawancara jeng narasumberna.
-
15+ CONTOH TEKS PANUMBU CATUR
Panumbu Catur : Hadirin, dina jirangan (sesi) nu ka dua ieu, jejer bahasan téh sabudeureun “Ningkatkeun Aprésiasi Sastra Sunda di Kalangan Siswa SMA.” Anu janten pangjejerna nyaéta pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati. Alhamdulillah dina danget ieu anjeunna parantos aya di tengahtengah urang sadaya (Anjeunna masih kénéh calik dina korsi tamu, digéndéng ku kepala sekolah). Sumangga ka pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati dihaturanan ka payun. Hatur nuhun.