Bahasan téh hiji tulisan nu ngabahas (medar) hiji masalah. Eusina bisa naon waé biasana dumasar kana fakta-fakta boh tina hasil panalungtikan, boh tina pangalaman sorangan. Nu penting mah aya pangaweruh-pangaweruh (kanyaho) anyar anu gedé mangpaatna keur anu maca. Biasana dina bahasan loba pamanggih-pamanggih pribadi tapi dumasar kana pangalaman, boh tina pangalaman pribadi boh tina pangalaman tokoh-tokoh nu geus sohor. Pamanggihna teh teu sagawayah tapi bisa dibuk tikeun bebeneranana.
Sabenerna mah bahasan téh rék sarua jeung ésay, boh cara nulisna boh eusina. Ngan dina ésay mah subyektivitasna (pamanggih pangarang) leuwih tandes, leuwih jelas. Masalah naon waé bisa dijieun bahasan, nu penting mah aya pangaweruh pangaweruh (kanyaho) anyar nu gedé mangpaatna keur nu maca. Cara nulisna bisa narasi (nyaritakeun), déskripsi (nataan atawa nyebutan), éksposisi (ngamunculkeun hiji hal anyar), bisa ogé arguméntasi (nepikeun ideu atawa pamanggih ngeunaan hiji hal). Atawa bisa ogé campuran tina sababaraha cara nulis di luhur. Upamana narasi jeung déskripsi, narasi jeung éksposisi atawa narasi jeung arguméntasi. Ngan biasana, dina unggal tulisan bahasan, narasi mah aya waé najan ukur sabagéan leutik. Tara aya nu murni déskripsi, éksposisi, atawa arguméntasi, lantaran biasana kudu waé maké narasi. Pikeun nangtukeun éta kaasup jenis karangan naon, tingali baé sabagian gedé cara nulisna atawa eusina.