CONTOH LAPORAN LALAMPAHAN BAHASA SUNDA

CONTOH LAPORAN KAJADIAN SUNDA

Diajar téh teu salawasna di jero kelas. Diajar ogé bisa dilaksanakeun di luar kelas. leu hal saluyu jeung konsep yén alam sabudeureun urang bisa djadikeun sumber jeung média diajar, sakumaha anu kaunggel dina Peraturan Menteri Pendidikan ngeunaan Standar Proses Pembelajaran. Diajar di luar kelas téh réa cara jeung wangunna. Salasahijina nyaéta ku cara niténan rupa-rupa informasi anu nyampak di musieum.

Di Kota Bandung euyeub pisan musieum anu bisa dijadi keun sumber diajar. Salasahijina nyaéta Musieum Konférénsi Asia Afrika (Musieum KAA). Musieum KAA perenahna di Jl. Asia Afrika No. 65, Kota Bandung. Ieu musieum mangrupa mémorabilia Konferensi Asia Afrika nu dilaksanakeun taun 1955.

CONTOH LAPORAN PERISTIWA PENDEK BAHASA SUNDA

CONTOH LAPORAN KAJADIAN SUNDA

TAUN 1990, aya sawatara kajadian penting nu aweuhanana nepi ka sakuliah dunya. Tanggal 11 Februari, Nelson Mandela, nu kungsi jadi persiden Afrika Kidul, bebas tina panjara sabada dibui 27 taun lilana Bulan April, teleskop Hubble miang ka langit, dipaké motrétan kaayaan marcapada, hasilna guna pisan pikeun kabeungharan astronomi tur diparaké ku para ahli. Bulan Oktober, Jerman ngahiji. Atuh dina tungtung taun 1990-nu baris diguar dina ieu tulisan-jadi pamiangan medalna teknologi nu bisa ngarobah cara hirup manusa nepi ka kiwari

Nu sok aranteng muka Facebook gé, tur unggal usik nyieun status, boa teu terangeun ka nu ngalalanyah dunya maya. Tim Berners-Lee, jalma basajan ti dayeuh London, kawasna teu hayangeun sohor deuih. Remen kacaritakeun dina média deungeun mah, sikepna nu handap asor, tur henteu “agul ku payung alus”. Bangun teu haripeut kana pakaya deuih, da geuning panalungtikan jeung hasil karyana, henteu kungsi dipaténkeun, malah dipékbaékeun nepi ka bisa dipaké saha waé. Siga kacatet dina majalah Time édisi “Time 100 People of the Century”, Tim Berners milih kénéh usaha nirlaba ti batan kudu ngeruk untung tina ladang késangna.

LAPORAN PERISTIWA TENTANG SEKOLAH BAHASA SUNDA

CONTOH LAPORAN KAJADIAN SUNDA

Puguh gé kapaksa. Puluhan murid Madrasah Tsanawiyah (MTS) Al-Mannar kudu milu ujian nasional (UN) bari pakéan jalibreg. Eta sakola téh perenahna di Désa Mekarwangi, Kacamatan Cibalong, Kabupaten Garut. Ana nepi ka jalibreg, lantaran sangkan bisa tepi ka sakola téh kudu turun meuntasan Walungan Cibaluk heula. Kawantu taya pisan cukang, jeung cai walungan keur meneran léb-léban.

Ti jam 06.30 mula, barudak téh geus kumpul di Kampung Sakambangan, Désa Mekarwangi Sanggeus taya nu tingaleun, bring waéh mapay galengan jeung gawir, muru ka sisi Walungan Cibaluk. Méméh meuntas téh maruka heula sapatu jeung calana. Atuh salila di walungan, leumpangna arati-ati pisan. Ngahaja meuntas kalayan babarengan téh, malar salamet sararéa. Mun téa mah salah saurang aya nu labuh, nu lian buru-buru nulungan

UNSUR INTRINSIK CARPON BASA SUNDA

CONTOH CARPON SUNDA

Geus saminggu dipaparin pancén ku Ibu Guru di sakola. Nepi ka ayeuna can sakotrét-kotrét acan. Mangkaning kudu dibawa poé isuk, bari kudu dibaca di hareup saurang-saurang. Basa keur kelas hiji kénéh mah asa teu beurat-beurat teuing pancén ngarang téh. Paling dititah nyaritakeun pangalaman poé pakanci. Gampang nu kitu mah.

“Barudak, dina raraga miéling dibabarkeunna pahlawan wanoja Rd. Déwi Sartika, ogé dina raraga miéling Hari Ibu, hidep kudu nyieun karangan nu patali jeung kaum wanoja!” saur Bu Guru.

SAJAK SUNDA & ARTINYA: “SAREBU BULAN” – YUS RUSYANA

Sarébu Bulan (Yus Rusyana)

Dina hiji peuting urang jalan-jalan duaan
Katilu bulan

Dina hiji peuting urang jalan-jalan duaan
Sarébu bulan

Dina hiji peuting urang jalan-jalan nyorangan
Kadua bulan

Dina hiji peuting taya saurang nu jalan-jalan
Ngan kari bulan

Bandung, 6 Januari 1963

(Dicutat tina buku kumpulan sajak Nu Mahal ti Batan Inten, 1985, k. 29).

SAJAK SUNDA TENTANG IBU: “PAMANGGIH” – AYATROHAEDI

Pamanggih (Ayatrohaédi)

Salapan bulan ngakandung

Moal aya hiji jalma
leuwih ti indung micinta
indung gudang hampura.

Salapan bulan dikandung

Moal aya hiji jalma
leuwih ti anak nu rumasa
anak gudang dosa.

Salapan bulan ngakandung
pinuh rasa jeung rumasa.

Salapan bulan dikandung
pinuh dosa jeung rumasa.

1956

(Dicutat tina kumpulan sajak Di Kebon Binatang, 1990, k. 8).

SAJAK SUNDA & ARTINYA: TANAH SUNDA – AJIP ROSIDI

Tanah Sunda
Karya: Ajip Rosidi

Héjo pagunungan Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring

Masing di mana kuring nangtung
Masing ka mana kuring leumpang
Tanah lémbok matak betah
Angin nyéot nyiuman tarang

Masing di mana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mungpang kuring rék datang
Neueulkeun tarang neueulkeun jantung

TUKEURAN IEU SAJAK – YUS RUSYANA

Tukeurkeun Ieu Sajak
(Yus Rusyana)
Tukeuran ieu sajak
Ku salambar simbut atawa samak saheulay
Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay
Pating golépak dina trotoar
Tukeuran ieu sajak
Ku béas wuluh atawa heucak
Heug sidkahkeun ka nu haropak
Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
Ku sababaraha siki pélor
Heug témbakkeun ka genggerong koruptor manipulator
Sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak
Ku beubeutian tina kolbu anu rido
Keur nyébor anu balangsak
(Mun teu kitu sasaak)
(dicutat tina Saratus Sajak Sunda, 1992)

SAJAK SUNDA & ARTINYA: AJENGAN CIGALUMPIT – APIP MUSTOPA

Ajengan Cigalumpit
(Apip Mustopa)

lengkob mana nu can kasaba
pasir mendi nu can kasungsi
ajengan cigalumpit
lalaki langit

lamun kedal sora tina bahamna
Allahu Akbar!
aleutan walanda bubar
tina leungeun-leungeunna nu baruluan
bedil nu metet ku pélor maruragan

beungeut dayeuh dileyek bari dijebéngan
ngadadak muriang ngagibrig tentara karajaan
ngagorowok ajengan cigalumpit handaruan
kaluar siah kapirin
dikéré ku aing kawas lauk asin

SAJAK SUNDA & ARTINYA: GRAND PRIX – GODI SUWARNA

Grand Prix
(Godi Suwarna)

Nincak gas sataker kebek mobil sport ngagerung mangprung rék ngudag jorélat waktu dan startna kapandeurian. Ah, tangtu kasusud tapakna, cék haté anjeun harita. Jalan lempeng, jalan nanjak, pungkal-péngkol kénca katuhueun jungkrang. Sakiceup demi sakiceup tihang bulan tihang taun diliwatan. Ti saban-saban simpangan mobil deungeun milu nyemprung di sirkuit pada-pada teu hayang kapandeurian. “I can’t get no satisfaction!” sora kasét gumuruh nyasaak langit, ngendag-ngendag dungus mangsa. Gumuruh manglaksa mobil haseup knalpot ngeput jagat. Anjeun kudu nabrak deungeun tinimbang ditabrak batur. Nu nyakakak, nu jumerit, mecut niat hayang gancang nyiap waktu nu can témbong kelemengna. “Boa sapéngkolan deui!” omong anjeun sabot setir guwargiwar. “Boa di itu péngkolan!” cék nu séjén bari hantem silih sénggol. Dina hiji mangsa: anjog anjeun jeung nu séjén méh bareng ka garis fi nish; persis di jero kuburan tuluy nampa piala tetengger batu!

SAJAK SUNDA & ARTINYA: CADAS PANGERAN – YUS RUSYANA

Cadas Pangéran
(Yus Rusyana)

Ginggeung Nusa Jawa ku gidirna Mas Galak
Curukna ngagurat ti Anyer ka Banyuwangi
Saciduh kudu metu ngembat jalan kebat
Ngagurat warna getih ti Anyer ka Banyuwangi

Natrat carita dijungkiringkeun dina cadas
Di dieu aya satria tandang
Di dieu aya lalanang

Papay raratan carita anu dicaritakeun deui
Carita seungit seumatkeuneun dina dada lalaki
Di dieu kajadian aya amarah rongkah nu kapegung
Di dieu melotna linggis kadugalan ku teuasna cadas galih
Tingburinyayna ketit tina pedang kakawasaan budi jeung keris kalemesan budi

Kekerot Daendels nyabak gobang
Ayem Pangeran nyabak landean
Kaula baris nandean

PARAPRASE SAJAK SUNDA

Di Panugaran Batu Curug Sugay
(Agus Suriamihardja)

I. Ki Arsik urang Cicarita
Ngahaja nugar batu Curug Sigay
Teuing nu saha
Teu kungsi dipapay-papay
Datang ka léngkob nyorangan
Bismi hirup
Tuluy ngaheumbat bébéakan
Batu urug
Kitu jeung kitu
Tara nunggu-nunggu
Mun karasa cangkéngna asa semplak
Reureuh heula sakeudeung
Udud molé, ni’mat ngadadak
Minangka sasarap, citiis jeung gula kawung
Basajan pisan
Kahayang karumasaan

II. Datang anémer ti Bandung
Ngagorowok luhureun pasir:
Aki, geus meunang sabaraha kibik
Di léngkob Ki Arsik nangtung
Némbal bari rada gimir:
Karék meunang dua kibik
Tuluy ti léngkob batu dikunjal
Ka sisi jalan gedé jauhna tilu pal
Gawé sabaraha poé
Tukeur béas jeung molé
Bro ka pamajikan
Nohonan kajujuran

SAJAK SUNDA & ARTINYA: SEUNEU BANDUNG – KARNA YUDIBRATA

Seuneu Bandung
(Karna Yudbirata)

Saha nu bisa mareuman seuneu Bandung
Geni sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung
Najan laut kidul
Ngolétrak dipaké nyiram

Seuneu Bandung
Dayang Sumbi gupay pucukna
Tangkubanparahu jadi suluhna;
sut urang sundut
nyeungeut obor kamerdékaan
bray caang lampu neon jutaan watt .

Langit ngempray, langit harepan
Seuneu teuneung geni kawani
Ngaléntab sagara keusik
Ngahuru ngabela-bela
Ngaduruk leuweung-gonggong langit-langgong
Afrika-Asia bébas merdéka!

Seuneu nyebrot di dapur Cikapundung
Geni sakti, cahya Ilahi
Hamo bisa dipareuman
(tina Saratus Sajak Sunda, 1992)

AJEN ESTETIKA SAJAK SUNDA: LEMAH CAI KURING – APIP MUSTOFA

Lemah Cai Kuring
(Apip Mustopa)

Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu kurang

Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu hayang

Lemah kuring
Cai kuring
Geuning loba kahariwang

Lemah kuring
Cai kuring
Kadeudeuh direbut batur

Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus lain nu kuring

(Dicutat tina Srangéngé Jakarta, 2…:…)

SAJAK SUNDA TENTANG ALAM: “PRIANGAN” – RAHMAT M. SAS

Priangan
(Rahmat M. Sas Karana)

Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan

(Dicutat tina Tepung di Bandung,…:…)

error: Content is protected !!