-
MATERI SISINDIRAN BAHASA SUNDA SMP KELAS 8
disebut pantun. Baheula mah aya nu disebut tradisi témpas sindir (berbalas pantun). Upama nilik wangunna, sisindiran téh kauger (dibatasi) ku purwakanti (sasaruaan kecap atawa engang), jumlah engang (suku kata) dina unggal jajar (padalisan), jeung jumlah padalisan dina unggal pada. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana karya sastra wangun ugeran (puisi). Satuluyna, mun ditilik tina wangun jeung eusina, sisindiran téh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan: paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan. Malah aya ogé nu nyebutkeun yén tatarucingan gé kaasup kana sisindiran.
-
MATERI WARTA SUNDA SMP KELAS 8
hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan. Biasana warta téh sok dimuat dina média citak atawa diumumkeun dina radio/TV. Ari jalma nu sok nyieunan warta, sok disebut wartawan atawa jurnalis. Nulis warta mah rada béda jeung nyieun tulisan séjénna. Ku kituna dina warta mah kudu puguh sagala rupana, copélna kudu nyumponan unsur-unsur pangwangunna anu disebut 5W + 1H téa, nyaéta: who (saha), why (naha, ku naon), what (naon), when (iraha), where (di mana), jeung how (kumaha).
-
MATERI RUMPAKA KAWIH BAHASA SUNDA SMP KELAS 8
aya birama (wiletan) jeung ketukan (témpo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu keuger ku wiletan jeung ketukan.
-
MATERI NOVEL BASA SUNDA SMP KELAS 9
atin, novus (anyar), robah jadi kecap novellus, terus robah deui jadi novel. Ari nu disebut novel téh nya éta prosa rékaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompleks). Novel mah biasana tokohna loba, alurna panjang, latarna laluasa, tur eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé. Langka novel nu eusina unsur pamohalan saperti dongéng.
-
MATERI PAKEMAN BASA SUNDA SMP KELAS 9
Pakeman basa téh dina basa Indonésia disebutna ungkapan kata atawa idiom. Kecap "pakeman" (basa Walanda vakum hartina 'matok' atawa 'angger'). Pakeman basa nuduhkeun ungkara basa anu angger atawa geus matok. Ilaharna pakeman basa teh mangrupa kalimah atawa gundukan kecap anu geus dipatok, geus ditaker diwatesanan, teu meunang dirobah, boh dirobah unina atawa éjahanana, boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun.
-
MATERI BAHASAN KAMPUNG ADAT SUNDA SMP KELAS 9
Bahasan téh hiji tulisan nu ngabahas (medar) hiji masalah. Eusina bisa naon waé biasana dumasar kana fakta-fakta boh tina hasil panalungtikan, boh tina pangalaman sorangan. Nu penting mah aya pangaweruh-pangaweruh (kanyaho) anyar anu gedé mangpaatna keur anu maca. Biasana dina bahasan loba pamanggih-pamanggih pribadi tapi dumasar kana pangalaman, boh tina pangalaman pribadi boh tina pangalaman tokoh-tokoh nu geus sohor. Pamanggihna teh teu sagawayah tapi bisa dibuk tikeun bebeneranana. Sabenerna mah bahasan téh rék sarua jeung ésay, boh cara nulisna boh eusina. Ngan dina ésay mah subyektivitasna (pamanggih pangarang) leuwih tandes, leuwih jelas. Masalah naon waé bisa dijieun bahasan, nu penting mah aya pangaweruh pangaweruh (kanyaho) anyar nu gedé mangpaatna keur…
-
MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA SMP KELAS 9
Biantara atawa pidato téh nyarita di hareupeun balaréa dina raraga nepikeun inpormasi atawa hal-hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur. Jalma anu ahli biantara disebutna orator. Upamana waé, Ir. Sukarno jeung Oto Iskandar Di Nata, duanana ogé kaasup orator nu kakoncara. Aya sawatara téhnik dina nepikeun biantara. Kahiji, biantara téh ditalar (ditambul), tapi nyieun naskah heula, tuluy diapalkeun, disebutna téhnik ngapalkeun. Bisa waé naskahna mah nyieun, tapi diapalkeun ti saméméhna. Cara nu sok dipilampah ku barudak sakola dina waktu miluan pasanggiri biantara. Kadua, biantara téh ukur nyiapkeun naskah gurat badagna wungkul, lantaran dadakan dititah biantara, disebutna téhnik impromtu. Katilu, biantara nu naskahna ditataharkeun tur dibaca, ilaharna biantara resmi, disebutna téhnik…
-
CONTOH TEKS PIDATO PERPISAHAN BAHASA SUNDA
Hadirin hormateun simkuring, danget ieu téh wuwuh kebek ku ka bingah sareng kabagjaan. Rehing siswa-siswi kelas XII parantos tamat di ajar, nyukcruk élmu di ieu sakola. Enggoning diajar ngulik pangarti nyiar pangabisa di ieu sakola. Kantenan ieu téh hiji kareueus kanggo urang nu janten sepuhna.
-
CONTOH TEKS PIDATO (BIANTARA) BAHASA SUNDA
Hadirin anu ku sim kuring dipikahormat, Dina danget ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara ngeunaan Jabar Masagi. Naon ari nu dimaksud Jabar Masagi teh? Jabar Masagi teh nyaeta salah sahiji program pendidikan karakter anu diciptakeun ku Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil. Kecap “masagi” ngandung filosofi anu jero pisan, nyaeta kumaha jelema ngubah diri janten kuat, ajeg, jeung sarempag tina pikiran, parasaan, jeung paripolah. Ku ayana program Jabar Masagi, Ridwan Kamil miboga harepan nyieun program ieu tiasa ngabekelan ajen inajen pikeun peserta didik di Jawa Barat. Jadi, aranjeunna teh lain saukur pinter dina elmu akademik hungkul, tapi oge miboga paripolah anu hade janten generasi emas anu tangguh, cerdas, jeung miboga karakter.
-
CONTO TEKS BIANTARA BASA SUNDA
Girang pangajén pasanggiri biantara anu ku simkuring dipikahormat Ibu, Bapa, Sadérék sadayana, ogé réréncangan rumaja anu ku simkuring dipikahormat.Ngadegna simkuring dina danget ieu, payuneun para sepuh miwah para tamu anu sami rauh, taya sanés seja ngring jabung tumalapung sabda kumapalang. Simkuring didieu sanés badé mapatahan ngojai ka meri sabab sikuring rumasa taya kabisa. Sanggem paripaos na mah étang-étang lauk buruk milu mijah. Nanging sok sanaos simkuring suwung ku pangaweruh, subda ku pangabisa simkuring baris nyobi ngaguar ieu téma biantara anu unina ngawewegan karakter nonoman Sunda.
-
CONTOH TEKS BIANTARA CORONA VIRUS BAHASA SUNDA
Tos sataun langkung wabah corona atawa covid-19 aya di dunya ieu. Ampir sakabéh nagara katarajang ku ieu wabah téh. Salah sahiji akibat tina ayana ieu wabah atawa pandemi téh nyaéta kana kagiatan diajar urang.
-
50+ SOAL & JAWABAN BIANTARA BAHASA SUNDA SMA KELAS 11
Naon nu dimaksud biantara? Jéntrékeun, kumaha larapna basa hormat jeung loma dina biantara? 3. Sebutkeun nu kaasup biantara resmi jeung teu resmi? Jéntrékeun, métode naon baé nu digunakeun dina biantara? Sebutkeun struktur biantara?
-
50+ SOAL & JAWABAN PEDARAN TRADISI SUNDA SMA KELAS 12
1. Tulisan anu medar hiji pasualan dumasar kana fakta-fakta anu kapanggih. Boh tina hasil panalungtikan, boh tina pangalaman sorangan disebut... a. Carita pondok b. Novél c. Tradisi sunda d. Résénsi e. Pedaran 2. Wacana anau eusina ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji pasualan dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya, jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan disebut... a. Narasi b. Éksposisi c. Déskripsi d. Arguméntasi e. Pedaran 3. Tulisan anu ngagambarkeun objék, tempat, atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca siga nu ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarkeun dinawacana sok disebut... a. Arguméntasi b. Narasi c. Éksposisi d. Pedaran e. Déskripsi
-
TIORI KAPARIGELAN MACA BASA SUNDA
1) Hakékat Maca Maca téh prosés komunikasi antara nu maca jeung nu nulis. Éta prosés téh lumangsung sacara langsung jeung sifatna reseptif. Ayeuna dijéntrékeun rupa rupa wangenan maca numutkeun para ahli. Robert Lado (dina Rusyana, 1984: 190) nétélakeun yén maca téh mangrupa kagiatan pikeun mikanyaho pola-pola basa nu diébréhkeun sacara tinulis pikeun mikanyaho maksudna, sedengkeun H.G. Tarigan (1987) nyebutkeun yén maca téh prosés pikeun meunangkeun pesen atawa informasi nu ditepikeun ku nunulis ngaliwatan medium kekecapan atawa basa tinulis. Dumasar kana éta pedaran bisa dicindekkeun yén maca téh kagiatan aktif lain kagiatan pasif wungkul. Upama dicindekeun mah maca téh lain ngan ukur narima informasi, fakta, atawa opini, tapi maca ogé mangrupa…
-
CONTOH LAPORAN LALAMPAHAN PENDEK BAHASA SUNDA
Di Jawa Barat teu aya patilasan karaton, pangpangna Pajajaran. Kitu ceuk nu méré pangajén pangpangna ti jalma-jalma anu teu wanoheun kana kabeungharan sajarah. Padahal Jawa Barat boga Karaton Kasepuhan jeung Kanoman di Cirebon. Di Banten patilasan-patilasan sajarah araya kénéh, beuki dieu beuki écés di Banten baheula aya karajaan gedé tur ma'mur Kajeun teuing ayeuna Banten misahkeun diri ti Provinsi Jawa Barat, tapi sajarahna teu bisa dipisahkeun ti Tatar Sunda atawa Jawa Barat. Perenahna Situs Karaton Banten Lama atawa Banten heubeul téh 10 km ti jalan raya ka Kota Sérang, legana kurang leuwih 4 km pasagi, diwangun ku opat unit. Ieu wewengkon kaeréh ka Kabupatén Sérang anu ayeuna jadi puseur dayeuh…