• CONTOH LAPORAN KAJADIAN SUNDA
    LAPORAN PERISTIWA SUNDA

    CONTOH LAPORAN LALAMPAHAN BAHASA SUNDA

    Diajar téh teu salawasna di jero kelas. Diajar ogé bisa dilaksanakeun di luar kelas. leu hal saluyu jeung konsep yén alam sabudeureun urang bisa djadikeun sumber jeung média diajar, sakumaha anu kaunggel dina Peraturan Menteri Pendidikan ngeunaan Standar Proses Pembelajaran. Diajar di luar kelas téh réa cara jeung wangunna. Salasahijina nyaéta ku cara niténan rupa-rupa informasi anu nyampak di musieum. Di Kota Bandung euyeub pisan musieum anu bisa dijadi keun sumber diajar. Salasahijina nyaéta Musieum Konférénsi Asia Afrika (Musieum KAA). Musieum KAA perenahna di Jl. Asia Afrika No. 65, Kota Bandung. Ieu musieum mangrupa mémorabilia Konferensi Asia Afrika nu dilaksanakeun taun 1955.

  • CONTOH LAPORAN KAJADIAN SUNDA
    LAPORAN PERISTIWA SUNDA

    CONTOH LAPORAN PERISTIWA PENDEK BAHASA SUNDA

    TAUN 1990, aya sawatara kajadian penting nu aweuhanana nepi ka sakuliah dunya. Tanggal 11 Februari, Nelson Mandela, nu kungsi jadi persiden Afrika Kidul, bebas tina panjara sabada dibui 27 taun lilana Bulan April, teleskop Hubble miang ka langit, dipaké motrétan kaayaan marcapada, hasilna guna pisan pikeun kabeungharan astronomi tur diparaké ku para ahli. Bulan Oktober, Jerman ngahiji. Atuh dina tungtung taun 1990-nu baris diguar dina ieu tulisan-jadi pamiangan medalna teknologi nu bisa ngarobah cara hirup manusa nepi ka kiwari Nu sok aranteng muka Facebook gé, tur unggal usik nyieun status, boa teu terangeun ka nu ngalalanyah dunya maya. Tim Berners-Lee, jalma basajan ti dayeuh London, kawasna teu hayangeun sohor deuih.…

  • CONTOH LAPORAN KAJADIAN SUNDA
    LAPORAN PERISTIWA SUNDA

    LAPORAN PERISTIWA TENTANG SEKOLAH BAHASA SUNDA

    Puguh gé kapaksa. Puluhan murid Madrasah Tsanawiyah (MTS) Al-Mannar kudu milu ujian nasional (UN) bari pakéan jalibreg. Eta sakola téh perenahna di Désa Mekarwangi, Kacamatan Cibalong, Kabupaten Garut. Ana nepi ka jalibreg, lantaran sangkan bisa tepi ka sakola téh kudu turun meuntasan Walungan Cibaluk heula. Kawantu taya pisan cukang, jeung cai walungan keur meneran léb-léban. Ti jam 06.30 mula, barudak téh geus kumpul di Kampung Sakambangan, Désa Mekarwangi Sanggeus taya nu tingaleun, bring waéh mapay galengan jeung gawir, muru ka sisi Walungan Cibaluk. Méméh meuntas téh maruka heula sapatu jeung calana. Atuh salila di walungan, leumpangna arati-ati pisan. Ngahaja meuntas kalayan babarengan téh, malar salamet sararéa. Mun téa mah salah…

  • CONTOH CARPON SUNDA
    CARITA PONDOK

    UNSUR INTRINSIK CARPON BASA SUNDA

    Geus saminggu dipaparin pancén ku Ibu Guru di sakola. Nepi ka ayeuna can sakotrét-kotrét acan. Mangkaning kudu dibawa poé isuk, bari kudu dibaca di hareup saurang-saurang. Basa keur kelas hiji kénéh mah asa teu beurat-beurat teuing pancén ngarang téh. Paling dititah nyaritakeun pangalaman poé pakanci. Gampang nu kitu mah. “Barudak, dina raraga miéling dibabarkeunna pahlawan wanoja Rd. Déwi Sartika, ogé dina raraga miéling Hari Ibu, hidep kudu nyieun karangan nu patali jeung kaum wanoja!” saur Bu Guru.

  • SAJAK SUNDA

    SAJAK SUNDA & ARTINYA: “SAREBU BULAN” – YUS RUSYANA

    Sarébu Bulan (Yus Rusyana) Dina hiji peuting urang jalan-jalan duaan Katilu bulan Dina hiji peuting urang jalan-jalan duaan Sarébu bulan Dina hiji peuting urang jalan-jalan nyorangan Kadua bulan Dina hiji peuting taya saurang nu jalan-jalan Ngan kari bulan Bandung, 6 Januari 1963 (Dicutat tina buku kumpulan sajak Nu Mahal ti Batan Inten, 1985, k. 29).

  • SAJAK SUNDA

    SAJAK SUNDA TENTANG IBU: “PAMANGGIH” – AYATROHAEDI

    Pamanggih (Ayatrohaédi) Salapan bulan ngakandung Moal aya hiji jalma leuwih ti indung micinta indung gudang hampura. Salapan bulan dikandung Moal aya hiji jalma leuwih ti anak nu rumasa anak gudang dosa. Salapan bulan ngakandung pinuh rasa jeung rumasa. Salapan bulan dikandung pinuh dosa jeung rumasa. 1956 (Dicutat tina kumpulan sajak Di Kebon Binatang, 1990, k. 8).

  • SAJAK SUNDA

    SAJAK SUNDA & ARTINYA: TANAH SUNDA – AJIP ROSIDI

    Tanah Sunda Karya: Ajip Rosidi Héjo pagunungan Paul lautan Héjo Paul Langit na haté kuring Masing di mana kuring nangtung Masing ka mana kuring leumpang Tanah lémbok matak betah Angin nyéot nyiuman tarang Masing di mana anjeun nunjuk Masing iraha anjeun cumeluk Kuring mo mungpang kuring rék datang Neueulkeun tarang neueulkeun jantung

  • SAJAK SUNDA

    TUKEURAN IEU SAJAK – YUS RUSYANA

    Tukeurkeun Ieu Sajak (Yus Rusyana) Tukeuran ieu sajak Ku salambar simbut atawa samak saheulay Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay Pating golépak dina trotoar Tukeuran ieu sajak Ku béas wuluh atawa heucak Heug sidkahkeun ka nu haropak Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak Tukeuran ieu sajak Ku sababaraha siki pélor Heug témbakkeun ka genggerong koruptor manipulator Sina enya kalojor Tukeuran ieu sajak Ku beubeutian tina kolbu anu rido Keur nyébor anu balangsak (Mun teu kitu sasaak) (dicutat tina Saratus Sajak Sunda, 1992)

  • SAJAK SUNDA

    SAJAK SUNDA & ARTINYA: AJENGAN CIGALUMPIT – APIP MUSTOPA

    Ajengan Cigalumpit (Apip Mustopa) lengkob mana nu can kasaba pasir mendi nu can kasungsi ajengan cigalumpit lalaki langit lamun kedal sora tina bahamna Allahu Akbar! aleutan walanda bubar tina leungeun-leungeunna nu baruluan bedil nu metet ku pélor maruragan beungeut dayeuh dileyek bari dijebéngan ngadadak muriang ngagibrig tentara karajaan ngagorowok ajengan cigalumpit handaruan kaluar siah kapirin dikéré ku aing kawas lauk asin

  • SAJAK SUNDA

    SAJAK SUNDA & ARTINYA: GRAND PRIX – GODI SUWARNA

    Grand Prix (Godi Suwarna) Nincak gas sataker kebek mobil sport ngagerung mangprung rék ngudag jorélat waktu dan startna kapandeurian. Ah, tangtu kasusud tapakna, cék haté anjeun harita. Jalan lempeng, jalan nanjak, pungkal-péngkol kénca katuhueun jungkrang. Sakiceup demi sakiceup tihang bulan tihang taun diliwatan. Ti saban-saban simpangan mobil deungeun milu nyemprung di sirkuit pada-pada teu hayang kapandeurian. “I can’t get no satisfaction!” sora kasét gumuruh nyasaak langit, ngendag-ngendag dungus mangsa. Gumuruh manglaksa mobil haseup knalpot ngeput jagat. Anjeun kudu nabrak deungeun tinimbang ditabrak batur. Nu nyakakak, nu jumerit, mecut niat hayang gancang nyiap waktu nu can témbong kelemengna. “Boa sapéngkolan deui!” omong anjeun sabot setir guwargiwar. “Boa di itu péngkolan!” cék…

  • SAJAK SUNDA

    SAJAK SUNDA & ARTINYA: CADAS PANGERAN – YUS RUSYANA

    Cadas Pangéran (Yus Rusyana) Ginggeung Nusa Jawa ku gidirna Mas Galak Curukna ngagurat ti Anyer ka Banyuwangi Saciduh kudu metu ngembat jalan kebat Ngagurat warna getih ti Anyer ka Banyuwangi Natrat carita dijungkiringkeun dina cadas Di dieu aya satria tandang Di dieu aya lalanang Papay raratan carita anu dicaritakeun deui Carita seungit seumatkeuneun dina dada lalaki Di dieu kajadian aya amarah rongkah nu kapegung Di dieu melotna linggis kadugalan ku teuasna cadas galih Tingburinyayna ketit tina pedang kakawasaan budi jeung keris kalemesan budi Kekerot Daendels nyabak gobang Ayem Pangeran nyabak landean Kaula baris nandean

  • SAJAK SUNDA

    PARAPRASE SAJAK SUNDA

    Di Panugaran Batu Curug Sugay (Agus Suriamihardja) I. Ki Arsik urang Cicarita Ngahaja nugar batu Curug Sigay Teuing nu saha Teu kungsi dipapay-papay Datang ka léngkob nyorangan Bismi hirup Tuluy ngaheumbat bébéakan Batu urug Kitu jeung kitu Tara nunggu-nunggu Mun karasa cangkéngna asa semplak Reureuh heula sakeudeung Udud molé, ni’mat ngadadak Minangka sasarap, citiis jeung gula kawung Basajan pisan Kahayang karumasaan II. Datang anémer ti Bandung Ngagorowok luhureun pasir: Aki, geus meunang sabaraha kibik Di léngkob Ki Arsik nangtung Némbal bari rada gimir: Karék meunang dua kibik Tuluy ti léngkob batu dikunjal Ka sisi jalan gedé jauhna tilu pal Gawé sabaraha poé Tukeur béas jeung molé Bro ka pamajikan Nohonan…

  • SAJAK SUNDA

    SAJAK SUNDA & ARTINYA: SEUNEU BANDUNG – KARNA YUDIBRATA

    Seuneu Bandung (Karna Yudbirata) Saha nu bisa mareuman seuneu Bandung Geni sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung Najan laut kidul Ngolétrak dipaké nyiram Seuneu Bandung Dayang Sumbi gupay pucukna Tangkubanparahu jadi suluhna; sut urang sundut nyeungeut obor kamerdékaan bray caang lampu neon jutaan watt . Langit ngempray, langit harepan Seuneu teuneung geni kawani Ngaléntab sagara keusik Ngahuru ngabela-bela Ngaduruk leuweung-gonggong langit-langgong Afrika-Asia bébas merdéka! Seuneu nyebrot di dapur Cikapundung Geni sakti, cahya Ilahi Hamo bisa dipareuman (tina Saratus Sajak Sunda, 1992)

error: Content is protected !!