-
WAWACAN BABAD GALUH BASA SUNDA
Nyai Ujung Sekarjingga, didangdanan beuteungna maké kawali, jiga nu reuneuh nyemplu, dicandak ka payunan, disandingkeun calikna deukeut ka ratu, kocap Ajar Patih datang, geus aya payuneun gusti. Lajéng Ajar téh haturan, jisim abdi ngahaturkeun pangabakti, éta rupina sakitu, lajéng Ratu mariksa, éta naon geuning kawas rupa daun, pék Ki Ajar téh haturan, reundeu asal ti nu ngirim. Lamun kitu mah petana, manéh Ajar méré seredan ka aing, Ratu beuki tambah bendu, manéh Ajar kawasa, cing seug taksir mangkéna ngajuru, ieu pamajikan urang, medal pameget ta istri. Ratu ngandika ka Ajar, ieu kasakit ku manéh kudu leungit, manéh anu nyieun kitu, Ajar henteu tarima, teu mupakat pada jalma nyieun kitu, wondéning…
-
CONTOH WAWACAN PENDEK BAHASA SUNDA
Asmarandana Meureun hidep gé geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongéng anu ramé, carita pantun asalna, asli dongéng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna. Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di kahiangan, bujangga karempel kabéh, para pohaci harémpak, sareng hiji satria, kasép putra Sunan Ambu, anu jenengan Guru Minda. Guru Minda hiji wengi, ngimpén tepang sareng mojang, geulis teu aya nu néndéng, ayana di alam dunya, nagara Pasir Batang, anjeunna keukeuh rék lungsur, milari ka Pasir Batang. Ibuna maparin widi, nanging kedah salin rupa, Guru Minda anu kasép, gentos rupa jadi héwan, hideung lestreng buntutan, disebat Lutung Kasarung, nembé lungsur ka dunya.
-
WAWACAN PANJI WULUNG
Kacaturkeun nagara Sokadana, anu kaceluk réa ketan réa keton, sugih dunya taya kakurang, sarta rajana sabar adil palamarta. Ngaran rajana Déwakéswari. Anjeunna kacida miasihna ka Tunjungsari nu keur kakandungan, selir nu asalna ti Balangbangan. Ku hal éta, praméswari langkung-langkung ijidna ka éta selir, sarta sakongkol jeung Ajar Guna Wisésa pikeun ngusir Tunjungsari ti karaton. Ajar nyaurkeun ka Raja yén selir téh geus ngalampahkeun jinah jeung salah saurang pangiringna nu ngaranna Panolih. Puguh baé Raja téh bendu sarta maréntahkeun sangkan Tunjungsari katut Panolih dihukum pati. Anjeunna miwarang Patih Lembu Jayéng Pati pikeun nelasan Tunjungsari. Tapi patih teu tégaeun pikeun nelasan Tunjungsari. Batan dipaéhan mah, Tunjungsari téh kalah tuluy disingkurkeun ka hiji…
-
BIOGRAFI SINGKAT BAHASA SUNDA
Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar. Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh masih sakola di SMA. Kungsi digawé di perkebunan téh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda.
-
OTOBIOGRAFI SINGKAT BAHASA SUNDA
Pangeusi Kota Bandung geus réa nu ngungsi. Tapi henteu meruhkeun sumanget gawé, angger baé ari pancén mah dilaksanakeun sakumaha mistina. Ari paripolah NICA, éstuning beuki samemena baé. Rahayat kota nu beuki saeutik téh, hantem-hanteman disingsieunan, diprovokasi, diganggu ku rupa-rupa cara. Pasukan Gurka beuki remen patroli ka wewengkon Républik. Alesanana teu béda jeung nu enggeus-enggeus, nyaéta pikeun ngabuburak pasukan Républik anu remen ngagerilya ka wewengkon Bandung Kalér. Enya anu diudagna mah pasukan Républik, tapi nyatana mah rahayat-rahayat kénéh anu jadi korban téh. Sabudeureun kota asa beuki harénghéng, saréréa pada-pada dikukuntit ku kakeueung. Katurug-katutuhna téh, rahayat beuki riweuhna basa datang bancang pakéwuh alatan musibah alam: walungan Cikapundung nu limpas, imah di sapanjang…
-
BIOGRAFI TOKOH SUNDA
Cing aya di antara hidep anu kungsi apal ka Ir R. H. Ukar Bratakusuma? Kawasna keur nu icikibung dina widang pertambangan hususna, masarakat Jawa Barat umumna, moal bireuk deui kana jenengan Ukar Bratakusumah téh. Anjeuna salasaurang inohong Sunda anu gede jasana ka nagara. Ti mimiti jaman penjajahan nepi ka jaman pangwangunan, anjeuna teu weléh icikibung milu ngurus lemah cai Pangpangna mah dina widang atikan jeung pertambangan. Matak pantes mun Ir. R. H. Ukar Bratakusumah disebut Pajoang jeung Panaratas Widang Pertambangan. Ir. R. H. Ukar Bratakusumah teh lahirna di Ciamis, persisna di Kampung Ciwahangan, Desa Barégbég, tanggal 16 Oktober 1911. Pupusna di Jakarta 12 Maret 2003. Mangsa bure di lemburna, Ukar…
-
BIOGRAFI RADEN DEWI SARTIKA BAHASA SUNDA
Raden Déwi Sartika. Nelahna Ibu Dewi. Gede pisan jasana enggoning ngaronjatkeun darajat kaom wanoja, pangpangna wanoja Sunda Tarékahna ngadegkeun Sakola Istri. jadi pamiangan pikeun ngawangun wanoja nu wedel tur pinter. Hiji mangsa, réréncangan Raden Déwi Sartika nampi serat. Kumargi teu tiasa maca, nya nyuhunkeun dipangmaoskeun ka Raden Déwi Sartika. Anjeunna sedih ningali nasib kaomna siga kitu téh. Kumaha lamun eusi surat téh bakal nyilakakeun dirina? Eta nu jadi salasahiji pangjurung ka Raden Déwi Sartika pikeun ngamajukeun kaom wanoja
-
CONTOH OTOBIOGRAFI BAHASA SUNDA
Dina ijasah-ijasah tanda tamat sakola, dina bisluil-bisluit kadinesan, fitimangsa dilahirkeun téh ditulis 2 Oktober 1928. Tapi sakapeung, dina Kar tu Tanda Penduduk (KTP), dicatet 2 Oktober 1929 Sarua ari tempatna mah di Desa Banjarsari, puseur kota kacamata. Persisna mah di di Kampung Ci- badak. Ari Banjarsari kabawa ka Kabupaten Ciamis Perenahna di jajalaneun antara Banjar-Pangandaran. Teu aya "akta kalahiran" anu bisa dijadikeun cecekelan nu pasti dina titimangsa kalahiran. Sa bab harita mah, ngan urang kota, anu lumrah nyarieun akta lahir téh. Kitu gé urang kota nu kaasup "priyayi" (pagawé nagri). Di kampung mah sgala rupa kajadian téh cukup ku dirangkepkeun jeung kajadian penting, saperti mimiti aya karéta api anu tembus…
-
BIOGRAFI TOKOH SENIMAN SUNDA
Raden Machjar Angga Koesoemadinata (dibaca Raden Mahyar Angga Kusumadinata) dibabarkeun di Sumedang, 7 Désémber 1902, pupus di Bandung, 9 April 1979. Anjeunna téh seniman tur étnomusikolog Sunda Kawentar minangka pangatik nu husus ngamajukeun seni sora, panalungtik karawitan tur ahli téori musik Sunda. Anjeunna nu nyiptakeun "serat kanayagan" (sistim no tasi nada) da-mi-na-ti-la, katut nyipta sistim 17 titilaras Sunda Raden Machjar Angga Kusumadinata kalawan nénéhna Pa Machjar, kawentar ogé minangka seniman nu nyiptake- un lalaguan Sunda. Anjeunna gemet niténan laras pélog jeung saléndro ti keur budak kénéh. Guguru ka sabaraha urang juru tembang, kawih, jeung nayaga. Seniman nu kungsi dipiguru ku anjeunna téh di antarana diajar rebab ka Pa Étjén Basara,…
-
BIOGRAFI ALI SADIKI BAHASA SUNDA
Buntut kajadian Gerakan 30 September PKI, kaayaan di puseur nagara Jakarta harénghéng. Nyawa manusa ampir teu aya hargana. Rayat balangsak, barang-barang kaperluan lus-les teuing ka mana. Unggal poé kudu baé manggihan mayit, ngambang dina walungan. Ku sabab euweuh duit, pangwangunan macét. Jalan-jalan rarenjul, sakola barutut, sajaba ti kurang téh. Nyaksian kaayaan kitu, Presiden Seokarno ngangkir Letkol Marinir Ali Sadikin ka Istana Merdéka. Diangkir ka istana ku Presiden, Ali Sadikin reuwas. Aya naon? Boa-boa aing rék dihukum, cenah. Da apan harita téh loba jelema ditéwakan. “Ali, nyaho naon sababna anjeun dipanggil?” cenah, saur Bung Karno, barang Ali Sadikin sumping ka Istana Merdéka.
-
SEMPALAN CARITA PANTUN DEWI SRI MULIH KA JATI
Kacarita Déwi Sri, beuki lila beuki gedé. Beuki gedé beuki geulsi. Geulisna kawanti wanti, éndahna kabina-bina. Rambutna ombak banyuan, galing muntang dina tarang, nya tarang téja mentrangan. Damis lir kadu sapasi, pangambung kuwung-kuwungan, lambey beureum bawna ngajadi, soro soca béntang timur sakembaran. Raray lir bulan purnama, keusik bentik cadas hérang, kahibaran ku Déwi Sri. Kocap Sang Hiang Déwa wenang anu gagah sarta sakti, ningali kageulisan Nyi Pohaci kitu téh, manahna ngaraos paur. Paur alahmanan maut hinis, sabab émutanana tangtu Yang Pramésti baris kabéngbat manahna, palay migarwa Lamun kajadian kitu. pisakumahaeun teuing pinyerieunana haté Déwi Uma. Ti leuleutik dirorok disusuan ari geus gedé dipigarwa ku carogé. Emh, deudeuh.
-
SEMPALAN CARITA PANTUN NYI POHACI LAHIR
Dewa Anta kebat lumpatna, rek ngadeuheus ka Batara Guru. Barang sog ka payunounana terus dipariksa, "He Anta, ku naon manch bangun anu rusuh pisan? Jeung ku naon bet lengoh mana batu keur tatapakan téh? Naha Kakang Narada tacan maréntahkeun?" Sanggeus ngaluarkeun endog tina sungutna, Déwa Anta pok unjukan, "Nun Gusti, Raka Gusti kantenan parantos miwarang. Atuh para Déwa sadayana parantos nyaranggeman Saur Raka Gusti, sing saha anu teu tiasa nyumponan eta pamundut Gusti, baris diteukteuk beuheung. Nguping kasauran kitu, abdi Gusti teu kinten sedihna. Abdi Gusti ngaraos moal tiasa nyumponan éta pamundut, rumaos teu gaduh suku teu gaduh leungeun. Ngémutkeun kana nasib abdi nu baris tumiba kana diri, harita teh…
-
CARITA PANTUN GANTANGAN WANGI BASA SUNDA
Kacaturkeun Raden Gantangan Wangi Mangkurat Mangkunagara, pu tra ti Kangjeng Prabu Siliwangi, raja Pakuan Pajajaran. Anjeunna téh putra mahkota Raden Gantangan Wangi gaduh maksad ngalamar Endén Cinta wati, rayi ti Raden Patih Jayanagara Waktu éta pamaksudanana ditepikeun ka ramana, atuh nya diéstokeun pisan ku Prabu Siliwangi. Teu kungsi lila Gantangan Wangi tuluy miang ka nagara Tilu Kuta Emas pikeun nyumponan pamaksudanana. Panglamar Gantangan Wangi gasik ditampa, nya tuluy didahupkeun ka Endén Cinta wati.
-
CARITA PANTUN RADEN MUNDINGLAYA DI KUSUMAH
Kacaritakeun Prabu Siliwangi, Ratu Pajajaran kagungan praméswari dua, nyaéta Padmawati jeung Mantri Manik Mayang Sunda. Ti prameswari nu kadua anjeunna kagungan putra pameget jenenganana Jaka Mangunlaya. Ku sabab Prabu Siliwangi hoyong nyirnakeun galih, tuluy sumérén karajan ka putra sarta dijenenganana Prabu Guru Gantangan. Lila-lila ti Padmawati ogé Prabu Siliwangi kagungan putra pameget, kakasihna Mundinglaya di Kusumah. Barang Mundinglaya yuswana nincak ka tujuh poé, ku ramana dipiwarang ditelasan. Ari nu kudu nelasanana Padmawati. Sanajan Padmawati kacida nyaahna ka putra, manehna teu majar kumaha da saur ratu kudu digugu sabda raja kudu disangga. Tuluy putrana dicandak rék ditelasan. Katingali ku sadérékna, nyaéta Kidang Pananjung jeung Gelap Nyawang, tuluy murangkalih dipasrahkeun ka uana,…
-
TEKS DRAMA BAHASA SUNDA
(Buruan Kantor Kacamatan Jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu tingkulunu, urang lembur, bari tingkecewis. Papakéanana teu maratut (sangeunahna). Aya nu ukur maké kaos oblong, pakéan ka sawah, aya ogé nu ngan dicalana sontog bari nyoréndang sarung. Kawas nu teu kaburu disaralin heula.) Ato : (Ngaharéwos) Anén, komandoan! Anén : (Luak-Lieuk, ngaharewos) Ngomandoan naon? Ato : Na aya ku bodo ari amnéh! Ngomandoan ngagoro-wok! Pokona sagala anu kudu dikomandoan, komandoan ku manéh!