MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

  • NOVEL SUNDA: WANGENAN UNSUR PAPASINGAN & TINGKESAN
    MATERI NOVEL SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    NOVEL SUNDA: WANGENAN UNSUR PAPASINGAN & TINGKESAN

    Novel téh nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Malah aya sababaraha kajadian anu sambung sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novel mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna téh. Upama hidep maca novel bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsik nu aya novel. Téma nyaéta nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji carita. Téma…

  • MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI WARTA SUNDA

    MATERI WARTA BAHASA SUNDA SMA KELAS 11

    Kecap warta atawa berita asalna tina basa Sansekerta viritta nu hartina béja ngeunaan hiji kajadian atawa hal nu keur kajadian. Istilah warta dina jurnalistik dipaké pikeun ngalaporkeun kajadian nu eukeur atawa anu enggeus lumangsung. Warta téh bisa dibédakeun jadi sababaraha katagori, dumasar bobot eusina, lokasi peristiwana, sipatna, jeung topikna. Warta teu ukur nepikeun béja ngeunaan peristiwa kiwari jeung nu kamari, tapi deuih sakapeung mah sok mangaruhan ka nu narimana, boh nu maca boh nu ngaregepkeun. Umumna warta diwawarkeun dina media massa, kayaning surat kabar, majalah, radio, jeung televise. Malahan mah di jaman kiwari geus bisa dipaluruh dina internet.

  • MATERI CARITA PANTUN,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    CARITA PANTUN: EUSI GALUR WANGUN RAJAH DIALOG & MONOLOG

    Carita pantun atawa lalakon pantun nyaéta carita rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasana dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug téh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Malah aya lalakon nu kakara tamat ku tilu peuting, saperti lalakon Badak Pamalang. Dumasar kana médiana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan. Carita pantun téh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna tatalépa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun Baduy.

  • MATERI ARTIKEL SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    ARTIKEL SUNDA: PERKARA CIRI PAPASINGAN & CONTO

    Artikel téh ngabogaan harti salaku hiji karangan faktual (nonfi ksi) ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna teu tangtu, pikeun dimuat di media massa. Artikel kaasup kategori tulisan views (sawangan, nyaéta tulisan anu eusina sawangan, ideu, opini, kumaha nu nulis ngajén kana hiji masalah atawa kajadian. Artikel téh hartina karya tulis lengkep dina média massa saperti surat kabar, majalah, tabloid, jeung sajabana. Aya ogé nu nyebutkeun, artikel nyaéta tulisan lepas nu eusina mangrupa opini hiji jalma anu ngajujut hiji masalah nu tangtu, sipatna aktual atawa kontrovérsial kalawan udagan pikeun méré nyaho (informatif) jeung ngayakinkeun (pérsuasif arguméntatif), atawa ngahibur halayak nu maca (rékréatif). Nu dimaksud lepas téh sabab saha waé bisa…

  • MATERI NOVEL SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI NOVEL BAHASA SUNDA SMA KELAS 11

    Istilah novel asalna tina basa Laten, nyaéta novellus, tina kecap novus nu hartina "anyar". Disebut anyar téh pédah novel gelarna anyar di dunya sastra umumna, upama dibandingkeun jeung wangun sastra lianna, saperti puisi jeung carpon. Tapi, dina sastra Sunda mah sabalikna, novél téh leuwih ti heula me dal jadi buku batan carpon. Novél téh carita rékaan (fiksi) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeuran, umumna panjang sarta galur carita atawa plotna ngarancabang (loba tur kompléks). Ku kituna, novél mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku (tokoh), kajadian, jeung laluasa ngahirupkeun karakter masing-masing palaku.

  • MATERI ARTIKEL SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI ARTIKEL BASA SUNDA SMA KELAS 12

    Artikel téh salah sahiji wangun tulisan nonfiksi (dumasar data jeung fakta) kalawan diwuwuhan ku analisis jeung pama degan ti nu nulisna. Biasana, artikel nganngabahas hiji poko masalah, dumasar kana salah hiji disiplin élmu. Ari téhnik nu dipaké dina artikel téh umumna déduktif-induktif atawa saba likna. Artikel biasana dimuat dina média citak saperti surat ka bar, majalah atawa bulétin. Eusina mundel, jéntré jeung réngsé kalawan maké basa nu baku. Artikel henteu ngasupkeun matéri nu can kungsi dipublikasikeun ku sumber nu bisa dipercaya. Pamanggih sorangan nu teu dumasar kana panalungtikan mah teu meunang diasupkeun kana artikel. Tapi meunang nyutat tina sumber nu bisa dipercaya, asal luyu jeung topikna.

  • MATERI MC SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GIRANG ACARA BASA SUNDA

    Dina hiji acara, urang sok ningal aya jalma anu kapapancénan ngatur acara, anu ilahar sok disebut panata acara atawa MC (Master of Ceremony). Pancénna purah nyusun runtuyan acara, nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana anu midang atawa cacarita dina éta acara. Sagédéngeun panata acara, aya deui anu disebut panumbu catur atawa sok katelah modérator. Ieu ogé pancénna méh sarua, purah ngatur lumangsungna hiji acara. Bédana, panumbu catur mah ilaharna sok dipaké dina acara sawala atawa diskusi. Éta anu dua téh urang sebut baé girang acara, nyaéta jalma anu miboga pancén ngatur lumangsungna hiji acara. Boh panata acara boh panumbu catur, diperedih kudu bisa nyarita kalawan lancar, sora anu ngoncrang ngarah jéntré kadengéna,…

  • MANDU ACARA PANATA ACARA MC SUNDA
    MATERI MC SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    PANATA ACARA BASA SUNDA

    Dina acara resmi, biasana mah sok dijejeran ku panata acara. Panata acara disebut ogé protokol atawa MC (master of ceremony), dina basa Indonésia disebut pembawa acara. Pancén panata acara téh nyaéta ngatur acara-acara resmi, sangkan acara lumangsung luyu jeung jadwal anu geus ditangtukeun. Saupama digurat-badagkeun, pancén panata acara téh ngawengku opat hal: (1) muka acara; (2) ngajelaskeun runtuyan acara; (3) nyambungkeun acara, jeung; (4) nutup acara.

  • MATERI MC SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MC SUNDA

    MATERI PANGJEJER ACARA BASA SUNDA SMP KELAS 8

    Ngajénan acara téh bisa dihartikeun ngatur acara. Ari jalma anu ngajejeran acara téh disebutna pangjejer. Ari jalma nu ngajejeran acara téh disebutna pangjejer acara atawa panata acara. Tapi istilah nu sohor mah master of ceremony (MC). Aya ogé nu disebut présenter, host, atawa pemandu acara. Ari pancén utama pangjejer acara téh ngatur jalanna acara sangkan tartib tur lancar. Ku kituna, mun urang jadi panata calagara, butuh kaahlian jeung kaparigelan Loba nu hayang jadi panata calagara téh Lantaran cenah honorna gedé. Piraku urang teu apal ka Ramzi, Ivan, Andika, Rina Nose, Rafi Ahmad, Rubben Onsu atawa Jesica Iskandar? Kabehanana ogé pangjejer acara anu geus sohor tur remen midang aina TV Hidep…

  • MATERI LAPORAN KAJADIAN SUNDA KELAS 8
    LAPORAN PERISTIWA SUNDA,  MATERI LAPORAN PERISTIWA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI LAPORAN PERISTIWA BAHASA SUNDA SMP KELAS 8

    Peristiwa, nyaéta kajadian anu luar biasa tur mikat haté. Peristiwa ilaharna mangrupa kajadian anu tara kapanggih sapopoé, tapi mangrupa kajadian langka tur istimewa. Peristiwa téh sok dilaporkeun. llaharna nu sok ngalaporkeun. peristiwa téh umumna para wartawan. Palebah dieu, laporan peristiwa bisa jadi laporan jurnalistik. Laporan téh ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan, atawa hal naon wae nu geus kaalaman atawa kalaksanakeun. Ditilik tina cara nepikeunana, laporan téh bisa sacara lisan bisa ogé ku tulisan Laporan anu ku hidep geus dibaca di luhur mah kaasupna kana laporan tulisan Ari ditilik tina eusina, laporan téh aya tilu: Kahiji, laporan kagiatan. Eusina ngeunaan geus dilaksanakeunana hiji kagiatan. Upamana waé laporan kagiatan piknik, laporan kagiatan…

  • MATERI CARITA PONDOK KELAS 8
    CARITA PONDOK,  MATERI CARITA PONDOK,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI CARITA PONDOK SMP KELAS 8

    Karangan anu tadi dibaca ku hidep téh disebut carpon. Carpon téh singgetan tina carita pondok, nyaéta karya sastra anu direka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok. Ukuran pondok di dieu biasana dicirian ku jumlah kecapna ukur 5.000-7.000 karakter. mun diketik dina kertas A4 mah jumlahna antara 4-7 kaca. Ku lantaran pondok, carpon mah sok dimuat dina majalah atawa koran Tapi ukuran pondok di dieu mah rélatif, teu jadi ukuran anu tangtu. Upama nilik eusina, jalan carita atawa galur carpon mah ilaharna sajalur, tara réa-réa tur teu pajurawet kawas novel. Kitu deui latar atawa sétting-na, éstu digambarkeun saeutik pisan, tara papanjangan Pon kitu deui palakuna, tara loba teuing. Istilah carpon…

  • MATERI MANDU ACARA SUNDA
    MATERI MC SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI MANDU ACARA BASA SUNDA SMP KELAS 8

    Panata acara disebut ogé protokol atawa MC (master of ceremony) dina basa Indonésia disebut pembawa acara. Panata acara téh miboga pancén pikeun ngatur acara resmi, sangkan acara lumangsung luyu jeung jadwal anu geus ditangtukeun. Dina kagiatan sapopoé acara anu diatur ku panata acara téh di antarana: (1) rupa-rupa gempungan, rapat, sawala, ceramah, jsb; (2) upacara, kaasup upacara bendera, upacara adat, upacara muka jeung nutup kagiatan, jsb. Upama hidep meunang pancén jadi panata acara, aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun, sangkan dina prakna bisa lancar.

  • GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH
    MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH

    Guguritan téh sok disebut ogé dangding nyaéta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh. Disebut pondok sotéh mun seug dibandingkeun jeung wawacan, anu sarua ditulis dina wangun pupuh. Eusina ogé biasana mangrupa hiji kajadian, kaayaan, atawa poko pikiran. Ku lantaran pondok téa, umumna pupuh dina guguritan mah henteu gunta-ganti. Sakapeung ngaran pupuhna ogé sok diterapkeun dina judul éta guguritan, saperti "Asmarandana Lahir Batin" beunang R.A. Bratadiwijaya, "Kinanti jeung Indung Turun" beunang Kalipah Apo.

  • GUGURITAN PUPUH SINOM KINANTI EUSI JEJER
    MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GUGURITAN : TEMA RASA NADA AMANAT SEKAR ALIT & AGEUNG

    Guguritan asalna tina kecap "gurit” anu hartina nyusun karangan. Dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, hartina sarua baé nyaéta némbongkeun pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan wangun dangding. Guguritan nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh Guguritan kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kabeungkeut ku patokan anu tangtu, nyaéta patokan pupuh. Lamun dicindekkeun mah guguritan téh karangan pondok anu ditulis dina wangun pupuh. Ku lantaran pondok téa biasana mah ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan. Eusina ogé henteu ngawujud carita (naratif). Dibacana biasana mah dihari ringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh éta.

error: Content is protected !!