MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

  • MATERI GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA,  MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI GUGURITAN BAHASA SUNDA SMP KELAS 8

    Aya 17 pupuh anu dipaké pikeun dadasar nyusun guguritan, nyaéta 4 sekar ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula [disingget KSAD]) jeung 13 sekar alit (Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Wirangrong). Tiap pupuh ngabogaan watek, guru wilangan, jeung guru lagu masing-masing.

  • DRAMA SUNDA PALAKU BABAK CANDRAAN EPILOG
    MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DRAMA SUNDA: PALAKU BABAK CANDRAAN PROLOG & EPILOG

    Carita drama, atawa anu populér ku sebutan naskah drama, mangrupa wangun karya sastra anu ditulis maké basa paguneman (dialog). Saluyu jeung ngaranna, naskah drama téh ditulis keur kaperluan midangkeun pagelaran drama. Ditilik tina jihat strukturna, naskah drama téh sahenteuna diwangun ku genep aspék: Palaku téh nyaéta jalma anu ngalalakon dina naskah drama. Palaku dina naskah drama bisa dua urang, bisa ogé leuwih ti dua urang (welasan jalma atawa puluhan jalma). Lamun palakuna ngan saurang, disebutna drama monolog.

  • MATERI DRAMA BAHASA SUNDA
    MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DRAMA SUNDA: PERKARA CIRI WANGUN & TEKS NASKAH

    drama, nyaéta karangan anu ditulis dina wangun paguneman antara tokoh-tokohna, biasana sok dipintonkeun dina luhur panggung. Dina sastra Sunda drama kaasup karya anu anyar. Disebut anyar téh ayana béh dieu. Saméméh aya drama, di tatar Sunda geus aya gending karesmén jeung sandiwara atawa nu sok disebut tunil tea, aya ogé anu disebut longsér. Ka dieunakeun aya seni teater. Nu disebut gending karesmén, nyaéta drama anu paguneman antar tokohna téh dilagukeun. Drama mah mangrupa gabungan tina sagala cabang seni. Aya seni tari, seni suara, seni peran, seni musik, seni rupa, jeung seni sastra. Panglengkepna wé, da sagala cabang seni aya dina drama. Unsur-unsur drama sarua jeung karya sastra séjénna, aya palaku,…

  • MATERI DRAMA SUNDA KELAS 7
    MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI DRAMA BAHASA SUNDA SMP KELAS 9

    1. PERKARA DRAMA Kecap drama asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina niru atawa niron-niron. Nurutkeun Kamus LBSS, drama (basa Walanda) nyaéta (1) carita sandiwara nu matak sedih, jeung (2) carita nu matak kukurayeun jeung matak pikasediheun. Jadi bisa dicindekkeun yén drama téh nyaéta karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan séjénna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran). 2. CIRI DRAMA Drama mibanda ciri pangutamana, nyaéta ayana konflik atawa émosi nu husus disusun pikeun pertunjukan téater. Drama ogé kaasup kana sastra lalakon, sabab nu digambarkeun dina drama mah paripolah palaku. Para palaku téh langsung maén (lahir jeung batinna), sarta dina paguneman (dialog), atawa…

  • MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI SAJAK SUNDA,  SAJAK SUNDA

    MATERI SAJAK SUNDA SMP KELAS 7

    Naon ari puisi? Dina sastra Indonésia, nu disebut puisi téh sarua hartina jeung sajak dina sastra Sunda. Ari dina sastra Sunda, puisi téh hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra, kaasup sajak, mangrupa bagian tina puisi. Leuwih jelasna, nu dimaksud puisi dina sastra Sunda nyaéta wanda karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa. Puisi Sunda téh réa rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya anu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya anu ngawujud carita, naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita rupa-rupa puisi mantra…

  • IKLAN LAYANAN MASARAKAT SMP KELAS 7
    MATERI IKLAN LAYANAN MASARAKAT,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    IKLAN LAYANAN MASARAKAT : KOMERSIL TINULIS AUDIO & VISUAL

    Iklan layanan masarakat, biasana aya nu eusina mangrupa wawaran (ngabéjaan) aya ogé eusina ngajak jeung ngingetan. Wawaran, mun ceuk basa umumna mah "pengumuman" téa, anu tujuanana pikeun ngabéjaan atawa nandeskeun ngeunaan hiji hal anu perlu dipikanyaho, perlu dipigawé atawa teu meunang dipigawé ku ma sarakat. Nu nyieun wawaran perlu nandeskeun deui, pikeun ngajaga katartiban saréréa, sangkan batur anu sarua ngagunakeun éta tempat henteu ngarasa kaganggu. Ku sabab ditujukeunana ka jalma réa téa, biasana wawaran téh sok dipasang di tempat-tempat umum. Lamun urang ulin ka tempat tempat umum saperti pom bensin, mall, masjid, atawa perpustakaan, biasana sok aya wawaran anu ditémpélkeun, anu eusina nandeskeun deui naon anu bisa atawa teu meunang…

  • MATERI IKLAN LAYANAN MASARAKAT KELAS 7
    MATERI IKLAN LAYANAN MASARAKAT,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI IKLAN LAYANAN MASARAKAT SMP KELAS 7

    Wawaran (basa Indonésia: pengumuman), nyaéta naon-naon anu diwawarkeun atawa dibéjakeun ka balaréa. Tujuanana sangkan wawaran atawa berita anu diumumkeun nepi ka jalma anu ditujuna, utamana mah masarakat. Bewara téh bisa ditepikeun ku cara lisan bisa ku cara tulis. Béwara lisan sok ditepikeun langsung atawa ngaliwatan radio jeung televisi. Bewara tulisan diumumkeun dina wangun tulisan, biasana ditapelkeun dina tangkal, témbok, jeung bor pengumuman, atawa aya dina koran, majalah, buku, internet, jeung HP. Tina dua katerangan di luhur bisa disebutkeun yén iklan ogé kaasup kana béwara, nyaéta pada-pada nepikeun informasi, tapi leuwih nyoko kana mangaruhan (pérsuasi) tur dagang (bisnis). Babandingan iklan jeung bewara ébréh dina tabel ieu di handap. Dina koran, majalah,…

  • DONGENG SUNDA : CIRI-CIRI PAPASINGAN UNSUR & CONTO
    MATERI DONGENG SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DONGENG SUNDA : CIRI-CIRI PAPASINGAN UNSUR & CONTO

    Dongéng téh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Hiji hal anu ngabédakeun dongéng jeung golongan carita lianna pangpangna dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana loba anu teu katepi ku akal (pamohalan). Najan kitu, keur nu ngabandunganana pangpangna barudak tinangtu baris ngumbar pantasi anu pohara. Dongéng jadi pohara dipikaresepna, pangpangna ku barudak. Ku ngabandungan dongéng sacara teu langsung budak diwawuhkeun jeung rupa-rupa atikan. Kituna téh lantaran dina dongéng mah leubeut naker ku ajén-ajén atikan. Nya ajén atikan pisan anu ngajadikeun ciri pangpentingna dina dongéng. Upamana baé, atikan kacerdasan, atikan kaéndahan, jeung atikan kasusilaan.

  • DONGENG SUNDA SMP KELAS 7
    MATERI DONGENG SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DONGENG SUNDA : FABEL SASAKALA SAGE & MITE

    Dina dongéng téh sok aya pieunteungeunana sok aya ogé picontoeunana. Tah anu disebut picontoeun mah kalakuan hadé anu kudu diturutan, lantaran bakal mawa kahadéan boh keur dirina sorangan boh keur batur. Dina dongéng di luhur, teu kacaritakeun tokoh anu bisa dijadikeun picontoeun keur urang. Tah ajén-ajén kahadean anu aya dina dongéng saperti kitu téh disebutna ajén atikan moral. Dongéng téh lain ngan sakadarkeur hiburan, tapi ogé jadi bahan/alat pikeun nepikeun atikan. Dumasar kana eusina dongéng téh dibagi jadi genep golongan, nyaéta:

error: Content is protected !!