15+ CONTOH WARTA SUNDA TELEVISI

Cimahi ngagelar pasanggiri ngadongéng/tingkat SMP sa-Kota Cimahi// Eta lomba diayakeun pikeun ngarojong karep siswa SMP/ ngaludang deui tradisi ngadongéng/ anu geus méh leungit.

………………….. VOICE OVER …………………..

Dina tanggal 21 Pebruari 2014 anu anyar kaliwat/ MGMP Basa Sunda Kota Cimahi/ngagelar pasanggiri ngadongéng tingkat SMP sa-Kota Cimahi//Ieu kagiatan anu diayakeun di SMPN 8 Cimahi téh/ pikeun ngareuah-reuah miéling poé basa indung sadunya atawa mother tangue//Nurutkeun katerangan ti pupuhu MGMP Basa Sunda Kota Cimahi/Ibu Susi Budiwati,S.Pd./ ieu kagiatan téh geus rutin diayakeun saban taun// Dipiharep/ ieu kagiatan bisa ngahudang deui karesep barudak kana dongéng-dongéng Sunda/anu geus ngeureuyeuh laleungitan//Lian ti éta/pikeun numuwuhkeun deui tradisi ngadongéng anu geus méh leungit//Sakabéh SMP anu aya di Kota Cimahi/ngirimkeun wawakilna// Matak reueus/lantaran geuning barudak téh palinter ngadongéngna// Tina 54 urang pamilon/22 urang pamilon istri jeung 22 urang pamilon pameget/ ditetepkeun masing-masing genep pinunjul//Unggal pinunjul meunang piala/ piagem/ jeung béasiswa ti kapala Dinas Pendidikan Kota Cimahi//

CONTOH WARTA SUNDA RADIO

Wartos-wartos salajengna. Dina raraga ngamumulé budaya Sunda, Walikota Bandung geus ngaluarkeun aturan anyar nu eusina nganjurkeun ka sakumna pelajar jeung mahasiswa sangkan maraké pakéan adat Sunda unggal poé Rebo.

Pikeun pelajar putra disarankeun maké pakéan sabangsa pangsi jeung iket. Pelajar putri maké kabaya.

Ieu aturan téh minangka komitmen Walikota dina ngalaksanakeun program ngaronjatkeun raga katineung para pelajar kana budayana sorangan.

CONTOH WARTA SUNDA MAJALAH

Unggal taun teu kungsi copong. Najan teu loba disorot ku média televisi, tapi Forum Film Bandung (FFB) ngeureuyeuh ngajén pilem-pilem anu diputer di bioskop-bioskop di kota Bandung, boh pilem nasional boh pilem impor. Kitu deui sinétron anu diputer dina televisi nasional.

Béda jeung taun-taun saméméhna, pamasrahan pangajén kana pilem jeung sinétron taun 2013 mah ti saméméhna kénéh geus ramé dibéwarakeun, boh ngaliwatan média koran boh televisi. Kawuwuh acarana gawé bareng jeung televisi swasta badag; SCTV. Acarana bakal disiarkeun langsung ti Lapang Gasibu Bandung , poé Saptu tanggal 15 Juni 2013. Pilem jeung sinétron anu diajénna, anu diputer salila taun 2012.

15+ CONTOH WARTA SUNDA SINGKAT

Dina taun anggaran 2014, pamaréndah daérah provinsi Jawa Barat, geus nyadiakeun waragad pikeun meuli buku-buku pangrojong pangajaran basa Sunda anu gedéna 3,5 milyar rupia. Kitu anu ditandeskeun ku gubernur Jawa Barat dina wawancarana jeung Majalah Sunda, Kemis 10 Nopember 2013.

Buku-buku anu dibeuli ku anggaran pamaréntah téh bakal dibagikeun ka sakumna SMP anu aya di Jawa Barat, boh negri boh swasta, kalawan haratis. Anapon jenis bukuna ngawengku: buku kumpulan dongéng, buku kumpulan sajak, buku kumpulan carita pondok, buku kumpulan drama, jeung novel barudak.

CONTOH WARTA SUNDA PENDIDIKAN

Mimiti taun ajaran 2013/2014, biaya kuliah mahasiswa di perguruan tinggi negeri (PTN) bakal distandarkeun. Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan (Kemendikbud) netepkeun plafon maksimal sumbangan pembinaan pendidikan (SPP) nu bisa dipungut ti mahasiswa.

“Ayeuna loba pisan komponén biaya nu dipungut ti mahasiswa. Salian ti éta ogé biaya kuliah nu mahal jadi bangbaluh. Padahal dumasar UU Pendidikan Tinggi, biaya kuliah kuduna bisa kahontal. Ku kituna, biaya pendidikan di PTN bakal diatur,” ceuk Mentri Pendidikan Nasional dan Kebudayaan, Mohammad Nuh, Kemis (27/9/2012) di Jakarta.

CONTOH WARTA SUNDA

FESTIVAL Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari jeung Balai Pengelolaan Taman Budaya Jawa Barat, lumangsung di Gedong Kasenian (GK) Rumentang Siang, Kota Bandung, 9 April 2017 mangkukna. Salila 20 poé, mimiti 20 Maret 2017, grup téater pelajar nu aya di sakuliah Jawa Barat jeung Banten téh makalangan, dibarung ku karesep jeung kadariaan.

“Para patandang FDBS XVIII Ciamis, Karawang, Kabupatén Bandung karulem di GK Rumentang Siang. Hapunten adi-adi seniman, pamaréntah tacan tiasa nyayagikeun pamondokan,” kitu nu ditulis ku R. Dadi P. Danusubrata, pupuhu Téater Sunda Kiwari , dina akun facebookna tanggal 1 April 2017.

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

BABAK II
Dekorasi: Padang pasir jeung tangkal korma. Lampu sorot biru…
ADEGAN I
Kadéngé ti jero hawar-hawar sora wanita ngagalindengkeun ayat-ayat suci Surat Thoha ayat 1 nepi ka 7. Sorana anca angina-anginan. Nincak kana ayan 3 Umar témbong dating rurusuhan. Ngagebeg ngadéngé nu ngagalin dengkeun ayat-ayat suci téh Ngarandeg ceuli didéngdék-déngdékkeun. Témbong pasemonna siga nu ambek kabina-bina… Huntu kekerot panon bu ringas leungeun duanana ngeupeul tipepereket. Tamat ayat 7 jep jempé..

UMAR: (jalang-jéléng ngomong sorangan) Bener béja bieu téh.. pajar… pajar… Ya Lata… Ya Uzza… Si Hindun tikoséwad murtad… (ngarénghap panjang).
Backsound, Kadinge deui hawar-harwar ti jero malikan ayat-ayat tadi…
ayat 1 nepi ka 3… jep deui jempe…
UMAR: (curinghak deui) Yakin… yakin… Dulur aing geus kasarad ku Si Muhammad… !
Backsound Ayat 4 nepi ka 5.. jep deui jempé..
UMAR: (ngajeleng alon bari tungkul sedih.. ngarandeg nyanghareup ka publik teuteupna kosong) Kakara bieu… tas ngahukum si Su’éb katut anak pamajikanana… Ayeuna. Ayeuna. (ngusap- an dada). ah.. ninggang ka dulur sorangan.. Ya Lata… Ya Uzza… kudu kumaha pilakueun… pilakueun Kuring.. ? (sora jero… beurat… > Ras ka wasiat indung.. nu omat-omatan… ni- tipkeun Si Hindun. Teu nyana teu nyana.. budak téh mesat na sasar
Backsound Ayat 6 nepi ka 7.. jep deui jempé..
UMAR: (curinghak). panonna buringas awakna ngagidir). Ya Lata. Ya Uzza naha adil mun Si Hindun dulur kuring diantep 2 Padahal… (sorana nindak keras).. padahal. kulawarga Si Su’éb geus. geus ditumpurkeun…! (ngahuleng deui bari ngusapan dada… nepi ka bilangan sapuluh Curinghak deui.. sumanget na témbong tina sinar panonna. Malik nempo ka jero) Hind un. ! Hindun. ! (jempé taya nu némbal. Taya nu kadéngénepi ka bilangan sapuluh).
UMAR: (nyalukan bedas) Hindun…! Hindun…!

DRAMA SUNDA 5 ORANG

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

Di hiji jalan, pabeubeurang. Sawatara barudak maké saragam SMA keur bukbek bari silih teunggeul, bari marawa rupaning paka rang. Tawuran. Sora mobil. Sora nupatinggorowok. Campuh. Meunang sawatara lila silih serang. Keur kitu kadéngé sirineu mobil pulisi. Nu tawuran kalabur.

Di kantor pulisi, pasosoré. Hiji patugas (Pulisi 1) keur diuk tu maninah bari nundutan. Sakapeung sirahna méh tigeduk kana méja. Ngoréjat bari gigisik. Lenggut deui wéh.

Keur kitu kurunyung dua patugas séjénna ngabringkeun opat bu dak maké saragam SMA, tilu lalaki, hiji awéwé. Éta opat budak téh katémbong mani kokompodan, bangun anu sieun naker. Nu awéwé mah bari inghak-inghakan ceurik.

DRAMA BAHASA SUNDA LUCU

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

Babak 3
(Dukun asup ka panggung bari nampék parukuyan ngebul. Pepeta nurutkeun lagu. Jréng musik padang pasir. Torojol tabib duaan ngagéol bari pepeta kawas penyanyi. Rengsé lagu, silih tunjuk jeung dukun. Seuri bareng ngagakgak. Jep. Cakakak deui seuri bareng. Jep deui. Cakakak deui.)

Tabib : (Ngomongna dilagukeun, kawas keur tagonian) Énté pasti dukun ti Ciréyod! Ha…ha…ha…
Dukun : (Nunjuk) Sampéan pasti Tukang Sulap! Ha…ha…ha…
Tabib : (Ngomongna dilagukeun) Ana Wan Mahmud, tabib kasohor ti Bagdad. Ana diondang ku Gusti Prabu. Ana bawa ieu Poci Aladin, insya Alloh ieu poci sakti. Ha… ha…ha….
Dukun : Kaula dukun weduk, dukun mashur di ieu karajaan! Ha…ha…ha… Kaula diondang ku Gusti Prabu, sina nyambat ngadatangkeun jalma-jalma sakti.
Tabib : (Ngomongna dilagukeun) Subhanalloh! Lamun ana boga kabutuh, ana kari ngomong ka ieu Poci Aladin. Sokayeuna énté hayang naon?
Dukun : Eu…kaula hanaang! Hanaang! Hayang nginum!
Tabib : (Bari nompokeun sungut kana poci) Cai! Cai! Cai!

(Lung ti gigireun panggung aya nu ngalungkeun aqua gelas ka
hareupeun dukun)

Dukun : Wah, élmu kaula leuwih sakti. Teu percaya? Sok éta réncang sampéyan ku kaula rék dirobah wujudna! (Menekung bari ngagibrigkeun leungeun) Minda rupa! Minda rupa! Minda rupa jadi lutung! Jadi lutung….! (Bréh awak tabib 2 robah jadi lutung. Lutung jungang-jéngong, ngabegégan sarta rék nyakar ka tabib. Tabib lulumpatan sieuneun. Lutung tuluy kaluar ti panggung)
Tabib : (Ngomongna dilagukeun) Naam! Naam! Ana yaqin, yaqin, yaqiiin….kana élmu énté. Sok ayeuna énté dititah naon ku Gusti Prabu téh?
Dukun : Euh! Kaula dititah ngadatangkeun jalma-jalma sakti anu bakal bisa néangan Tujuh Mustika. (Tuluy menekung, mapatkeun jampé pamaké)

DRAMA SUNDA 4 ORANG

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

Babak 1
(Sang Prabu, Praméswari, para putri, ponggawa, jeung Paman Léngsér arasup ka panggung. Sang Prabu katénjo henteu bérag. Gék diuk, tuluy hulang-huleng, bangun keur boga kabingung.)

Gusti Prabu Keur baluweng kaula téh, Paman Léngsér. Bingung ku rupa-rupa pasualan.
Paman Léngsér Pasualan naon téa, Gusti Prabu?
Gusti Prabu Baluweng ku dua perkara kaula téh, Paman. Anu kahiji, rahayat urang téh keur tingkocéak. Saban waktu keuna ku rupa-rupa musibat banjir, lini, runtah, panyakit. Anu kaduana, anak kaula, Si Endén, apan teu waras pipikiranana bari teu cageur-cageur diubaran ka mana-mana ogé. (Ngahuleng heula) Cing sugan Paman Léngsér bisa méré bongbolongan! Kudu ditumbalan ku naon nagara urang jeung putri kaula téh?
Paman Léngsér (Ngahuleng) Puguh sami, Gusti Prabu. Kaula ogé keur hariwang ayeuna téh?
Gusti Prabu Naha hariwang ku naon, ari Paman?
Paman Léngsér Eu…eu….éta pun alo, Nyi Esih, kamari téh ngalahirkeun, Gusti Prabu. Ari pék orokna téh bedegul, tiasa kokorondangan, jaba tos tiasaeun cacarita.

NASKAH DRAMA SUNDA PENDEK LUCU

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

Babak ka-2
Ceu unéh keur sasapu. Pasemonna baeud, kawas nu keur aya kakeuheul. Manggihan potrét tuluy dicokot, ditingalian sakeudeung, tuluy sasapu deui. Nyi Inot asup.

Nyi Inot : Assalamualaiku……….mmm!
Ceu Unéh : Wa alaikumsalaaa…………mmm. Is geuning Nyi Inot tos ti mana Nyi?
Nyi Inot : Ah, ngahaja waé ka dieu. Ari Kang Ujé aya, Ceu?
Ceu Unéh : Can balik. Biasa wé, keur dines. Dagang peuyeum, aya naon kitu Nyi?
Nyi Inot : Ieuh Euceu! Tadi kuring tas ti kota, papanggih jeung Kang Ujé, keur leumpang duaan, jalan-jalan jeung awéwé!
Ceu Unéh : Jalan-jalan jeung awéwé? Enyaan Nyi?
Nyi Inot : Ih! Piraku kuring ngabohong, sumpahna ogé daék turun harga Elpiji. Enyaan Ceu! Kang Ujéna mah teu nyahoeun aya kuring, Da kahalangan ku tukang céndol.
Ceu Unéh : Emh! Padahal mah, itung-itung ngawakilan Euceu. Mun baledog wé ku batu, tong asa-asa!
Nyi Inot : Tukang céndol? Ah, rék naon teu pupuguh malédog tukang céndol.
Ceu Unéh : Lain tukang céndol… Si Ujé!
Nyi Inot : Awéwéna téh maké baju héjo Ceu. Leumpangna ogé maké ditangkeup, tah dikieu Ceu!
Ceu Unéh : Éta mah diangkat atuh…
Nyi Inot : Ah enya dikieu tah.
Ceu Unéh : Emh! Dasar lalaki atah adol. Puguh Euceu téh keur keuheul, Nyi Inot! Tadi peuting manggih potrét awéwé dina tanggungan peuyeum. Cik, ieu lain awéwéna nu jalan-jalan jeung si Ujé téh?
(Ceu unéh ngasongkeun potrét)
Nyi Inot : Haaa..rrr? Geuning ieu mah potrét ucing Ceu?
Ceu Unéh : Is, salah ieu …… ieu yeuh!
Nyi Inot : Tah enya, ieu Ceu!
Ceu Unéh : Emh, nurustunjung éta si Ujé. Ati-ati Siah…tempokeun. Lain turunan Garut mun Aing teu bisa ngalabrak lalaki anu ngaranna Ujé!

15+ NASKAH DRAMA SUNDA SINGKAT

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

(Buruan Kantor Kacamatan Jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu tingkulunu, urang lembur, bari tingkecewis. Papakéanana teu maratut (sangeunahna). Aya nu ukur maké kaos oblong, pakéan ka sawah, aya ogé nu ngan dicalana sontog bari nyoréndang sarung. Kawas nu teu kaburu disaralin heula.)

Ato : (Ngaharéwos) Anén, komandoan!
Anén : (Luak-Lieuk, ngaharewos) Ngomandoan naon?
Ato : Na aya ku bodo ari amnéh! Ngomandoan ngagoro-wok! Pokona sagala anu kudu dikomandoan, komandoan ku manéh!
Anén : Naon nu rék digorowokeunana!
(Saréréa silih pelong siga bingung.)
Acid : Kieu wé atuh: Camaat, Kaluar! Tah, kumaha mun kitu!
(Saréréa unggut-unggutan tanda satuju. Anén maju ka hareup bari singkil.)
Anén : Hiji …. Dua ……
Ato : (Némpas) Ulah gancang teuing, bisi teu bareng. Kumaha mun anu ngagorowok tiheula nu katem-puhan?
Lamin : Ah loba teuing aturan! Geura sok-sok ka dinya, én!
Anén : Hijiiiii….. duaaaaa…… tiluuuuuuuuu!

(Urang lembur kontan tingcorowok nitah camat kaluar: Camaaaat kaluaaar…… camat kaluaaarr….Kaluar siah Camaaat! Ti jero kantor Kacamatan, pagawé kacamatan jul-jol kalaluar. Tapi barang nempo loba jelema di luar bari tingcorowok, langsung ngararempod deui. Urang lembbur tuluy cocorowokan nitah camat sina kaluar. Teu lila pagawé kacamatan kalaluar deui bari pacekelcekel leungeun siga nu sieun. Sekwilmat nyoba-nyoba nenangkeun nu demonstrasi bari ngacung-ngacungkeun leungeun!)

DRAMA SUNDA CIUNG WANARA

CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA

KACARITAKEUN DUA PATIH SAKEMBARAN, PATIH PURAWESI JEUNG PURAGADING, SEJANA KA PASAMOAN, BAWANA HAYAM SAHIJI, PATEPUNG DI ALUN-ALUN JEUNG CIUNG WANARA

Ciung Wanara : “Dék ka mana paman, bet ngaleut duaan?”
Patih : “Naha manéh wani-wani ka aing nyebutkeun paman? Kapan aing téh papatih?”
Ciung Wanara : “Disebut sia ku daék. Disebut paman gé mumul.”
Patih : “Naha manéh anak saha?”
Ciung Wanara : “Anak bapa.”
Patih : “Saha bapa manéh?”
Ciung Wanara : “Salaki indung.”
Patih : “Indung manéh téh saha?”
Ciung Wanara : “Kapan pamajikan Bapa.”

PATIH DUAAN SALEUSEURIAN, NGADÉNGÉ OMONGAN CIUNG WANARA BARI TULUY NGADEUKEUTAN NU KEUR NGÉLÉK HAYAM.

Patih : “Ti mana manéh mawa hayam, mana alus-alus teuing?”
Ciung Wanara : “Turunan ti sayangna, asalna indung bikang bapa jago, asalna tina endog.”
Patih : “Atuh puguh da geus jamak mupakatna, cik ngilikan!”
Ciung Wanara : “Tah geuning buntutna.”
Patih : “Abong-abong.”
Ciung Wanara : “Ih, abong-abong mah songong.”

CONTOH PANUMBU CATUR SAWALA BAHASA SUNDA

CONTOH PANUMBU CATUR BASA SUNDA

Assalamu ‘alaikum warrohmatullahi wabarokaatuh!
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka panata cala gara anu parantos maparin kapercantenan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu sawala, disarengan ku girang serat Sadérék Putri Endah. Atuh salajengna, sumangga urang buka ieu forum ku sami-sami maca basmalah: bismillahirrohmanirrohim.

Hadirin anu ku sim kuring dipikahormat,

Sakumaha anu tadi didugikeun ku Pupuhu Panata Calagara, dina ieu kasempetan urang sami-sami medar sareng nyawalakeun perkawis “Ajén-inajén Kajujuran dina Budaya Sunda”. Seueur anu nyebatkeun, yén kajujuran téh dina mangsa kiwari mah tos kalebet barang langka. Naha leres éta téh, atanapi mung saukur sangkaan? Naha ari dina budaya Sunda aya ajén-inajén kajujuran? Sareng kumaha deuih carana nuwukeun ajén-inajén kajujuran dina kahirupan urang Sunda sadidinten?

CONTOH PANUMBU CATUR DEBAT BAHASA SUNDA

CONTOH PANUMBU CATUR BASA SUNDA

Esti: Assalamualaikum Wr. Wb
Sampuran
Alhamdulillah, dinten ieu urang sadaya tiasa kumpul ngariung dina acara debat Plontra Facetook Peryogi kauninga ku réréncatigan sadaya. ayeuna téh keur mahabu facelook (FB dibaca h Loba pisan mangpaatna ku avana Fn toh Tapi teu sacutik deuih kagorénganana. Ku kituna, urang padungdengkeun wé ayeuna Cing kumaha pamadegaan ngeunaan hal ieu?

Tisna: Tiasa abdi ngadugikeun pamadegan?

Ésti : Tuh cing kumaha ceuk Tisana ti kelompok Pro

Tisna: “Numutkeun aidt, FB teh kacida diperlukeunana. Aya sawatara mangpaat ku ayana FB, Upamana wa bisa ngalobuan babaturan bisa silih tukeur informasi jeung batut, bisa ngirim ehail Malah FB teh bjsa dijadikeun lahan bisnis,

error: Content is protected !!