-
PANGALAMAN PRIBADI SUNDA SINGKAT
Wasta abdi, Hastian. Pangaresep atanapi hobi abdi kaétang seueur, kantenan apan abdi mah kasebat urang lembur, jadi resep ameng rupirupi kaulinan urang lembur wé sapertos medar langlayangan, ngadu kaléci, panggal, gatrik, jajangkungan sareng barén. Abdi gé resep ngurek sareng nguseup deuih. Ari peré sakola sok kanjat dua iangan ngurek téh, isuk-isuk jeung burit, bubuhan seueur pasawahan di lembur abdi mah, laléndo seueur belutan. Pami nguseup mah resepna ari tos hujan, sok mapay-mapay susukan, pan tos hujan mah caina kiruh ngagulidag, lauk téh sok laliar ari tos hujan mah. Di nu caina rada linduk sakapeung mah sok clom giriwil, kitu wé bangsaning bogo, jaér, sareng lélé. Perkawis cita-cita, sakapeung mah sok…
-
CONTOH PANGALAMAN PRIBADI SUNDA
Nami abdi Sonya . Saur Mamah mah abdi teh budak pikalucueun.Awak abdi mah begang,tapi jangkung rada-rada geulis, mirip Luna Maya, saurna .Rerencangan sering moyokan abdi Si Gantar nu geulis.Ayeuna abdi sakola di SMP Sukarajin. Waktu istirahat ,sapertos biasa abdi sareng rerencangan sok jarajan.Saparantos jarajan, biasana barudak teh sok siliheureuyan aya nu silitoel, silihudag,atanapi sok silihpoyokan.Harita ge teu pupuguh aya rerencangan nu moyokan abdi.Abdi teh bendu ,da sok keuheul ari dipoyokan Si Gantar teh.Teras eta rerencangan nu moyokan teh diudag. Keuheul oge, da lumpatna tarik teu kaudag.Waktos abdi ngudag rerencangan, soca teh rada balangah, teu ningal ka payuneun.Na atuh teu disangki-sangki , bet tabrakan sareng Riska nu salirana ageung kacida.Atuh abdi…
-
PANGALAMAN PRIBADI SUNDA TENTANG LIBURAN
Wasta abdi Sundari . Dina ieu waktos bade ngadugikeun pangalaman anu karandapan ku abdi sasasih kalangkung waktos Piknik Ka Situ Bagendit. Waktos harita teh nembe dua dinten abdi pere sakola. Abdi sakulawargi piknik ka Situ Bagendit. Mios teh kinten-kinten tabuh tujuh enjing-enjing..Abdi sakulawargi mios teh ngahaja tumpak delman.Maksadna mah supados tiasa ningal kaendahan alam sapaparat jalan. Di sisi jalan katingal sawah upluk - aplak .Parena sumedeng rampak.Mobil pasuliwer, seuseueurna mah mobil pribadi nu bade piknik ka Situ Bagendit.Aya eta oge hiji dua nu kana delman sapertos abdi .
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA 6 ORANG
Opang: Lurah kongsi! Tong panjang teuing atuh pidatona! Singet wé singet! Geuwat pungkas! Lurah Kongsi: (Bari ngajenghok terus ngeleper) Ju...juragan Demang anu kahurmat, Juragan Patinggi anu kahurmat, Juragan... Opang: Kalah balikan deui! Geuwat pungkas! Lurah Kongsi: Ju...ju...juragan Pungkas anu kapungkas... Opang: Naon tatéh naon? Kalah ka beuki ngaco!? Lurah Kongsi: Ju...ju...jur...juriiig! (Bari naplékan biwirna sorangan bawaning ku keuheul). Naha biwir téh jadi kieu? (Ka gegedén). Duh juragan Demang, neda hampura, janten macét kieu.... Demang: (Bari imut wibawaan) Keun baé. Teu kudu inggis. Sakitu gé lumayan aya soraan kénéh. Ngan tangtu di Kadaleman mah kudu daria tur lungsur- langsar. Bisa teu kira-kirana biantara hareupeun Dalem?
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA
“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia. “Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya. “Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék. “Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna mah ti payun,” pokna. “Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.” “Naon ari tatakrama…
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA 3 ORANG
Ma Cioh: “Ku naon atuh maneh téh, Péndi?” Péndi: “Duka atuh, Ma. Peuting téh Péndi dahar saté hayam paméré ti babaturan.” Indungna ngahuleung sakeudeung Ma Cioh : “Naon hubunganana saté hayam jeung gering ayeuna?” Péndi : (Ngomong lalaunan) “Katerap kasakit flu burung sugan. Ma, Péndi téh.” Ma Cioh : (Nyentak) “Gagabah ari ngomong téh, Péndi !” Péndi : “Henteu gagabah, Ma. Ceuk dina bacaan ogé tanda-tanda gering flu burung téh kieu!” Ma Cioh : “Teu gampang kadeuleu tapi kudu dipariksa ka Hongkong sagala rupa béjana mah!” Péndi : “Mun teu ka Hongkong, ka Amerika, Ma.” Ma Cioh : “Heueuh! Naha atuh ari manéh meni gampang nyebutkeun flu burung téh!” Ti…
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA SINGKAT
“Sampurasun, Nyai.” Ceuk aki-aki téh. “Rék naon aki-aki, rék baramaén?” ceuk Nyi Endit bari kurawed haseum. “Ih, manawi aya sih piwelasna ka aki.” “Nyingkah aki-aki tujuh mulud!” “Manawi wéh atuh Nyai, aki téh lapar kacida.” “Lain ménta ka kami tapi usaha kadituh, harta kami mah moal dibikeunan ka jalma modél anjeun.” “Euleuh Nyai, kadé tah cariosan téh bilih janten mamala ka salira.” “Ah, teu paduli kami mah da ieu mah rejeki kami naha kudu dibikeunan ka batur. Jig-jig nyingkah tong ngaganmggu ka kami!” “Kadé Nyai.” Ceuk aki-aki bari ngaléos, ngan méméh indit si aki nancebkeun iteuk anu di pakéna. Burial aya cai ka luar beuki lila éta cai beuki loba…
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA SAPOPOE
Risma: “Gus, kumaha ari kelas Agus sami pelajaran basasunda dipasihan pancén?” Agus: “Pancén anu mana téa, Ris?” Risma: “Éta dipiwarang nyarioskeun pangalaman waktulibur.” Tiara: “Muhun kelas abi ogé sami dipiwarang.” Agus: “Oh, éta. Atos deui Agus mah.” Tiara: “Agus, basa libur téh kamana kitu?” Agus: “Agus mah ameng ka Kampung Pulo.” Risma: “Nu dimana téa kitu, Gus?” Agus: “Éta nu di Lélés téa.” Tiara: “Muhun nya, Gus resep ameng ka dinya téh jaba ayacarita sajarahna, sareng urang tiasa rarakitan di SituCangkuang.”
-
PAGUNEMAN SUNDA DINA DONGENG
Aya budak miskin, ngarana Si Teka. Manéhna hayang boga élmu , tuluy guguru. Tapi ku Pandita dijieun juru béték, henteu diangken murid cara ameng nu séjéna. Unggal poé ti isuk-isuk nepi ka peuting digawékeun taya reureuhna. Meunang sababaraha taun dipatapaan téh teu nyaho di alip bingkeung-bingkeung acan, cék babasan téa mah, da tara diwuruk. Dina hiji poé Si Teka dipiwarang meuleum béton ku Pandita. Prak beton téh dibubuy. Ari geus asak, terus dijait, bet euweuh sasiki. Beton sapuluh kari salapan.
-
WARTA SUNDA ONLINE
Assalamu’alaikum wrwb. Seja nguningakeun ka sadérék sadayana, réhna OSIS SMA urang téh badé ngayakeun Pasinggiri Musik Karinding antar kelas. Pasanggiri bakal dilaksanakeun tanggal 17 Agustus 2013, tempatna di Aula Serba Guna, tahuh 09.00 nepi ka réngsé. Ka sakur siswa ti kelas 10 nepi ka kelas 12 nu aya minat ngiring dina éta acara tiasa daptar ka panitia unggal istirahat pelajaran ti kaping 11–15 Agustus 2013.
-
CONTOH WARTA SUNDA OLAHRAGA
Pamiarsa di mana waé ayana, luyu sareng jadwal pertandingan, wengi Senén ayeuna, tabuh tujuh waktu Indonesia bagian kulon urang baris nyaksian kumaha tapisna Tim Nasional U-13 nu baris tandang makalangan ngalawan Tim Singapura. Ieu Tim Umur 13 nu digembléng ku Pelatih nu tiis leungeun téh dipiharep bisa ngunggulan lawanna. Parapamaén nu masih kénéh belekesenteng ieu téh dipilih ti unggal provinsi nu aya saantéro Nusantara.
-
15+ CONTOH WARTA SUNDA TELEVISI
Cimahi ngagelar pasanggiri ngadongéng/tingkat SMP sa-Kota Cimahi// Eta lomba diayakeun pikeun ngarojong karep siswa SMP/ ngaludang deui tradisi ngadongéng/ anu geus méh leungit. ....................... VOICE OVER ....................... Dina tanggal 21 Pebruari 2014 anu anyar kaliwat/ MGMP Basa Sunda Kota Cimahi/ngagelar pasanggiri ngadongéng tingkat SMP sa-Kota Cimahi//Ieu kagiatan anu diayakeun di SMPN 8 Cimahi téh/ pikeun ngareuah-reuah miéling poé basa indung sadunya atawa mother tangue//Nurutkeun katerangan ti pupuhu MGMP Basa Sunda Kota Cimahi/Ibu Susi Budiwati,S.Pd./ ieu kagiatan téh geus rutin diayakeun saban taun// Dipiharep/ ieu kagiatan bisa ngahudang deui karesep barudak kana dongéng-dongéng Sunda/anu geus ngeureuyeuh laleungitan//Lian ti éta/pikeun numuwuhkeun deui tradisi ngadongéng anu geus méh leungit//Sakabéh SMP anu aya di…
-
CONTOH WARTA SUNDA RADIO
Wartos-wartos salajengna. Dina raraga ngamumulé budaya Sunda, Walikota Bandung geus ngaluarkeun aturan anyar nu eusina nganjurkeun ka sakumna pelajar jeung mahasiswa sangkan maraké pakéan adat Sunda unggal poé Rebo. Pikeun pelajar putra disarankeun maké pakéan sabangsa pangsi jeung iket. Pelajar putri maké kabaya. Ieu aturan téh minangka komitmen Walikota dina ngalaksanakeun program ngaronjatkeun raga katineung para pelajar kana budayana sorangan.
-
CONTOH WARTA SUNDA MAJALAH
Unggal taun teu kungsi copong. Najan teu loba disorot ku média televisi, tapi Forum Film Bandung (FFB) ngeureuyeuh ngajén pilem-pilem anu diputer di bioskop-bioskop di kota Bandung, boh pilem nasional boh pilem impor. Kitu deui sinétron anu diputer dina televisi nasional. Béda jeung taun-taun saméméhna, pamasrahan pangajén kana pilem jeung sinétron taun 2013 mah ti saméméhna kénéh geus ramé dibéwarakeun, boh ngaliwatan média koran boh televisi. Kawuwuh acarana gawé bareng jeung televisi swasta badag; SCTV. Acarana bakal disiarkeun langsung ti Lapang Gasibu Bandung , poé Saptu tanggal 15 Juni 2013. Pilem jeung sinétron anu diajénna, anu diputer salila taun 2012.
-
15+ CONTOH WARTA SUNDA SINGKAT
Dina taun anggaran 2014, pamaréndah daérah provinsi Jawa Barat, geus nyadiakeun waragad pikeun meuli buku-buku pangrojong pangajaran basa Sunda anu gedéna 3,5 milyar rupia. Kitu anu ditandeskeun ku gubernur Jawa Barat dina wawancarana jeung Majalah Sunda, Kemis 10 Nopember 2013. Buku-buku anu dibeuli ku anggaran pamaréntah téh bakal dibagikeun ka sakumna SMP anu aya di Jawa Barat, boh negri boh swasta, kalawan haratis. Anapon jenis bukuna ngawengku: buku kumpulan dongéng, buku kumpulan sajak, buku kumpulan carita pondok, buku kumpulan drama, jeung novel barudak.