• MATERI DRAMA BAHASA SUNDA
    MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI DRAMA BAHASA SUNDA

    Sakapeung istilah drama téh sok dipaselupkeun jeung istilah téater. Tapi saéstuna mah éta dua istilah téh nuduhkeun harti anu béda, najan dina enas-enasna mah duanana gé nuduhkeun kana seni pagelaran atawa seni pintonan (pertunjukan). Istilah drama, asalna téh tina basa Yunani, dramoi, hartina ni ru-niru. Kitu deui téater, asalna tina basa Yunani, teatron, harti na tempat upacara pamujaan nu perenahna di tengah alun-alun (aréna). Aya deui istilah sandiwara, asalna tina basa Jawa, sandi (rusiah), wara(h), hartina pangajaran atawa atikan. Hartina sandiwara mah pangajaran anu ditepikeunana sacara samar atawa disilibkeun (dirusiahkeun).

  • MATERI SISINDIRAN BAHASA SUNDA
    MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI SISINDIRAN SUNDA,  SISINDIRAN

    MATERI SISINDIRAN BAHASA SUNDA

    Sisindiran nyaéta karya sastra wangun puisi (ugeran) anu ditulis kalawan kréatif, diwangun ku cangkang jeung eusi, sarta diwengku ku pada (bait) jeung padalusan (baris). Unggal padalisan ilaharna diwangun ku dalapan engang (suku kata). Tujuana pikeun nepikeun eusi haté, pikiran, atawa pamaksudan ka jalma séjén bari henteu togmol téa. Nu dipiharep sangkan eusi omongan téh katarimana henteu matak kasigeung atawa nyeri haté.

  • MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  TARJAMAHAN SUNDA

    TARJAMAHAN SUNDA

    Tarjamahan téh sok disebut ogé alih basa, nyaéta mindahkeun téks dina basa sumber (asal) kana basa sejen (anyar). Narjamahkeun disebut ogé nyalin atawa mindahkeun hji basa kana basa séjén. Kagiatan narjamahkeun téh kacida pentingna, lantaran teu kabeh jalma ngarti atawa paha kana unggal basa anu dipake atawa digunakeun ku jalma séjéna Lian ti tarjamahan, aya ogé istilah saduran atawa nyadur. Saduran mah narjamahkeun karya sastra tina basa asing, ku cara nulad jaan caritana wungkul, ari ngaran tokoh jeung jalan caritana mah diluyukeun kana kaayaan urang.

  • MATERI RESENSI BAHASA SUNDA
    MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  RESENSI SUNDA

    MATERI RESENSI BASA SUNDA

    Istilah résénsi asalna tina basa Belanda resentie, serepan tina basa Latin resecio, recencere, jeng revidere, nu hartina nepikeun (nyaritakeun) deui. Nikik kana harti kitu, nu disebut résénsi téh nyaéta ngajén atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, pilem atawa pintonan drama jeung musik (konsér). Cindekna resensi téh nyoko kana kagiatan meunteun atawa ngajén hiji karya atawa pintonan seni nu tujuanana pikeun méré informmasi jeung ngagambarkeun kaunggulan jeung kahéngkéran keur nu maca atawa lalajo.

  • BIANTARA SUNDA,  MATERI BIANTARA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA

    Dina kamus basa Sunda R.A. Danadibrata (2006), yén nu disebut biantara téh nyaéta kagiatan nyarita hareupeun kumpulan jelema. Biantara atawa pidato ogé disebutkeun mangrupa nyarita dihareupeun balaréa, jalma réa (Sacadibrata,2005:72). Teu saeutik jalma nu rampang-reumpeung upama dibéré pancén nyarita atawa biantara di hareupeun jalma réa. Bingung, naon anu kudu dicaritakeunana. Métode nyarita ngawengku: (1) métode impromtu, (2) métode naskah/manuskrip, (3) métode ékstémporan, jeung (4) métode ngapalkeun/memoritér.

  • MATERI PEDARAN TRADISI SUNDA
    MATERI PEDARAN TRADISI SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  PEDARAN TRADISI SUNDA

    MATERI PEDARAN TRADISI SUNDA

    Bahasan atawa pedaran téh tulisan anu medar hiji pasualan dumasar kana fakta-fakta nu kapanggih. Boh tina hasil panalungtikan, boh tina hasil pangalaman sorangan. Tangtuna, aya pangaweruh (kanyaho) anyar nu gedé mangpaatna keur pamaca. Sabenerna, bahasan téh méh sarua jeung éséy atawa artikel, boh cara nulisna, boh eusina. Ngan dina éséy atawa artikel mah subyéktifitasna (pamanggih nu nulis) leuwih tandes jeung leuwih jelas.

  • MATERI DONGENG BAHASA SUNDA
    DONGENG SUNDA,  MATERI DONGENG SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI DONGENG BAHASA SUNDA

    Dongeng teh ngaran salahsahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran) sakapeung mah sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok. Turun tumurun jeung sumebarna lu cara lisan. Tara kapaluruh saha pangarang atawa nu nyiptana. nilik wanda jeung eusina dongeng teh kaasup rekaan baheula. patempatan anu jadi latarna mideng tetela gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa hungkul, tapi oge sato, buta, atawa mahluk-mahluk sejena. kajadian-kajadianna sakapeung karasa pamohalan, corak rekaan heubeul mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus tema.

  • MATERI TARJAMAHAN BAHASA SUNDA
    MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI TARJAMAHAN SUNDA

    MATERI TARJAMAHAN BAHASA SUNDA

    Istilah "tarjamah" téh asalna tina basa Arab. Ari dinabasa Inggris mah disebutna "translation". Tarjamah téh prosés mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa panarima (sasaran) kalawan ngungkab ma'na jeung gaya basana (Widyamartaya, 1989). Dina istilah séjén disèbut ogé alih basa. Béda jeung istilah transliterasi (alih aksara) jeung transkripsi (alih wangun tina ucapan kana tulisan). Narjamahkeun téh lain pagawéan énténg, sabab perlu paham kana maksud nu di kandung dina basa sumberna. Aya sababaraha wanda tarjamahan dumasar kana cara jeung hal anu museur pikeun ditarjamahkeunana. Nurutkeun Widyamartaya & Sudiati (2005) wanda tarjamahan téh umumna aya genep, nyaéta:

  • MATERI KAWIH BAHASA SUNDA
    KAWIH SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    KUMPULAN MATERI KAWIH

    Nu dimaksud kawih téh nyaéta sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda. Kecap pagawéanana mah 'ngawih'. Dina basa Indonésia mah lagu atawa nyanyian, kecap pagawéanana menyanyi. Hartina, lamun urang hahariringan atawa nyanyi, éta téh hartina urang keur ngawih. Kawihna mah naon baé, rék diala tina sisindiran, pupujian, tembang pupuh, kaulinan barudak, dermayonan, atawa nu séjénna. Matéri kawih geus aya ti baheulana. Dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu ditulis taun 1518 M, di dinya disebutkeun ngaran rupa-rupa kawih nyaéta kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalaguan, kawih panyaraman, kawih sisi(n)diran, kawih péngpélédan, bongbongkaso, perérané, porod eu rih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung, kawih sasa(m)batan, sareng kawih igel-igelan. Ceuk…

  • TARJAMAHAN SUNDA

    CONTOH TARJAMAHAN SUNDA

    Kumpulan terjemahan dari bahasa indonesia / bahasa asing ke bahasa sunda.... KURING dilahirkeun di imah titinggal karuhun ti indung, nu perenahna gigireun balédésa Ciborélang, Jatiwangi, tapi waktu umur kuring kakara sawatara welas bulan kuring dibawa pindah ka bumi Aki di Kampung Pasuketan, da Aki ngagaleuh bumi di dinya. Saterusna kuring matuh di dinya nepi ka anggeus Sakola Rayat. SAYA dilahirkan di rumah peninggalan nenek moyang ibu, yang terletak di samping balai desa Cibolérang, Jatiwangi, tapi sewaktu umur saya baru beberapa belas bulan saya dibawa pindah ke rumah kakek di kampung Pasuketan, sebab kakek membeli rumah di sana. Selanjutnya saya tinggal di sana hingga lulus Sekolah Rakyat.

error: Content is protected !!