• DONGENG SUNDA SI KABAYAN
    DONGENG SUNDA

    CONTOH DONGENG SASAKALA BAHASA SUNDA

    Jaman baheula, aya awéwé anu kacida beungharna. Rajakayana bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah. Hanjakal meditna teu katulungan. Ku urang lembur, éta awéwé téh katelah Nyi Endit, ku medit-meditna. Pagawéan Nyi Endit téh sapopoéna ngitung-ngitung rajakaya bisi aya anu cocéng atawa leungit. Rajakayana unggal waktu nambahan jeung beuki ngagunung, da puguh tara pisan di paké. Ari sababna, sagala lebar, sagala nyaah. Tong boro dipaké tutulung ka batur, dalah dipaké ku dirina sorangan gé kahayangna mah ulah.

  • CARITA WAYANG SUNDA

    15+ CONTOH CARITA WAYANG BAHASA SUNDA

    Arya kumbakarna teh saurang pati ti karajaan Alengka Dirja. Ciri khasna teh nyaeta awakna nu gede, buluan dadana sabab manehna katurunan Buta atawa Dewana. Arya gaduh lanceuk nu ngaranna teh Dasa Muka alias Rahwana ti karajaan Angkara Murka jeung kejam. Rahwana oge ngagaduhan pun adi anu ngaranna teh Gunawan. Tapi sifatna sabalikna ti Rahwana. Gunawan anu dianggap pembelot ku Rahwana sabab Gunawan ngahiji sareung musuhna nyaeta Ramayana.

  • RESENSI SUNDA

    15+ CONTOH RESENSI BAHASA SUNDA

    Réprési Orba dina Novél Sunda Judul Buku : Galuring Gending Pangarang : Tatang Sumarsono Penerbit : PT Kiblat Buku Utama Taun Terbit : 2001 Jumlah Kaca : 413 DUA tilu taun katompérnakeun, teu réa buku Sunda anu medal. Komo novél mah. Ku diterbitkeunana novél Galuring Gending (GG) karangan Tatang Sumarsono ku PT Kiblat Buku Utama (2001), geus mawa angin seger keur dunya pabukon Sunda nu keur katiga. Sanajan kaitung elat sabenerna mah, lantaran kapan éta novél téh hasil saémbara ngarang novél Paguyuban Pasundan taun 1999. Aya nu istiméwa dina éta novél téh. GG kagolong kana novél anu nyaritakeun sual politik nu arang kapanggih jadi téma-téma novél Sunda. Bisa diitung ku…

  • PANGALAMAN PRIBADI SUNDA

    CONTOH TEKS PANGALAMAN PRIBADI BAHASA SUNDA

    Wasta abdi Sulastri . Dina danget ieu , abdi bade ngadugikeun pangalaman sasasih kalangkung Waktos Kahujanan . Dina dinten Salasa ,ping 20 Agustus 2013 abdi mios ka sakola teh sorangan,margi kakakantun ku rerncangan.Leumpang teh rurusuhan da sieun kasiangan .Di satengahing jalan , breg teh hujan ageumg pisan .Kaleresan abdi teu ngabantun pajeng ,atuh abdi teh rancucut kahujanan. Dugi ka sakola abdi kabulusan, sakujur badan ngagibrig .Abdi atuh teu wantun lebet ka kelas ,da bilih ngaganggu ka nu sanes. Jabi ti kitu, dina lebetna oge moal konsentrasi diajarna. Pangpangna deuih teu kiay ku isin.Upami teu lebet , sok bilih dialpakeun. Abdi nguliwed ka jamban

  • CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA
    DRAMA SUNDA

    15+ CONTOH NASKAH DRAMA SUNDA

    Panggung poek. Sora bangkong tingborogodod. Lampu laun nyaangan panggung. Remeng-remeng. Rohang tengah hiji imah bilik. Rada beulah katuhu, korsi rareyod ngariung meja. Aki Onay diuk di salah sahiji korsi bari ngalinting bako. Di beulah tengah, gigireun lawang ka enggon, lomari geus muka pantona, lamak amayatak, patulayah jeung baju bubututan juru rohang beulah kenca, handapeun jandela, aya mesin kaput butut ngajugrug, bulan (incu aki onay) keur ngeunteung, ngome buuk. Panggung remeng-remeng. Sora ti saluareun imah:

  • PEDARAN TRADISI SUNDA

    15+ CONTOH PEDARAN TRADISI SUNDA

    Ti peusar kota Bandung mah kaitung deuket Kampung Mahmud teh, kira-kira 5 km maju ngulon. bisa ngagunakeun angkot Tegalega mahmud atawa kendaraan pribadi. merlukeun waktu perjalanan 30-45 menit. Sanggeus ngaliwatan ngembatna jambatan ci tarum, kakara anjog ka lawang gapurana. Pernahna di desa Mekar Rahayu, Kacamatan Marga Asih, Kabupaten Bandung.Sanggeus ngaliwatan ngembatna jambatan ci tarum, kakara anjog ka lawang gapurana. Pernahna di desa Mekar Rahayu, Kacamatan Marga Asih, Kabupaten Bandung. Najan kasebutna kampung adat, sabengbatan mah Kampung Mahmud teh taya beda jeung Kampung sejenna. Lebah kamekaranana ge sarua bae. Televisi, radio, hape,jeung barang elektronik sejenna geus lain barang aneh. Ngan pedah tina wangunan nu katagen masih basajan. Di Kampung Mahmud mah…

  • SISINDIRAN BAHASA SUNDA
    MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  SISINDIRAN

    SISINDIRAN BAHASA SUNDA

    Sisindiran téh asalna tina kecap "sindir" anu ngandung harti "omong an atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol". Luyu jeung éta anu disebut sisindiran dina sastra Sunda téh karya sastra anu ngaguna keun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu rék dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna.

  • DONGENG BAHASA SUNDA
    MATERI DONGENG SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DONGENG BAHASA SUNDA

    Dongéng nya eta carita anu tumuwuh di masarakat, sumebar sacara lisan ti hiji jalma ka jalma lian, ti hiji generasi ka generasi saterusna sarta eusina loba anu pamohalan. Hal anu pamohalan atawa teu asup akal dina dongéng upamana waé aya sasatoan bisa ngomong, parahu nangkub robah jadi gunung, jalma bisa hiber jeung sajaba ti éta. Dongéng téh mangrupa karya sastra lisan sabab sumebarna tatalepa sacara lisan, tapi sanggeus ayana kamajuan teknologi citak, réa dongéng anu disalin kana wangun tulisan.

  • KAWIH SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    KAWIH SUNDA

    Kawih téh jadi bagian tina kabeungharan seni Sunda. Dina élmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.

  • MATERI CARITA PONDOK SUNDA
    CARITA PONDOK,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    KUMPULAN MATERI CARITA PONDOK SUNDA

    Carita pondok (carpon) atawa dina basa Indonésia cerita pendek Carpen), dina basa Inggris short story, nyaéta karangan fiksi (rekaan) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeur an Rea nu nyebutkeun yén carpon mah karya nu populer jeung pikaresepeun, lantaran eusina réa nyaritakeun kahirupan sapo poe. Dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana Disebut pondok téh luyu jeung wangun caritana nu kaitung pondok. Henteu réa nu dicaritakeun, biasana ngan saépisodeu. Tokohna teu réa, museur kana hiji-dua kajadian, galurna basajan henteu ngarancabang, henteu loba pundah-pindah latar, sarta nga bogaan téma jeung amanat nu hayang ditepikeun ku pangarangna.

error: Content is protected !!