-
RUMPAKA KAWIH SUNDA
Kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh. Ngawih hartina ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ngawih sorangan disebutna Anggana Sekar. Ari ngawih babarengan disebutna rampak sekar.
-
SISINDIRAN BAHASA SUNDA
Sisindiran téh asalna tina kecap "sindir" anu ngandung harti "omong an atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol". Luyu jeung éta anu disebut sisindiran dina sastra Sunda téh karya sastra anu ngaguna keun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu rék dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna.
-
PUPUJIAN SUNDA
Pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian téh asalna tina sa’ir, nya éta puisi tina sastra Arab. Nu matak umumna pupujian wangunna téh méh taya bédana jeung sa’ir. Diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. Tapi aya ogé anu diwangun ku dua padalisan dina sapadana; genep padalisan dina sapadana; jeung sajabana. Purwakanti nu aya dina pupujian, umumna purwakanti laraswekas.
-
DONGENG BAHASA SUNDA
Dongéng nya eta carita anu tumuwuh di masarakat, sumebar sacara lisan ti hiji jalma ka jalma lian, ti hiji generasi ka generasi saterusna sarta eusina loba anu pamohalan. Hal anu pamohalan atawa teu asup akal dina dongéng upamana waé aya sasatoan bisa ngomong, parahu nangkub robah jadi gunung, jalma bisa hiber jeung sajaba ti éta. Dongéng téh mangrupa karya sastra lisan sabab sumebarna tatalepa sacara lisan, tapi sanggeus ayana kamajuan teknologi citak, réa dongéng anu disalin kana wangun tulisan.
-
KAULINAN BARUDAK SUNDA
Kaulinan bihari ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuyeuk-heuyeuk leungeun, biasana tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring batan ngawih. Béda jeung kaulinan éléktronis nu sifatna nyorangan.
-
PAGUNEMAN SUNDA
Paguneman téh nya éta Kagiatan nyarita dua arah nu dilakukeun ku leuwih ti saurang pikeun ngungkabkeun rasa, pikiran, kahayang luyu jeung tujuan nu dicaritakeunana.
-
SISINDIRAN SUNDA
Wangun jeung Eusi Sisindiran Salasahiji hasil karya sastra Sunda dina wangun puisi (ugeran), nyaéta sisindiran. Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, hartina omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun atawa henteu togmol.
-
KAWIH SUNDA
Kawih téh jadi bagian tina kabeungharan seni Sunda. Dina élmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.
-
KUMPULAN MATERI CARITA PONDOK SUNDA
Carita pondok (carpon) atawa dina basa Indonésia cerita pendek Carpen), dina basa Inggris short story, nyaéta karangan fiksi (rekaan) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeur an Rea nu nyebutkeun yén carpon mah karya nu populer jeung pikaresepeun, lantaran eusina réa nyaritakeun kahirupan sapo poe. Dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana Disebut pondok téh luyu jeung wangun caritana nu kaitung pondok. Henteu réa nu dicaritakeun, biasana ngan saépisodeu. Tokohna teu réa, museur kana hiji-dua kajadian, galurna basajan henteu ngarancabang, henteu loba pundah-pindah latar, sarta nga bogaan téma jeung amanat nu hayang ditepikeun ku pangarangna.
-
MATERI DRAMA BAHASA SUNDA
Sakapeung istilah drama téh sok dipaselupkeun jeung istilah téater. Tapi saéstuna mah éta dua istilah téh nuduhkeun harti anu béda, najan dina enas-enasna mah duanana gé nuduhkeun kana seni pagelaran atawa seni pintonan (pertunjukan). Istilah drama, asalna téh tina basa Yunani, dramoi, hartina ni ru-niru. Kitu deui téater, asalna tina basa Yunani, teatron, harti na tempat upacara pamujaan nu perenahna di tengah alun-alun (aréna). Aya deui istilah sandiwara, asalna tina basa Jawa, sandi (rusiah), wara(h), hartina pangajaran atawa atikan. Hartina sandiwara mah pangajaran anu ditepikeunana sacara samar atawa disilibkeun (dirusiahkeun).
-
MATERI SISINDIRAN BAHASA SUNDA
Sisindiran nyaéta karya sastra wangun puisi (ugeran) anu ditulis kalawan kréatif, diwangun ku cangkang jeung eusi, sarta diwengku ku pada (bait) jeung padalusan (baris). Unggal padalisan ilaharna diwangun ku dalapan engang (suku kata). Tujuana pikeun nepikeun eusi haté, pikiran, atawa pamaksudan ka jalma séjén bari henteu togmol téa. Nu dipiharep sangkan eusi omongan téh katarimana henteu matak kasigeung atawa nyeri haté.
-
MATERI BIOGRAFI BAHASA SUNDA
Biografi téh aslana tina basa Inggris biography. Bio hartina hirup jeung graphy hartina catetan atawa tulisan. Tuluy éta kecap téh diaku ku basa Indonésia, sarta éjahanana diluyukeun jadi biografi. Kiwari kecap biografi geus bisa dipaké ku urang sunda pikeun nuduhkeun lalakon hirup hiji jalma.
-
MATERI WAWACAN BAHASA SUNDA
Wawacan téh carita panjang atawa naratif, tap iaya ogé anu mangrupa dadaran (déskriptif), anu dianggit dina wangun pupuh. Wangun pupuh Mimiti dipikawanoh ku masarakat Sunda, utamana ku kaum ménak sabada aya pangaruh ti mataram dina abad ka-17.
-
TARJAMAHAN SUNDA
Tarjamahan téh sok disebut ogé alih basa, nyaéta mindahkeun téks dina basa sumber (asal) kana basa sejen (anyar). Narjamahkeun disebut ogé nyalin atawa mindahkeun hji basa kana basa séjén. Kagiatan narjamahkeun téh kacida pentingna, lantaran teu kabeh jalma ngarti atawa paha kana unggal basa anu dipake atawa digunakeun ku jalma séjéna Lian ti tarjamahan, aya ogé istilah saduran atawa nyadur. Saduran mah narjamahkeun karya sastra tina basa asing, ku cara nulad jaan caritana wungkul, ari ngaran tokoh jeung jalan caritana mah diluyukeun kana kaayaan urang.
-
MATERI CARITA BABAD SUNDA
Dina kabeungharan pustaka sunda aya sawatara naskah buhun (manuscript, handscript) nu digolongkeun kana kelompok babad. babad nyaéta wanda carira anu ngandung ajén sajarah atawa raket hubunganana jeung sajarah. istilah babad dona pustaka sunda teéh asalna ti jawa. samémehna mah disebut carita baé. upama carita parahiyangan, carita ratu pakuan jeung carita waruga guru. iwal ti éta istilah séjén nu dipake dina pustaka Sunda téh sajarah, misalkan sajarah sukapura.