• MATERI CARITA PONDOK KELAS 8
    CARITA PONDOK,  MATERI CARITA PONDOK,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI CARITA PONDOK SMP KELAS 8

    Karangan anu tadi dibaca ku hidep téh disebut carpon. Carpon téh singgetan tina carita pondok, nyaéta karya sastra anu direka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok. Ukuran pondok di dieu biasana dicirian ku jumlah kecapna ukur 5.000-7.000 karakter. mun diketik dina kertas A4 mah jumlahna antara 4-7 kaca. Ku lantaran pondok, carpon mah sok dimuat dina majalah atawa koran Tapi ukuran pondok di dieu mah rélatif, teu jadi ukuran anu tangtu. Upama nilik eusina, jalan carita atawa galur carpon mah ilaharna sajalur, tara réa-réa tur teu pajurawet kawas novel. Kitu deui latar atawa sétting-na, éstu digambarkeun saeutik pisan, tara papanjangan Pon kitu deui palakuna, tara loba teuing. Istilah carpon…

  • KUMPULAN SOAL MANDU ACARA SUNDA
    KUMPULAN SOAL BASA SUNDA,  MC SUNDA

    50+ KUMPULAN SOAL MANDU ACARA SUNDA

    11. Panata acara kudu enya-enya apal kana runtuyan acara .... a. sabada acara lumangsung b. dina mangsa acara lumangsung c. saméméh acara lumangsung d. ti nu rék ngeusian acara 12. Dina prakna mah panata acara téh kudu miboga sora anu bedas jeung tétéla, taya bédana jeung .... a. tembang c. maca sajak b. ngadongéng d. biantara 13. Dina acara “Paturay Tineung SMP”, salian ti acara poko téh sok aya acara ... deuih. a. silaturahmi c. biantara b. ngalagu wajib d. hiburan

  • MATERI MANDU ACARA SUNDA
    MATERI MC SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI MANDU ACARA BASA SUNDA SMP KELAS 8

    Panata acara disebut ogé protokol atawa MC (master of ceremony) dina basa Indonésia disebut pembawa acara. Panata acara téh miboga pancén pikeun ngatur acara resmi, sangkan acara lumangsung luyu jeung jadwal anu geus ditangtukeun. Dina kagiatan sapopoé acara anu diatur ku panata acara téh di antarana: (1) rupa-rupa gempungan, rapat, sawala, ceramah, jsb; (2) upacara, kaasup upacara bendera, upacara adat, upacara muka jeung nutup kagiatan, jsb. Upama hidep meunang pancén jadi panata acara, aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun, sangkan dina prakna bisa lancar.

  • GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH
    MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH

    Guguritan téh sok disebut ogé dangding nyaéta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh. Disebut pondok sotéh mun seug dibandingkeun jeung wawacan, anu sarua ditulis dina wangun pupuh. Eusina ogé biasana mangrupa hiji kajadian, kaayaan, atawa poko pikiran. Ku lantaran pondok téa, umumna pupuh dina guguritan mah henteu gunta-ganti. Sakapeung ngaran pupuhna ogé sok diterapkeun dina judul éta guguritan, saperti "Asmarandana Lahir Batin" beunang R.A. Bratadiwijaya, "Kinanti jeung Indung Turun" beunang Kalipah Apo.

  • GUGURITAN PUPUH SINOM KINANTI EUSI JEJER
    MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GUGURITAN : TEMA RASA NADA AMANAT SEKAR ALIT & AGEUNG

    Guguritan asalna tina kecap "gurit” anu hartina nyusun karangan. Dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, hartina sarua baé nyaéta némbongkeun pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan wangun dangding. Guguritan nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh Guguritan kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kabeungkeut ku patokan anu tangtu, nyaéta patokan pupuh. Lamun dicindekkeun mah guguritan téh karangan pondok anu ditulis dina wangun pupuh. Ku lantaran pondok téa biasana mah ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan. Eusina ogé henteu ngawujud carita (naratif). Dibacana biasana mah dihari ringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh éta.

  • MATERI GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA,  MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI GUGURITAN BAHASA SUNDA SMP KELAS 8

    Aya 17 pupuh anu dipaké pikeun dadasar nyusun guguritan, nyaéta 4 sekar ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula [disingget KSAD]) jeung 13 sekar alit (Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Wirangrong). Tiap pupuh ngabogaan watek, guru wilangan, jeung guru lagu masing-masing.

  • 50+ KUMPULN SOAL DRAMA SUNDA KELAS 7
    DRAMA SUNDA,  KUMPULAN SOAL BASA SUNDA

    50+ KUMPULAN SOAL DRAMA SUNDA SMP KELAS 9

    1. Naskah drama téh karya sastra anu ditulisna dina wangun …. a. narasi b. pupuh c. paguneman d. sajak 2. Péréléan palaku dina naskah drama sok ditulisna dina bagian …. a. awal naskah b. ahir naskah c. tengah-tengah naskah d. awal jeung ahir naskah 3. Sabaraha urang ari palaku dina naskah drama? a. saurang b. tilu urang c. dua urang d. leuwih ti saurang

  • DRAMA SUNDA PALAKU BABAK CANDRAAN EPILOG
    MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DRAMA SUNDA: PALAKU BABAK CANDRAAN PROLOG & EPILOG

    Carita drama, atawa anu populér ku sebutan naskah drama, mangrupa wangun karya sastra anu ditulis maké basa paguneman (dialog). Saluyu jeung ngaranna, naskah drama téh ditulis keur kaperluan midangkeun pagelaran drama. Ditilik tina jihat strukturna, naskah drama téh sahenteuna diwangun ku genep aspék: Palaku téh nyaéta jalma anu ngalalakon dina naskah drama. Palaku dina naskah drama bisa dua urang, bisa ogé leuwih ti dua urang (welasan jalma atawa puluhan jalma). Lamun palakuna ngan saurang, disebutna drama monolog.

  • MATERI DRAMA BAHASA SUNDA
    MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    DRAMA SUNDA: PERKARA CIRI WANGUN & TEKS NASKAH

    drama, nyaéta karangan anu ditulis dina wangun paguneman antara tokoh-tokohna, biasana sok dipintonkeun dina luhur panggung. Dina sastra Sunda drama kaasup karya anu anyar. Disebut anyar téh ayana béh dieu. Saméméh aya drama, di tatar Sunda geus aya gending karesmén jeung sandiwara atawa nu sok disebut tunil tea, aya ogé anu disebut longsér. Ka dieunakeun aya seni teater. Nu disebut gending karesmén, nyaéta drama anu paguneman antar tokohna téh dilagukeun. Drama mah mangrupa gabungan tina sagala cabang seni. Aya seni tari, seni suara, seni peran, seni musik, seni rupa, jeung seni sastra. Panglengkepna wé, da sagala cabang seni aya dina drama. Unsur-unsur drama sarua jeung karya sastra séjénna, aya palaku,…

  • MATERI DRAMA SUNDA KELAS 7
    MATERI DRAMA SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    MATERI DRAMA BAHASA SUNDA SMP KELAS 9

    1. PERKARA DRAMA Kecap drama asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina niru atawa niron-niron. Nurutkeun Kamus LBSS, drama (basa Walanda) nyaéta (1) carita sandiwara nu matak sedih, jeung (2) carita nu matak kukurayeun jeung matak pikasediheun. Jadi bisa dicindekkeun yén drama téh nyaéta karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan séjénna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran). 2. CIRI DRAMA Drama mibanda ciri pangutamana, nyaéta ayana konflik atawa émosi nu husus disusun pikeun pertunjukan téater. Drama ogé kaasup kana sastra lalakon, sabab nu digambarkeun dina drama mah paripolah palaku. Para palaku téh langsung maén (lahir jeung batinna), sarta dina paguneman (dialog), atawa…

error: Content is protected !!