• CONTOH PANATA ACARA PATURAY TINEUNG BAHASA SUNDA
    MC SUNDA

    CONTOH PANATA ACARA PINTONAN SENI BAHASA SUNDA

    Matak reueus tur ajrih ka para pahlawan. Aranjeunna parantos babakti ka lemahcai, iklas rido nandonkeun jiwa sareng raga kanggo kamerdékaan ieu nagri. Pamugi kawih anu nembé dihaharingkeun sing janten pieunteungeun kanggo urang sadaya. Teras bajoang kanggo kamaslahatan balaréa. Bapa miwah Ibu, hormateun sim kuring! Acara salajengna nyaéta biantara pangbagéa. Biantara anu kahiji badé didugikeun ku Bapa Usép Kusnandar, Ketua RW 01. Sumangga kersana Bapa Usép Kusnandar dihaturanan!

  • CONTOH PANATA ACARA PATURAY TINEUNG BAHASA SUNDA
    MC SUNDA

    CONTOH PANATA ACARA HALAL BIHALAL BAHASA SUNDA

    Halal bil Halal badé ngaruntuy dina sababaraha mata acara, nyaéta 1. Bubuka 2. Ngaoskeun Ayat Suci Al Qur’an 3. Laporan Pupuhu Panitia 4. Biantara Pangbagéa ti Ketua Komite 5. Pintonan seni ti artis-artis SMPN………. 6. Ceramah Tausiah Halal bil Halal anu badé didugikeun Ku Pangersa Bapa Ustad….. 7. Biantara Pangbagéa ti Bapa Kapala Sakola 8. Pagelaran Drama 9. Panutup/Du’a 10. Musafahah

  • CONTOH PANATA ACARA PATURAY TINEUNG BAHASA SUNDA
    MC SUNDA

    CONTOH TEKS NASKAH PANATA ACARA BAHASA SUNDA

    Salajengna sim kuring ngahaturanan Sadérék Syifa Rahmawati kanggo maoskeun ayat suci Al Qur’an. Sumangga dihaturanan! Galindeng ayat suci Al Qur’an pamugi sing janten cukang lantaran ngocorna rohmat sareng barokah Alloh ka urang sadaya. Amin! Hadirin hormateun sim kuring! Nincak acara nu katilu, nyaéta biantara laporan pupuhu Panitia Paturay Tineung. Sumangga kersana Bapa Drs. Galih Sundana dihaturanan! ………….. Hatur séwu nuhun ka Pupuhu Panitia, kersana Bapa Drs. Galih Sundana anu parantos ngadugikeun biantara laporanana. Salajengna, sumangga urang sami-sami ngabandungan hariring kawih “Sabilulungan” anu badé dipintonkeun ku Rampak Sekar ti kelas tujuh. Sumangga dihaturanan!

  • CONTOH PANATA ACARA PATURAY TINEUNG BAHASA SUNDA
    MC SUNDA

    CONTOH PANATA ACARA PATURAY TINEUNG BAHASA SUNDA

    Assalamu ‘alaikum warrohamtullohi wabarokatuh! Bapa miwah Ibu, hadirin sadayana hormateun sim kuring. Langkung tipayun sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Alloh Swt., réhna dina danget ieu urang sadayana tiasa ngempel ngariung di ieu patempatan. Solawat sinareng salam mugia didugikeun ka jungjunan urang sadayana, Kangjeng Nabi Muhammad Saw., ka kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka jalmi-jalmi anu tumut ka mantenna. Salajengna sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Bapa miwah Ibu kalih hadirin sadayana anu parantos kersa rurumpaheun sumping kana ieu acara, nyaéta acara Paturay Tineung sareng pangjurung dunga ka para siswa anu parantos lulus ti ieu sakola. Pamugi ieu acara téh aya dina rido sareng kénging barokah ti Alloh Swt. Amin.

  • MATERI MC SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GIRANG ACARA BASA SUNDA

    Dina hiji acara, urang sok ningal aya jalma anu kapapancénan ngatur acara, anu ilahar sok disebut panata acara atawa MC (Master of Ceremony). Pancénna purah nyusun runtuyan acara, nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana anu midang atawa cacarita dina éta acara. Sagédéngeun panata acara, aya deui anu disebut panumbu catur atawa sok katelah modérator. Ieu ogé pancénna méh sarua, purah ngatur lumangsungna hiji acara. Bédana, panumbu catur mah ilaharna sok dipaké dina acara sawala atawa diskusi. Éta anu dua téh urang sebut baé girang acara, nyaéta jalma anu miboga pancén ngatur lumangsungna hiji acara. Boh panata acara boh panumbu catur, diperedih kudu bisa nyarita kalawan lancar, sora anu ngoncrang ngarah jéntré kadengéna,…

  • MANDU ACARA PANATA ACARA MC SUNDA
    MATERI MC SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    PANATA ACARA BASA SUNDA

    Dina acara resmi, biasana mah sok dijejeran ku panata acara. Panata acara disebut ogé protokol atawa MC (master of ceremony), dina basa Indonésia disebut pembawa acara. Pancén panata acara téh nyaéta ngatur acara-acara resmi, sangkan acara lumangsung luyu jeung jadwal anu geus ditangtukeun. Saupama digurat-badagkeun, pancén panata acara téh ngawengku opat hal: (1) muka acara; (2) ngajelaskeun runtuyan acara; (3) nyambungkeun acara, jeung; (4) nutup acara.

  • MATERI MC SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MC SUNDA

    MATERI PANGJEJER ACARA BASA SUNDA SMP KELAS 8

    Ngajénan acara téh bisa dihartikeun ngatur acara. Ari jalma anu ngajejeran acara téh disebutna pangjejer. Ari jalma nu ngajejeran acara téh disebutna pangjejer acara atawa panata acara. Tapi istilah nu sohor mah master of ceremony (MC). Aya ogé nu disebut présenter, host, atawa pemandu acara. Ari pancén utama pangjejer acara téh ngatur jalanna acara sangkan tartib tur lancar. Ku kituna, mun urang jadi panata calagara, butuh kaahlian jeung kaparigelan Loba nu hayang jadi panata calagara téh Lantaran cenah honorna gedé. Piraku urang teu apal ka Ramzi, Ivan, Andika, Rina Nose, Rafi Ahmad, Rubben Onsu atawa Jesica Iskandar? Kabehanana ogé pangjejer acara anu geus sohor tur remen midang aina TV Hidep…

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    GUGURITAN PUPUH SINOM BAHASA SUNDA

    Ka Alun-Alun Bandung Ngalanglang ka Kota Kembang, Bapa, Mamah, Adé, kuring, mios satengah dalapan, tabuh sabelas can dugi, macét téh di Cileunyi, alah ieung mani ripuh, hawa panas kacida, teu eureun-eureun kikiplik, tapi angger hawa téh beuki bayeungyang. Kuring wawartos ka Bapa, teu kiat hoyong ka cai, saur Bapa tahan heula, sakedap deui gé dugi, di payun téh pom béngsin, di dinya bisa tarurun, pék bari jajan heula, ngadagoan ngeusi bénsin, mun manjing mah bisa bari lohor heula. Jalan macét geus kaliwat, Si Adé geus seuri deui, Mamah gé hahariringan, teu lila nepi pom bénsin, geuwat kuring ka cai, lumpat bari rada rusuh, atuda tos teu kiat, hoyong ka cai…

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    CONTOH GUGURITAN PUPUH KINANTI BAHASA SUNDA

    Bandung Ayeuna Bandung geus heurin ku tangtung, nu datang ti mana mendi, loba nu ngadon usaha, atawa nu ngadon cicing, balatak ku nu daragang, matak heurin anu ulin. Toko-toko pararinuh, trotoar heurin ku parkir, pabeulit jeung nu balanja, pahibut nu barangbeuli, adu tawar ramé pisan kasawur ku sora mobil sorana patinggarerung, angkot pabeulit jeung taksi, riweuh néangan panumpang, pada-pada embung rugi, puguh diudag setoran, balik kudu meunang bati.

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    CONTOH GUGURITAN PUPUH ASMARANDANA BAHASA SUNDA

    Guguritan dina Pupuh Asmarandana Budak Bangor Kacatur Arman jeung Andi, budak sakola ti kota, di kelas ngan heureuy baé, diajar sakahayangna, lamun dipapatahan, tara ieuh daék nurut, dasar adatna wangkelang. Hiji poé baradami, éta budak nu duaan, arék arulin ka warnét, kajeun bolos ti sakola, teu mikir akibatna, nurut laku nu teu puguh, kaleungitan akal séhat. Caritana enggeus nepi ka warnét di deukeut pasar, lumayan tempatna ramé, puguh da loba nu dagang, Andi kadua Arman, di warnét diukna nyumput meureun sieun kanyahoan.

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    CONTOH GUGURITAN PUPUH MIJIL BAHASA SUNDA

    Di Mekah Tepung Silaturahmi Jamaah téh asal béda nagri, ti wétan ka kulon, nagri kidul katut nagri kalér, rupa-rupa bangsa pada hadir, mungguh umat Nabi, kabéh gé kasaur. Di Mekah tepung silaturahmi, patanya patakon, silihrérét loba anu anéh, nyidik-nyidik kulit warna-warni panon, irung, biwir, dedegan nya kitu. Ku pakéan gé matak kataji, godéblag berelong, potonganna gobrah jeung godobér, nu disarung jeung nu disamping, kabéh narik ati, runtut raut rukun.

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    CONTOH GUGURITAN PUPUH SINOM BAHASA SUNDA

    Ka Kebon Binatang Ulin ka kebon binatang, (8-a) di Bandung di Taman Sari, (8-i) kuring ulin téh opatan, (8-a) Bapa, Mamah, Tétéh, kuring, (8-i) di jalan suka seuri, (7-i) datang téh tabuh sapuluh, (8-u) nu ka lokét mung Bapa, (7-a) maksudna ngagaleuh karcis, (8-i) sedeng kuring tiluan nungguan heula. (12-a) Teu lila ronghéap Bapa, (8-a) bari ngiwir-ngiwir karcis, (8-i) ngajak kuring saréréa, (8-a) muru gerbang beulah sisi, (8-i) Bapa anu mimiti, (7-i) mapah angkatna ti payun, (8-u) Tétéh pengkereunana, (7-a) leumpang bari sura-seuri, (8-a) bungah pisan pareng ka kebon binatang. (12-a) Tuluy kuring saréréa, (8-a) ngantay asup hiji-hiji, (8-i) singhoréng lega kacida, (8-a) jaba hawana gé tiis, (8-i) seger kaliwat…

  • CONTOH GUGURITAN SUNDA
    GUGURITAN SUNDA

    CONTOH GUGURITAN SUNDA PUPUH KINANTI

    guguritan dina pupuh kinanti anu ngalalakon (nyaritakeun hiji kajadian). Eusina nyaritakeun kagiatan urang waktu hudang saré subuh nepi ka indit ka sakola. Rupa-rupa kajadian bisa kaalaman. Geura pék baca sing gemet guguritan di handap Kabeurangan ka Sakola Kuring hudang subuh-subuh, (8-u) gura-giru tuluy mandi, (8-i) geus mandi maké saragam, (8-a) henteu poho maké dasi, (8-i) geus dangdan tuluy sasarap, (8-a) geus rapih mah tuluy indit. (8-i) Naék angkot asa rusuh, (8-u) asup gé henteu tarapti, (8-i) diuk téh rada ngajengkang, (8-a) diseungseurikeun ku supir, (8-i) beungeut beureum sabab éra, (8-a) da saangkot milu seuri. (8-i)

  • 50+ KUMPULAN SOAL DONGENG SUNDA KELAS 7
    DONGENG SUNDA,  KUMPULAN SOAL BASA SUNDA

    50+ SOAL DONGENG BAHASA SUNDA SMA KELAS 10

    1. Carita rékaan anu ngabogaan unsur pamohalan disebut .... a. carpon b. novél c. dongéng d. éséy e. biografi 2. Salasahiji ciri dongéng téh anonim, maksudnya nyaéta .... a. sumebarna sacara lisan b. sumebarna sacara tinulis c. kanyahoan anu ngarangna d. teu kanyahoan saha anu ngarangna e. ngabogaan amanat 3. Dongéng sasakala anu asalna ti Kabupatén Garut nyaéta .... a. Sasakala Kalapa Genep b. Sasakala Situ Bagendit c. Sasakala Leuwi Ronggéng d. Sasakala Situ Cileunca e. Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

error: Content is protected !!