-
CONTOH PANUMBU CATUR BAHASA SUNDA
Panumbu Catur : Hadirin, dina jirangan (sesi) nu ka dua ieu, jejer bahasan téh sabudeureun “Ningkatkeun Aprésiasi Sastra Sunda di Kalangan Siswa SMA.” Anu janten pangjejerna nyaéta pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati. Alhamdulillah dina danget ieu anjeunna parantos aya di tengahtengah urang sadaya (Anjeunna masih kénéh calik dina korsi tamu, digéndéng ku kepala sekolah). Sumangga ka pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati dihaturanan ka payun. Hatur nuhun. (Sabada tarapti sapuratina, kakara panumbu catur mimiti nyarita) Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh. Kalayan ati nu wening, sumangga urang sami-sami muji sukur ka Allah SWT. tina sugri ni’mat anu parantos dilélérkeun ka urang sadaya. Kalayan widi-Na urang parantos dilawungkeun dina ieu pasamoan kalayan kawilujengan. Kanggo mitembeyan…
-
PANUMBU CATUR TENTANG SAWALA TATAKRAMA BAHASA SUNDA
Panumbu Catur : Sadérék sadayana, tah kitu geuning pedaran ti Kelompok Lima téh. Cindekna mah tatakrama basa téh dipaké pikeun silih ajénan antar jalma nu nyaritana. Nanging, bilih di antawis sadérék aya anu teu acan patos jelas atanapi badé nambihan kana pedaran ti kelompok nu midang, mangga dihaturanan. Nu badé naroskeun atanapi sasauran, dipiharep ngacungkeun panangan sareng nyebatkeun jenengan katut kelompokna. Rika : Hatur nuhun, abdi Rika ti Kelompok Hiji. Sim kuring badé nambihan pedaran anu didugikeun ku Kelompok Lima di payun. Bawiraos, sanaos urang nganggo basa anu mérénah, nanging dina émprona mah urang ogé peryogi merhatoskeun lentong atanapi intonasi. Margi lentong ogé baris mangaruhan rasa basa anu dipakéna. Lentong…
-
MATERI PANUMBU CATUR BASA SUNDA
Panumbu catur atawa moderator téh sakapeung disaruakeun jeung panata acara atawa MC (mater of ceremony). Panumbu catur jeung MC téh aya bedana. Panumbu catur nyaéta anu nyepeng kadali (ngatur jeung ngokolakeun) dina hiji jirangan (sesi) kagiatan. Ari panata acara mah nyepeng kadali sakabeh kagiatan. Moderator téh pancéna jalma anu minangka panengah (hakim atawa wasit) dina hiji kagiatan, boh sawala/rapat boh diskusi. dina lumangsungna acara diskusi, panumbu catur kudu boga sikep nétral, ojéktif atawa teu mihak kana salah sahiji pihak. Upama aya konflik di tengah-tengah lumangsungnana acara, panumbu catur kudu bisa jadi panengah.
-
CONTOH RESENSI SUNDA
Judul Film: Kabayan Jadi Milyuner Jenis Film Drama/comedy Pemain Jamie Aditya (kabayan), Rianti Cartwright (Iteung), Amink (armasan), Christian Sugiono (boss rocky), Slamet Rahardjo (ustadz soleh) , Didi Petet (abah), Meriam Bellina (ambu), Melly Goeslow (seketaris) Produksi: Starvision Sutradara: Guntur Soeharjanto Produser: Chand Parvez Servia
-
MATERI RESENSI BAHASA SUNDA
Istilah résénsi asalna tina basa Belanda resentie, serepan tina basa Latin resecio, recencere, jeng revidere, nu hartina nepikeun (nyaritakeun) deui. Nilik kana harti kitu, nu disebut résénsi téh nyaéta ngajén atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, pilem atawa pintonan drama jeung musik (konsér). Cindekna resensi téh nyoko kana kagiatan meunteun atawa ngajén hiji karya atawa pintonan seni nu tujuanana pikeun méré informmasi jeung ngagambarkeun kaunggulan jeung kahéngkéran keur nu maca atawa lalajo.
-
MATERI KAWIH SUNDA KELAS X
Nu dimaksud kawih téh nyaéta sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda. Kecap pagawéanana mah 'ngawih'. Dina basa Indonésia mah lagu atawa nyanyian, kecap pagawéanana menyanyi. Hartina, lamun urang hahariringan atawa nyanyi, éta téh hartina urang keur ngawih. Kawihna mah naon baé, rék diala tina sisindiran, pupujian, tembang pupuh, kaulinan barudak, dermayonan, atawa nu séjénna. Matéri kawih geus aya ti baheulana. Dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu ditulis taun 1518 M, di dinya disebutkeun ngaran rupa-rupa kawih nyaéta kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalaguan, kawih panyaraman, kawih sisi(n)diran, kawih péngpélédan, bongbongkaso, perérané, porod eu rih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung, kawih sasa(m)batan, sareng kawih igel-igelan. Ceuk…
-
15+ CONTOH PANUMBU CATUR BASA SUNDA
Panumbu catur : Assalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakaatuh Wilujeng Siang, Sampurasun, Sadérék sadayana, danget ieu simkuring kapapancénan janten panumbu catur sawala kelompok anu badé dijejeran ku KelompokVII. Anu badé dipedar ku Kelompok VII ayeuna perkawis mangpaat témpé pikeun kaséhatan. Nanging sateuacan kelompok VII ngadugikeun matérina, simkuring badé ngawanohkeun anggota kelompok saurangsaurangna. Anu palih tengen, Sadérek Dana, anu palih tengah Sadérék Dani, sareng anu palih kiwa sadérék Dini. Anu mancén janten notulén nya éta sadérék Dina gédéngeun simkuring. Sadérék sadayana, supados teu nyangkolong kana waktos, mangga ka sadérék Dana, Dani, sareng Dini kanggo ngadugikeun matérina. Penyatur 1 (Dana) : Hatur nuhun ka Sadérérék Danu anu parantos maparinan waktos ka simkuring kanggo ngadugikeun matéri…
-
CONTOH KAMPUNG ADAT SUNDA
Kampung Budaya Sindangbarang téh perenahna di Sindangbarang, Désa Pasireurih, Kacamatan Tamansari, Kabupatén Bogor Barat. Anggangna kira-kira 5 kilométer ti Kota Bogor. Kawilang babari upama urang hayang ngajugjug ka ieu tempat. Bisa tumpak angkot jurusan Sindangbarang, turun di pertelon. Ti dinya mah kari tumpak ojég. Jalanna kawilang nanjak sarta loba péngkolan. Tapi upama geus anjog ka Kampung Budaya, urang dipapagkeun ku pamandangan alam nu matak waas. Leuweung maleukmeuk di jauhna. Imah-imah panggung parentul. Ngajajar asri tur hégar katénjona. Aya Imah Gedé, nyaéta imah pupuhu kampung nu nampeu ka lahan nu lega ngagemblang, kawas alun-alun. Di sisi ieu lahan ngadarangong leuit nu suhunanana nyarungcung éndah pisan. Tangkal kalapa jeung awi tingrunggunuk di…
-
15+ CONTOH NASKAH BIANTARA BAHASA SUNDA
Sugrining puji kalih syukur urang sanggakeun ka dzat Illahi Robbi, Alloh Subhanahuata’ala, anu parantos maparin taofik sareng hidayah ka urang sadaya, maparin nikmat alit ni’mat ageung nu taya kendatna dugi ka urang tiasa riung kempel di ieu tempat teu aya sanés anging ku kudrat sareng irodat ti manten-Na. Ogé teu hilap solawat miwah salam mugia salamina ngocor ngagolontor ka paduka alam jungjungan urang sadaya, nyatana Habibana Wanabiyana Muhammad Saw., ka sadaya kulawargan, ka para sahabatna, tug tiasa dugi ka urang sadaya salaku umatna, mudah-mudahan kéngéng safatul uzma ti mantennta engké di yaumal zaja walhisab, amin ya robbal alamin.
-
CONTOH TEKS PAGUNEMAN SUNDA
Rama: “Kang naha nya nagara urang téh ning nuju berkembang tapi perkembanganana seueur dampak anu teu saé?”…” Alis: “Muhun kang, kitu ogé sareng budaya urang sundana. Diantawisna, karya seni tos jarang deui kakuping sapertos wayang golék tos langki dipagelarkeun dina hajatan, malihan mah tos seueur anak, incu, buyut urang sunda anu teu tiasa sareng alim nyarios ku basa sunda.” Kang Ahmad: “Éta téh éfék tina urbanisasi, seueur kota-kota ageung di tatar sunda anu jadi targét urbanisasi, sapertos, Bandung, Bogor, Bekasi, Karawang.” Rama: “Naha kumaha tiasa kitu, Kang?” Kang Ahmad: “Kapan tatar sunda téh caket sareng ibu kota nagara nyaéta Jakarta, seueur éfék sapertos pangwangunan ogé janten énggal pisan, tapi seuseueurna…
-
CONTOH KAULINAN BARUDAK BAHASA SUNDA
Oray-orayan luar-leor mapay sawah Entong ka sawah, parena keur sedeng beukah Oray-orayan luar-leor mapay kebon Entong ka kebon, loba barudak keur ngangon Oray-orayan luar-leor mapay leuwi Mending ge teuleum, di leuwi loba nu mandi Saha nu mandi? Anu mandi di pandeuri. ri...................ri............ri.............ri.......... ( Dicutat tina buku “ BINTJARUNG no 157, kénging Mang Koko sareng M.O Koesman taun 1959,kaca 23 – 25 ) Dina ngawihkeun éta kaulinan,barudak dijadikeun tilu jajar,sajajarna sapuluh urang. Unggal jajaran nangtungna nguntuy katukang, ti mimiti pangjangkungna nu jadi huluna, tepi ka nu pangpendékna nu jadi buntutna, bari pacekel-cekel cangkéng. Unggal jajaran kudu bisa maju luar léor nurutan oray,tapi antayan teu meunang pegat.
-
TEKS WARTA BAHASA SUNDA
BANDUNG, (PRLM).- Kacapi multilaras karya Ali Sastraamidjaya, dipintonkeun ku maéstro seni karawitan Sunda, Haji Riskonda, mirig lagu “Nineung” anu dihaleuangkeun ku juru tembang Fitri jeung Héndi. Najan geus umur 40 taun leuwih, sorana masih kénéh kadangu halimpu, matak kagagas anu ngadangukeun. Lain ngan ukur kagagas ngadangu sora jentréng kawat kacapi anu ditabeuh, tapi ogé dadaran ngeunaan kasang tukang sajarah kacapi anu dijieun taun 1972.
-
CONTOH DONGENG SASAKALA BAHASA SUNDA
Jaman baheula, aya awéwé anu kacida beungharna. Rajakayana bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah. Hanjakal meditna teu katulungan. Ku urang lembur, éta awéwé téh katelah Nyi Endit, ku medit-meditna. Pagawéan Nyi Endit téh sapopoéna ngitung-ngitung rajakaya bisi aya anu cocéng atawa leungit. Rajakayana unggal waktu nambahan jeung beuki ngagunung, da puguh tara pisan di paké. Ari sababna, sagala lebar, sagala nyaah. Tong boro dipaké tutulung ka batur, dalah dipaké ku dirina sorangan gé kahayangna mah ulah.
-
15+ CONTOH CARITA WAYANG BAHASA SUNDA
Arya kumbakarna teh saurang pati ti karajaan Alengka Dirja. Ciri khasna teh nyaeta awakna nu gede, buluan dadana sabab manehna katurunan Buta atawa Dewana. Arya gaduh lanceuk nu ngaranna teh Dasa Muka alias Rahwana ti karajaan Angkara Murka jeung kejam. Rahwana oge ngagaduhan pun adi anu ngaranna teh Gunawan. Tapi sifatna sabalikna ti Rahwana. Gunawan anu dianggap pembelot ku Rahwana sabab Gunawan ngahiji sareung musuhna nyaeta Ramayana.
-
CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDA
Daék sotéh ka cinangka Ka cisitu mah teu purun Daék sotéh ka nu dipita Kanu itu mah teu purun Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol néangan élmu Nu guna dunya ahérat Majar manéh cengkeh koneng Kulit peuteuy dina nyiru Majar maneh lengkéh konéng Kulit beuteung mani nambru