-
CONTOH LAPORAN KAGIATAN TENTANG JURNALISTIK SUNDA
Lain ukur wayang kumaha dalang téh. Tukang nyieunna gé sarua deuih. Nasibna gumantung ka dalang. Di Soreang, Kabupaten Bandung, aya tukang nyieun wayang golék, modalna pas pasan. Imahna di Kampung Babakan RT 03/02. Desa Pameuntasan. Kurang leuwih 5 KM mun ti kantor Kabupaten Bandung mah. Mun ti Bandung, ti Ji. Kopo asupna. Mengkol lebah sasak Citarum, ka katuhu. Ti dinya mapay jalan sisi Citarum. Kurang leuwih 2 KM anggangna. Ngaranna Yoyon Sutisna, 36 taun, nelahna Ujang Oyon, Geus 20 taun nyieunan wayang golékna téh. Hasilna loba dipake ku para dalang, pangpangna dalang madya. Sebut wé. Dalang Suryana ti Soreang. Dalang ade Sudarajat ti Geger Kalong. Dalang Dudung Sudrajat til Sariwangi,…
-
LAPORAN KAGIATAN TENTANG WISATA LALAMPAHAN SUNDA
Bisa ulin ka Paris téh kabeneran. Batur saimah kos nu keur sakola tingkat master di Universiteit Leiden, taun kamari nganjang ka Paris. Manéhna nyaritakeun cara miang ti Leiden ka Paris bari waragadna kaitung murah. Maké beus wisata Eurolines, tapi kudu pesen tiket 6 anggalna. Nya pesen téh pertengahan Nopember 2009 pikeun indit tanggal 9 Januari, balik 12 Januari 2010, keur soranganeun. Harga tiket 39 euro, meulina ngaliwatan internet, ti situs eurolines.com. Tikétna dikirim liwat surélék (e-mail) terus dicitak ku urang pikeun bukti ka supir beus.
-
CONTOH LAPORAN KAGIATAN TENTANG PRAMUKA BAHASA SUNDA
1. Kasang Tukang Kagiatan Kiwari remen kabéjakeun dina TV atawa koran, aya barudak sakola anu tawuran atawa garelut. Kitu deui, réa kabéjakeun siswa anu maké internet teu luyu jeung étika. Ku lantaran kitu, perlu ayana atikan karakter ka siswa. Salasahiji kagiatan anu bisa ngamalirkeun bakat minat, jeung kamampuh siswa bari jeung ngalatih karakterna téh ngaliwatan atikan kapramukaan atawa gerakan pramuka di sakola. Ngaliwatan kagiatan pramuka, dipiharep siswa bisa némbongkeun manusa nu mibanda kapribadian jeung kalemesan budi, seukeut mikir (pinter) jeung tohaga fisikna. Lian ti éta dipiharep bisa ngajanggélék jadi tangtungan manusa Indonesia anu mibanda jiwa Pancasila jeung nasionalisme anu pageuh. Pikeun nedunan harepan-harepan kitu, perlu diayakeun kagiatan diajar di lapangan…
-
15+ CONTOH CARITA PONDOK SUNDA
Geus sababaraha poé di imah téh huluwar-hiliwir waé bau bangké. Ulak-ilik kana handapeun bupét, bisi aya bugang beurit, teu aya nanaon. Kurah-koréh di buruan nu héjo ku kekembangan bisi aya oray atawa bangkong paéh, angger euweuh. “Naha naon nya Mah, nu matak bau téh?” ceuk kuring ka Mamah nu keur anteng kaprak-keprek di dapur. “Duka atuh, Mamah gé héran,” waler Mamah. “Ngan ku Mamah diperhatikeun, nu bau téh jolna ti garasi,” saur Mamah deui. “Ti garasi Mah?” kuring héran. “Enya, jung geura pariksa ku Tatan,” waler Mamah.
-
15+ CONTOH CARPON BASA SUNDA
Geus saminggu dipaparin pancén ku Ibu Guru di sakola. Nepi ka ayeuna can sakotrét-kotrét acan. Mangkaning kudu dibawa poé isuk, bari kudu dibaca di hareup saurang-saurang. Basa keur kelas hiji kénéh mah asa teu beurat-beurat teuing pancén ngarang téh. Paling dititah nyaritakeun pangalaman poé pakanci. Gampang nu kitu mah. “Barudak, dina raraga miéling dibabarkeunna pahlawan wanoja Rd. Déwi Sartika, ogé dina raraga miéling Hari Ibu, hidep kudu nyieun karangan nu patali jeung kaum wanoja!” saur Bu Guru.
-
CONTOH CARPON SINGKAT BAHASA SUNDA
Indung kuring geus lila hirup rarandaan, ngabayuan kulawarga ngandelkeun pangasilan tina buburuh nyeuseuh jeung ngistrika. Basa Bapa maot, Kang Iwan kelas tilu SMP, Ceu Wiwin kelas 1 SMP, Kang Jaka kelas 5 SD, ari kuring karék umur 3 taun. Ayeuna, Kang Iwan geus jadi Sarjana, sok nyieunan komik bacaeun barudak dibantuan ku Kang Jaka nu karek kuliah tingkat hiji. Ceu Wiwin mah lulusan SMK jurusan Tata Boga, ayeuna sok nyieunan kuéh-kuéh jajanan barudak, dititipkeun di warung sakola, bari ngeureuyeuh kuliah, geus tingkat dua. Pancén kuring mah mawa kuéh bari indit ka sakola, tuluy disimpen di warung, Néang sésa jeung ladangna mah sok langsung ku Ceu Wiwin.
-
CARPON SUNDA “TARAWEH”
Geus datang deui bulan puasa. Kuring mah sok resep mun bulan puasa téh. Ari waktuna puasa mah teu pati resep, da sok lapar. Komo mun tengah poé, peujit téh tangka sok murilit bakating ku lapar. Tikoro tuhur balas hayang nginum. Awak lungsé taya tanaga. Titingalian gé sok ranyay teu puguh. Resepna mun waktuna buka. Sagala ngeunah rarasaan téh. Nginum cai hérang gé asa ngeunaaaaah pisan. Mun geus ngasaan mah boa asa cai surga ku ngeunah-ngeunahna. Mamah sok nyadiakeun és buah, nu dijieunna téh tina mélon, bléwah atawa bonténg suri, ager, rumput laut, jeung kawéni. Mani seger pisan. Mamah mah sagala ngadamel nyalira. Gulana sok ngahaja ngadamel seueur, tuluy dibotolan, disimpen…
-
CARPON SUNDA “ANAKING”
Maju ka tengah peuting harita téh. Ngagolér di patengahan bari nyenyekel rémot. Bréh waé dina layar televisi berita pikaketireun. Warga manggihan orok dina jero kardus. Orok nu ngahaja dipiceun ku kolotna. Kardusna digolérkeun dinaluhureun wadah runtah di hareupeun hiji imah. Ya Alloh, saha jelemana atuh éta téh, téga-téga teuing miceun anak. Orok beureum teu tuah teu dosa, teu nyaho dinanaon bet kudu ngalaman nasib samodél kitu. Salila ngabandungan berita téh, hate mah ngagugudug. Nu miceun éta orok teu pantes disebut jelema. Dalah disebut sato gé teu pantes deuih, da teu kitu-kitu teuing. Ka anakna mah nyaaheun sato gé. Maung waé, sato nu panggalak-galakna, ari ka anakna mah apan sakitu hémanna.…
-
MATERI CARITA PANTUN
Carita pantun téh carita nu biasa dilalakonkeun ku juru pan tun dina pagelaran seni nu disebut mantun. Najan kitu, saenyana mah pagelaran mantun téh aya dina jero hiji upacara tradisional Ayana carita pantun téh kawilang geus heubeul. Kateranganana nya kapanggih dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kandang Kare sian (1440 Saka; 1518 Maséhi). Dina éta naskah disebutkeun aya prepantun (juru pantun) jeung opat lalakon pantun, nyaéta Lang galarang, Banyakcatra, Siliwangi jeung Haturwangi. Eusi éta opat pantun téh kiwari geus teu dipikawanoh deui. Mantun biasana diayakeun dumasar pamundut salah saurang nu boga maksud ngayakeun salametan. Upamana, sukuran nem patan imah anyar (réngsé diwangun), kalahiran, sanggeus panén, kawinan, sunatan, hudang gering tina kasakit…
-
15+ CONTOH CARITA PANTUN SUNDA
Bubuka ieu carita, baheula béh ditueun baheula dongéng didongéngkeun deui carita dicaritakeun deui ti aki pindah ka bapa ti bapa pindah ka anak ti anak pindah ka incu kitu jeung kitu baé tug ka kiwari sakapeung jadi manjangan sakapeung jadi mondokan ditambahan dikurangan disusurup sangkan payus dipapaés sangkan bérés direumbeuy ku basa heureuy diselapan ku siloka paselang jadi caritaaaa…
-
CONTOH CARITA PANTUN LUTUNG KASARUNG BAHASA SUNDA
Anu ngaheuyeuk dayeuh di Pasirbatang Anu Girang harita nyaéta Mas Prabu Ageung Tapa. Praméswarina Nitisuari. Boga anak tujuh awéwé wungkul, ngaranna: Purbararang, Purbaéndah, Purbadéwata, Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuwih jeung nu bungsu Purbasari, anu panggeulisna. Ku lantaran geus kolot, Prabu Ageung Tapa ngarasa geus meujeuhna ngécagkeun kalungguhan sarta diteruskeun ku salah saurang anakna. Terus baé Prabu Ageung Tapa téh ngumpulkeun anak-anakna, pikeun nyérénkeun kalungguhanana. Anu kapilih pikeun gaganti anjeunna téh nyaéta Purbasari, anakna anu bungsu. Purbararang salaku anak panggedéna ngarasa kaléngkahan ku nu jadi adi. Manéhna ngarasa tugenah.
-
15+ CONTOH WAWANCARA BAHASA SUNDA
Hasil Ngawawancara Patugas Museum KAA (Laporan disusun wangun tanya jawab) Siswa : “Aya wartos lebet Museum Konferensi Asia Afrika (KAA) mah bénten sareng ka museum-museum atanapi tempat wisata liana. Naon béntenna téh Pa? Patugas : ”Leres, Wisata sajarah ka KAA mah teu dipulut biaya nanaon. Ngan sok sanajan haratis, tetep baé masarakat mah bangun nu haroréameun. Masarakat mah mending milih ulin ka mol, diskotik, atawa outlet manan ka museum.
-
TEKS WAWANCARA BAHASA SUNDA TENTANG KESEHATAN
Hasil Wawancara Ngeunaan Bahaya Narkoba jeung Hiv (Laporan disusun wangun tanya jawab) Nu Nanya : “Pa, punten abdi badé nyuhunkeun katerangan, kintenkinten naon baé masalah anu dipayunan ku pamaréntah akibat tina narkoba téh?” Narasumber : “Kiwari narkoba mémang jadi masalah, lain baé keur pamaréntah, tapi keur sakumna masarakat, ogé lain ukur di Indonesia, tapi di unggal nagara di sakuliah dunya. Ari nu jadi sababna narkoba téh bisa ngaruksak mental bangsa, utamana barudak ngora.” Nu nanya : “Kumaha kaayaan jalma anu ngagunakeun narkoba dina mangsa kiwari téh Pa?”
-
CONTOH UNSUR INTRINSIK CARPON SUNDA
Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti rorompokna. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit. “Kaleresan, Ki! Nyi Haji, cing sapiring deui ka dieu!” saurna. Teu lami golosor sangu ketan sapiring sareng kari hayam ngebul kénéh. Lajeng wé dihénggoy, teu mindoan dimanggakeun. Carpon di luhur téh kawilang unik. Boh masalahna boh cara nyaritakeunana. Pikeun nyangkem carpon di luhur, jawab heula pertanyaan ieu di handap!
-
MATERI CARITA PONDOK
Carita pondok (carpon) atawa dina basa Indonésia cerita pendek Carpen), dina basa Inggris short story, nyaéta karangan fiksi (rekaan) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeur an Rea nu nyebutkeun yén carpon mah karya nu populer jeung pikaresepeun, lantaran eusina réa nyaritakeun kahirupan sapo poe. Dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana Disebut pondok téh luyu jeung wangun caritana nu kaitung pondok. Henteu réa nu dicaritakeun, biasana ngan saépisodeu. Tokohna teu réa, museur kana hiji-dua kajadian, galurna basajan henteu ngarancabang, henteu loba pundah-pindah latar, sarta nga bogaan téma jeung amanat nu hayang ditepikeun ku pangarangna. 1. Naon anu dimaksud carita pondok? 2. Naon nu dimaksud carpon kaasup carita…