MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA
-
CONTOH KAMPUNG ADAT SUNDA
Kampung Budaya Sindangbarang téh perenahna di Sindangbarang, Désa Pasireurih, Kacamatan Tamansari, Kabupatén Bogor Barat. Anggangna kira-kira 5 kilométer ti Kota Bogor. Kawilang babari upama urang hayang ngajugjug ka ieu tempat. Bisa tumpak angkot jurusan Sindangbarang, turun di pertelon. Ti dinya mah kari tumpak ojég. Jalanna kawilang nanjak sarta loba péngkolan. Tapi upama geus anjog ka Kampung Budaya, urang dipapagkeun ku pamandangan alam nu matak waas. Leuweung maleukmeuk di jauhna. Imah-imah panggung parentul. Ngajajar asri tur hégar katénjona. Aya Imah Gedé, nyaéta imah pupuhu kampung nu nampeu ka lahan nu lega ngagemblang, kawas alun-alun. Di sisi ieu lahan ngadarangong leuit nu suhunanana nyarungcung éndah pisan. Tangkal kalapa jeung awi tingrunggunuk di…
-
MATERI ARTIKEL BUDAYA
Wacana téh miboga wangun-wangun anu tangtu. Ari munculna wangun-wangun wacana téh disababkeun ku ayana cara anu béda-béda dina nepikeun eusi wacana. Aya wacana anu cara nepikeun eusina téh ku cara dicaritakeun, aya nu didadarkeun, aya nu dijelaskeun, jeung aya nu dijelaskeun bari dibéré alesan-alesan.
-
GUGURITAN BAHASA SUNDA
Guguritan téh nya éta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang sarta maké aturan pupuh anu geus baku. Ku lantaran teu panjang téa, biasana mah mangrupa pupuh anu tujuh belas téa. Seperti conto di luhur éta mangrupa guguritan anu maké patokan pupuh sinom, kinanti, asmarandana jeung mijil. Guguritan dibacana biasana mah dihariringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh.
-
WARTA BAHASA SUNDA
Dumasar kana cara nepikeunana, warta bisa dikelompokkeun jadi dua rupa nya éta: 1. Warta lisan Warta lisan seperti nu aya dina radio, televisi, jeung nu langsung ditepikeun ku nu nepikeun warta. 2. Warta tinulis Warta tinulis seperti nu sok remen kapanggih dina koran, majalah, tabloid, jeung sajabana.
-
RUMPAKA KAWIH SUNDA
Kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh. Ngawih hartina ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ngawih sorangan disebutna Anggana Sekar. Ari ngawih babarengan disebutna rampak sekar.
-
PANGALAMAN PRIBADI SUNDA
Dina nyusun Pangalaman Pribadi , perlu mikaweruh jeung maham kana léngkah- léngkah nulis karangan panglaman . Hal-hal anu kudu diperhatikeun upama rék nulis karangan pangalaman
-
SISINDIRAN BAHASA SUNDA
Sisindiran téh asalna tina kecap "sindir" anu ngandung harti "omong an atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol". Luyu jeung éta anu disebut sisindiran dina sastra Sunda téh karya sastra anu ngaguna keun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu rék dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna.
-
PUPUJIAN SUNDA
Pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian téh asalna tina sa’ir, nya éta puisi tina sastra Arab. Nu matak umumna pupujian wangunna téh méh taya bédana jeung sa’ir. Diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. Tapi aya ogé anu diwangun ku dua padalisan dina sapadana; genep padalisan dina sapadana; jeung sajabana. Purwakanti nu aya dina pupujian, umumna purwakanti laraswekas.
-
DONGENG BAHASA SUNDA
Dongéng nya eta carita anu tumuwuh di masarakat, sumebar sacara lisan ti hiji jalma ka jalma lian, ti hiji generasi ka generasi saterusna sarta eusina loba anu pamohalan. Hal anu pamohalan atawa teu asup akal dina dongéng upamana waé aya sasatoan bisa ngomong, parahu nangkub robah jadi gunung, jalma bisa hiber jeung sajaba ti éta. Dongéng téh mangrupa karya sastra lisan sabab sumebarna tatalepa sacara lisan, tapi sanggeus ayana kamajuan teknologi citak, réa dongéng anu disalin kana wangun tulisan.
-
IKLAN LAYANAN MASARAKAT SUNDA
Iklan layanan masarakat (bahasa Inggris: Public Service Ad atau Public Service Announcement sering disingkat PSA) nyaéta iklan anu ngébréhkeun wawaran-wawaran sosial tur mibanda tujuan pikeun numuwuhkeun karancagéan di kalangan masarakat dina ngungkulan rupa-rupa masalah, nya éta kaayaan nu bisa ngancam katartiban umum.
-
KAULINAN BARUDAK SUNDA
Kaulinan bihari ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuyeuk-heuyeuk leungeun, biasana tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring batan ngawih. Béda jeung kaulinan éléktronis nu sifatna nyorangan.
-
PAGUNEMAN SUNDA
Paguneman téh nya éta Kagiatan nyarita dua arah nu dilakukeun ku leuwih ti saurang pikeun ngungkabkeun rasa, pikiran, kahayang luyu jeung tujuan nu dicaritakeunana.
-
SISINDIRAN SUNDA
Wangun jeung Eusi Sisindiran Salasahiji hasil karya sastra Sunda dina wangun puisi (ugeran), nyaéta sisindiran. Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, hartina omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun atawa henteu togmol.
-
KAWIH SUNDA
Kawih téh jadi bagian tina kabeungharan seni Sunda. Dina élmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.
-
KUMPULAN MATERI CARITA PONDOK SUNDA
Carita pondok (carpon) atawa dina basa Indonésia cerita pendek Carpen), dina basa Inggris short story, nyaéta karangan fiksi (rekaan) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeur an Rea nu nyebutkeun yén carpon mah karya nu populer jeung pikaresepeun, lantaran eusina réa nyaritakeun kahirupan sapo poe. Dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana Disebut pondok téh luyu jeung wangun caritana nu kaitung pondok. Henteu réa nu dicaritakeun, biasana ngan saépisodeu. Tokohna teu réa, museur kana hiji-dua kajadian, galurna basajan henteu ngarancabang, henteu loba pundah-pindah latar, sarta nga bogaan téma jeung amanat nu hayang ditepikeun ku pangarangna.