• WARTA SUNDA

    TEKS WARTA BAHASA SUNDA

    BANDUNG, (PRLM).- Kacapi multilaras karya Ali Sastraamidjaya, dipintonkeun ku maéstro seni karawitan Sunda, Haji Riskonda, mirig lagu “Nineung” anu dihaleuangkeun ku juru tembang Fitri jeung Héndi. Najan geus umur 40 taun leuwih, sorana masih kénéh kadangu halimpu, matak kagagas anu ngadangukeun. Lain ngan ukur kagagas ngadangu sora jentréng kawat kacapi anu ditabeuh, tapi ogé dadaran ngeunaan kasang tukang sajarah kacapi anu dijieun taun 1972.

  • CARITA WAYANG SUNDA

    15+ CONTOH CARITA WAYANG BAHASA SUNDA

    Arya kumbakarna teh saurang pati ti karajaan Alengka Dirja. Ciri khasna teh nyaeta awakna nu gede, buluan dadana sabab manehna katurunan Buta atawa Dewana. Arya gaduh lanceuk nu ngaranna teh Dasa Muka alias Rahwana ti karajaan Angkara Murka jeung kejam. Rahwana oge ngagaduhan pun adi anu ngaranna teh Gunawan. Tapi sifatna sabalikna ti Rahwana. Gunawan anu dianggap pembelot ku Rahwana sabab Gunawan ngahiji sareung musuhna nyaeta Ramayana.

  • SISINDIRAN

    CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDA

    Daék sotéh ka cinangka Ka cisitu mah teu purun Daék sotéh ka nu dipita Kanu itu mah teu purun Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol néangan élmu Nu guna dunya ahérat Majar manéh cengkeh koneng Kulit peuteuy dina nyiru Majar maneh lengkéh konéng Kulit beuteung mani nambru

  • RESENSI SUNDA

    15+ CONTOH RESENSI BAHASA SUNDA

    Réprési Orba dina Novél Sunda Judul Buku : Galuring Gending Pangarang : Tatang Sumarsono Penerbit : PT Kiblat Buku Utama Taun Terbit : 2001 Jumlah Kaca : 413 DUA tilu taun katompérnakeun, teu réa buku Sunda anu medal. Komo novél mah. Ku diterbitkeunana novél Galuring Gending (GG) karangan Tatang Sumarsono ku PT Kiblat Buku Utama (2001), geus mawa angin seger keur dunya pabukon Sunda nu keur katiga. Sanajan kaitung elat sabenerna mah, lantaran kapan éta novél téh hasil saémbara ngarang novél Paguyuban Pasundan taun 1999. Aya nu istiméwa dina éta novél téh. GG kagolong kana novél anu nyaritakeun sual politik nu arang kapanggih jadi téma-téma novél Sunda. Bisa diitung ku…

  • ARTIKEL SUNDA

    CONTOH TEKS ARTIKEL BUDAYA SUNDA

    Mun aya nu nanyakeun, kabiasaan naon nu ayana ngan di Indonsia wungkul anu patali jeung lebaran? Pasti jawabanana kabiasaan mudik. Apanan urusan mudik téh di nagara urang mah geus jadi urusan nasional. Lain ngan suku Sunda wungkul nu biasa migawéna, tapi geus jadi tradisi sakumna sélér bangsa nu aya di Indonésia. Urang Sumatera, urang Maluku, urang Sulawesi, urang Kalimantan, Papua, Bali, jsb. geus biasa migawé ieu tradisi dina usum lebaran. Meureun pédah nagara urang mah loba pulona, sarta pangeusina loba nu ngumbara ka pulo séjén. Dina waktuna milih balik ka lembur téh sok disataun-sakalikeun. Da sapopoé mah riweuh ku gawé téa, ongkoh tara aya liburan rada lila anu bareng saréréa,…

  • CONTOH CARPON SUNDA
    CARITA PONDOK

    CONTOH CARITA PONDOK SUNDA DAN UNSUR INTRINSIKNYA

    Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti rorompokna. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit. “Kaleresan, Ki! Nyi Haji, cing sapiring deui ka dieu!” saurna. Teu lami golosor sangu ketan sapiring sareng kari hayam ngebul kénéh. Lajeng wé dihénggoy, teu mindoan dimanggakeun. “Saban Aki ka dieu, kaleresan aya wéh tuangeun. Iraha kaleresan teu ayana, Dén?” saur Aki Uki bari ngalémétan réméh. Nu dialem akonakon teu ngadangu. Kalah tumaros.

  • PEDARAN TRADISI SUNDA

    15+ CONTOH PEDARAN TRADISI SUNDA

    Ti peusar kota Bandung mah kaitung deuket Kampung Mahmud teh, kira-kira 5 km maju ngulon. bisa ngagunakeun angkot Tegalega mahmud atawa kendaraan pribadi. merlukeun waktu perjalanan 30-45 menit. Sanggeus ngaliwatan ngembatna jambatan ci tarum, kakara anjog ka lawang gapurana. Pernahna di desa Mekar Rahayu, Kacamatan Marga Asih, Kabupaten Bandung.Sanggeus ngaliwatan ngembatna jambatan ci tarum, kakara anjog ka lawang gapurana. Pernahna di desa Mekar Rahayu, Kacamatan Marga Asih, Kabupaten Bandung. Najan kasebutna kampung adat, sabengbatan mah Kampung Mahmud teh taya beda jeung Kampung sejenna. Lebah kamekaranana ge sarua bae. Televisi, radio, hape,jeung barang elektronik sejenna geus lain barang aneh. Ngan pedah tina wangunan nu katagen masih basajan. Di Kampung Mahmud mah…

  • GUGURITAN BAHASA SUNDA
    MATERI GUGURITAN SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    GUGURITAN BAHASA SUNDA

    Guguritan téh nya éta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang sarta maké aturan pupuh anu geus baku. Ku lantaran teu panjang téa, biasana mah mangrupa pupuh anu tujuh belas téa. Seperti conto di luhur éta mangrupa guguritan anu maké patokan pupuh sinom, kinanti, asmarandana jeung mijil. Guguritan dibacana biasana mah dihariringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh.

  • SISINDIRAN BAHASA SUNDA
    MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  SISINDIRAN

    SISINDIRAN BAHASA SUNDA

    Sisindiran téh asalna tina kecap "sindir" anu ngandung harti "omong an atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol". Luyu jeung éta anu disebut sisindiran dina sastra Sunda téh karya sastra anu ngaguna keun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu rék dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna.

  • PUPUJIAN SUNDA
    MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI PUPUJIAN SUNDA,  PUPUJIAN SUNDA

    PUPUJIAN SUNDA

    Pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian téh asalna tina sa’ir, nya éta puisi tina sastra Arab. Nu matak umumna pupujian wangunna téh méh taya bédana jeung sa’ir. Diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. Tapi aya ogé anu diwangun ku dua padalisan dina sapadana; genep padalisan dina sapadana; jeung sajabana. Purwakanti nu aya dina pupujian, umumna purwakanti laraswekas.

error: Content is protected !!