-
DRAMA SUNDA: PALAKU BABAK CANDRAAN PROLOG & EPILOG
Carita drama, atawa anu populér ku sebutan naskah drama, mangrupa wangun karya sastra anu ditulis maké basa paguneman (dialog). Saluyu jeung ngaranna, naskah drama téh ditulis keur kaperluan midangkeun pagelaran drama. Ditilik tina jihat strukturna, naskah drama téh sahenteuna diwangun ku genep aspék: Palaku téh nyaéta jalma anu ngalalakon dina naskah drama. Palaku dina naskah drama bisa dua urang, bisa ogé leuwih ti dua urang (welasan jalma atawa puluhan jalma). Lamun palakuna ngan saurang, disebutna drama monolog.
-
DRAMA SUNDA: PERKARA CIRI WANGUN & TEKS NASKAH
drama, nyaéta karangan anu ditulis dina wangun paguneman antara tokoh-tokohna, biasana sok dipintonkeun dina luhur panggung. Dina sastra Sunda drama kaasup karya anu anyar. Disebut anyar téh ayana béh dieu. Saméméh aya drama, di tatar Sunda geus aya gending karesmén jeung sandiwara atawa nu sok disebut tunil tea, aya ogé anu disebut longsér. Ka dieunakeun aya seni teater. Nu disebut gending karesmén, nyaéta drama anu paguneman antar tokohna téh dilagukeun. Drama mah mangrupa gabungan tina sagala cabang seni. Aya seni tari, seni suara, seni peran, seni musik, seni rupa, jeung seni sastra. Panglengkepna wé, da sagala cabang seni aya dina drama. Unsur-unsur drama sarua jeung karya sastra séjénna, aya palaku,…
-
MATERI DRAMA BAHASA SUNDA SMP KELAS 9
1. PERKARA DRAMA Kecap drama asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina niru atawa niron-niron. Nurutkeun Kamus LBSS, drama (basa Walanda) nyaéta (1) carita sandiwara nu matak sedih, jeung (2) carita nu matak kukurayeun jeung matak pikasediheun. Jadi bisa dicindekkeun yén drama téh nyaéta karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan séjénna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran). 2. CIRI DRAMA Drama mibanda ciri pangutamana, nyaéta ayana konflik atawa émosi nu husus disusun pikeun pertunjukan téater. Drama ogé kaasup kana sastra lalakon, sabab nu digambarkeun dina drama mah paripolah palaku. Para palaku téh langsung maén (lahir jeung batinna), sarta dina paguneman (dialog), atawa…
-
50+ KUMPULAN SOAL DONGENG SUNDA KELAS 7
1. Dongeng téh sumebarna sacara _ a. tulisan b. gerakan c. isarat d. lisan 2. Ciri-ciri dongéng nya éta _ a. eusi caritana panjang b. sumebar sacara tulisan c. eusina pamohalan d. karangan dina wangun ugeran 3. Dongéng nu nyaritakeun ngeunaan sasatoan disebut __ a. fabel b. legénda c. parabel d. mite
-
DONGENG SUNDA : CIRI-CIRI PAPASINGAN UNSUR & CONTO
Dongéng téh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Hiji hal anu ngabédakeun dongéng jeung golongan carita lianna pangpangna dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana loba anu teu katepi ku akal (pamohalan). Najan kitu, keur nu ngabandunganana pangpangna barudak tinangtu baris ngumbar pantasi anu pohara. Dongéng jadi pohara dipikaresepna, pangpangna ku barudak. Ku ngabandungan dongéng sacara teu langsung budak diwawuhkeun jeung rupa-rupa atikan. Kituna téh lantaran dina dongéng mah leubeut naker ku ajén-ajén atikan. Nya ajén atikan pisan anu ngajadikeun ciri pangpentingna dina dongéng. Upamana baé, atikan kacerdasan, atikan kaéndahan, jeung atikan kasusilaan.
-
DONGENG SUNDA : FABEL SASAKALA SAGE & MITE
Dina dongéng téh sok aya pieunteungeunana sok aya ogé picontoeunana. Tah anu disebut picontoeun mah kalakuan hadé anu kudu diturutan, lantaran bakal mawa kahadéan boh keur dirina sorangan boh keur batur. Dina dongéng di luhur, teu kacaritakeun tokoh anu bisa dijadikeun picontoeun keur urang. Tah ajén-ajén kahadean anu aya dina dongéng saperti kitu téh disebutna ajén atikan moral. Dongéng téh lain ngan sakadarkeur hiburan, tapi ogé jadi bahan/alat pikeun nepikeun atikan. Dumasar kana eusina dongéng téh dibagi jadi genep golongan, nyaéta:
-
MATERI DONGENG BAHASA SUNDA SMP KELAS 7
Dongeng nyaéta carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaéta tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjénna. Ku kituna, pangarangna tara ieuh kanyahoan, malah ti iraha mimiti sumebarna ogé tara kapaluruh, hésé ditéangan laratanana, alatan ukur dicaritakeun ti hiji riungan ka riungan séjénna. Ukuran carita dongéng ilaharna parondok, méh sarua jeung carpon, tapi dina dongéng mah aya unsur pamohalan nu teu kaharti ku akal.
-
CARITA WAYANG JAJATEN ARJUNA BAHASA SUNDA
Kacaturkeun hiji peuting, Pandawa keur ngariung dahar. Heug téh damarna katebak angin, nepi ka pareumna. Atuh puguh baé kaayaan jadi poék meredong. Sabot damar tacan dihurungkeun deui, nu dalahar mah terus baé ngahuap. Arjuna ngagerentes dina jero haténa, cacakan poék, tapi ari dahar mah geuning henteu salah ngahuap. Boa-boa mentangkeun gondéwa ogé kitu. Rék caang, rék poék, ari bari dibarengan ku rasa mah jamparing anu dipentangkeun téh moal nyalahan kana tujuanana.
-
CARITA WAYANG KUMBAKARNA BAHASA SUNDA
Kumbakarna ngahuleng nangkeup harigu bari nyéndér kana tangkal tanjung di palataran purina. Teuteupna jauh ka hareup nembus belegbegna peuting, ngaliwatan Kota Aléngka nu ngalamuk diharudum geblégan poék, teup eunteup dina puncak Gunung Gokarna nu ngelemeng ditiung langit biru ngawun-ngawun. Béntang midang ngabaranang, mijah ku cahyana nu sumirat tina kerejep kiceupna. Angin leuleuy naburkeun segerna hawa, bari liwat ngumbara ngalanglang jagat dijajapkeun ku keleter dangdaunan. Alam giak ngidungkeun agungna peuting, dipairan ku haté nu keur ngalamun. Tadi datang béja pikasediheun ti pangperangan. Prahasta Papatih Agung, paman manéhna, geus kasambut sabada perang sapoé jeput. Haténa yakin, Prahasta sorangan henteu sapukeun kana kawijaksanaan Rahwana, henteu narima perluna ngayakeun perang jeung pihak Rama nu…
-
CARITA WAYANG SUNDA SINGKAT
Antara Asih jeung Adil Hiji mangsa sabada ngudag-ngudag uncal di leuweung, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa, bawaning ku halabhab, ngarinum di situ. Geus ngarinum patinggolépak maraot. Singhoréng cai talaga téh ngandung racun. Yudistira pohara susaheunana. Manéhna tuluy sasambat ka déwa, hayang maot babarengan. Ceuk déwa, lamun bisa ngajawab tilu pertanyaan, Yudistira baris kaidinan ménta dihirupkeun deui salah sahiji ti antara tilu urang dulurna nu tiluan. Pertanyaan téa, tiluanana gé kajawab ku Yudistira. Manéhna kaiidinan ménta dihirupkeun deui saurang ti antara tilu dulurna nu maraot. Yudistira pohara bingungeunana. Lila manéhna nimbang-nimbang, saha kira-kirana di antara tilu dulurna nu maraot nu kudu dihirupkeun deui. Da puguh kabéhanana ogé adi-adina anu dipikaasih. Kahayang mah…
-
CARITA WAYANG RAMAYANA BAHASA SUNDA
Ramayana Kacarioskeun Rama anu nuju mileuweungan, disarengan ku istrina, Déwi Sinta, sareng raina, Lasmana. Di hiji leuweung, Déwi Sinta kapincut ku hiji kijang (Kidang Kancana). Padahal éta téh kijang kajajadén, supados Rama sareng Lasmana bongoh. Kijang téh siga anu lindeuk, tapi barang badé ditéwak ngejat. Kitu jeung kitu baé, dugi ka Rama téh tebih ti Déwi Sinta. Teu lami, kakuping ku Déwi Sinta sareng Lasmana nu tulung-tulungan sapertos sora Rama. Kawitna Lasmana henteu ngandel kana éta sora téh, margi anjeunna percanten kana kasaktén rakana. Namung Déwi Sinta maksa supados Lasmana milari éta sora, nepi ka kedal kekecapan anu nyentug kana manah Lasmana. Bari nalangsa, Lasmana milari éta sora, ngantunkeun Déwi…
-
PEDARAN TRADISI RITUAL KAMPUNG CIREUNDEU BASA SUNDA
Kampung nu mayoritas masarakatna masih kénéh ngagem kapercayaan Sunda Wiwitan téh, dikokolakeun ku tilu sesepuh kampung, nyaéta Sesepuh nu nangtukeun kawijakan hirup kumbuh tur ngokolakeun ritual taunan dicepeng ku Emen Sunarya (75), Ais Pangampih nu ngokolakeun kamasarakatan dicepeng ku Widia (50), jeung Panitén nu ngokolakeun kapamudaan jeung tani sampeu dicepeng ku Asep Wardiman (45). Lega lahanna kurang leuwih 100 héktar, kabagi kana opat bagian, nyaéta 10 héktar lahan padumukan, 25 héktar leuweung baladahan (lahan tani sampeu), sarta 65 héktar kabagi kana leuweung tutupan jeung larangan.
-
PEDARAN KAMPUNG CIREUNDEU BASA SUNDA
“Wilujeng Sumping di Kampung Cireundeu Rukun Warga 10”, aksara latén jeung Sunda Kuna natrat dina gapura, mapag léngkah basa mimiti anjog ka tempatna téh. Padumukan katangén suhunanana, mudun ka handap. Da puguh kampung téh pernahna di léngkob, handapeun suku Gunung Kunci, Ciménténg, Gajahlangu, jeung Sayangkaak. Paeunteung-eunteung deuih jeung urut TPA Leuwigajah nu kungsi maragatkeun puluhan jiwa. Pernahna mah di Kalurahan Leuwigajah, Kacamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi. Kaitung jauh ti puseur Kota Bandung mah, kira-kira 40 km laju ngulon. Merlukeun waktu perjalanan 1,5 nepi ka 2 jam. Éta gé lamun ngagunakeun kandaraan pribadi, sedeng kana umum mah leuwih lila ti sakitu. Da puguh kudu sababaraha kali ganti angkot. Ti Leuwipanjang mah…
-
PEDARAN TRADISI SUNDA SINGKAT
Di Sumedang mah di antarana nu sok pada ngarep-ngarep ku balaréa téh iring-iringan, nyaéta ngaleutkeun budak sunatan, dina poéan mandi kembang piisukaneun ngeureut. Kuda rénggong jeung bangbaronganana nu pangdidago-dagona téh. Dina émprona jalma ti unggal lembur nu kaliwatan iring-iringan, sok budal maregat di sisi jalan. Tong boro nu keur nyalsé, nu keur baranggawé ogé, cul wé lanan. “Rada rurusahan nyeuseuh téh da sieun kaporotan iringiringan.” Teu anéh ngadéngé omong kitu téh. Tukang warung nu keur ngaladangan, tukang bas nu keur ngagusruk, tukang macul nu keur ngagecruk, tukang ngarambét nu keur totonggéngan, sakurang-kurangna nyelang ngajanteng, nyérangkeun heula ti kaanggangan.
-
PEDARAN ADAT ISTIADAT URANG SUNDA
Sélér bangsa naon waé jeung di mana waé ayana tangtu ngabogaan budaya séwang-séwangan, sakapeung méh sarua, sakapeung béda pisan. Rupa-rupa kacirina téh. Upamana tina pakéanana, kaseniananana, kadaharanana, wangun imahna, jeung adat-istiadatna. Ari adat ngurus orok jaman baheula tangtu bakal béda jeung ayeuna nu sarwa lengkep jeung modérén. Baheula mah éstu sarwa basajan, boh pakakasna boh cara ngurusna. Baheula mah réréana nu ngalahirkeun diurusna ku paraji. Ayeuna mah ilaharna ku bidan atawa dokter, komo mun di rumah sakit mah pakakasna gé meni sagala aya. Di sawatara daérah utamana di pakampungan, cara ngurus orok mimitina mah sok dipapagahan. Anu mapagahanana biasana mah paraji. Sanggeus ngurus nu ngalahirkeun, biasana paraji gé ngurus orokna.…