-
DONGENG SUNDA SI KABAYAN
Si kabayan jeung mitohana rebun-rebun geus nagog sisi walungan. Teu lila burudul rahayat, maksudna rék marak walungan duméh bakal kasumpingan tamu agung ti dayeuh. Ari kasedepna tamu, ceuk kokolot désa, nyaéta lauk walungan. Tah, poé ieu téh paratamu rék dibagéakeun goréng tawés, pais nilem, jeung beuleum kancra dicoélkeun kana sambel jahé ditinyuh kécap. Mangkaning ngahaja sanguna ogé paré anyar, nya bodas nya pulen. Leuh, piraku wé tamu henteu nimateun.
-
CONTOH TARJAMAHAN BAHASA SUNDA
SAYA dilahirkan di rumah peninggalan nenek moyang ibu, yang terletak di samping balai desa Cibolérang, Jatiwangi, tapi sewaktu umur saya baru beberapa belas bulan saya dibawa pindah ke rumah kakek di kampung Pasuketan, sebab kakek membeli rumah di sana. Selanjutnya saya tinggal di sana hingga lulus Sekolah Rakyat. KURING dilahirkeun di imah titinggal karuhun ti indung, nu perenahna gigireun balédésa Ciborélang, Jatiwangi, tapi waktu umur kuring kakara sawatara welas bulan kuring dibawa pindah ka bumi Aki di Kampung Pasuketan, da Aki ngagaleuh bumi di dinya. Saterusna kuring matuh di dinya nepi ka anggeus Sakola Rayat.
-
CARITA WAYANG SUNDA
CARITA WAYANG SUNDA Nepi ka kiwari, teu saeutik jalma anu resep kana carita wayang. Malah mah carita wayang téh jadi inspirasi keur nyiptakeun karya-karya seni samodél arca (patung), ibing (tari), puisi atawa prosa, ogé lagu. Di urang apan aya lagu “Ceurik Rahwana”. Ari Rahwana apan salah sahiji tokoh dina pawayangan. Naon pangna carita wayang sakitu populérna? Ari sababna mah carita wayang téh saéstuna ngandung rupa-rupa atikan jeung hikmah nu bisa dipaké eunteung kahirupan. Dina carita wayang nyampak kaarifan, kawijaksanaan, paripolah hadé goréng, sarta rupa-rupa pasipatan keur tuladeun.
-
DONGENG BASA SUNDA SMA KELAS 10
Tradisi dongéng téh aya di mamana. Méh unggal bangsa boga dongéng séwang-séwangan. Éta dongéng téh diwariskeun turun-tumurun ti karuhun ka generasi nu leuwih ngora, mangtaun-taun, malah boa mangabad-abad. Kabiasaan ngadongéng lain baé jadi alat keur ngahibur atawa keur kalangenan, tapi nu utamana mah dongéng téh ngawariskeun ajén-inajén. Dongéng biasana ngawariskeun hiji naséhat, malah mandar jadi eunteung dina kahirupan. Malah di sawatara wewengkon mah, dongéng téh ngahaja diciptakeun. Dijieun carita anyar atawa dijieun film. Ari maksudna mah sarua, ngajarkeun naséhat anu hadé. Dina pakumbuhan urang Sunda, ogé kapanggih rupa-rupa dongéng. Umumna éta dongéng téh nyebar sacara lisan ti generasi ka generasi. Lantaran éta dongéng anu warna-warni téh sok tuluy didongéngkeun deui,…
-
BIANTARA SUNDA NYAETA?
Biantara téh umumna mah diomongkeun (dilisankeun). Tapi aya ogé anu ditulis tuluy dibacakeun. Boh anu ditulis boh anu dilisankeun, runtuyan babagianana mah sarua baé, nyaéta aya bubuka, eusi, jeung aya bagian panutupna. Dina bagian bubuka, dimimitian ku nepikeun salam pamuka. Bisa ku assalamu’alaikum atawa ku salam kawilujengan. Aya ogé anu sok ditambahan ku sampurasun. Ti dinya ditéma ku mukadimah, kitu gé mungguh keur muslim, nyaéta bubuka anu dieusi ku omongan muji ka Pangéran jeung nepikeun solawat ka Rosululloh (da mun ngabandungan urang Barat biantara mah geuning sok sarwa singget). Ti dinya ditéma deui ku nepikeun panghormat ka hadirin anu ngaluuhan acara sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus méré…
-
KAWIH SUNDA NYAETA?
Upama nilik unsurna, rumpaka kawih ogé teu béda jeung unsur nu aya dina sajak atawa puisi, di antarana aya rasa, nada, amanat. jeung téma. (1) Rasa ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih. Unggal kawih anu diregepkeun atawa dibaca tangtu bakal ngébréhkeun rasa anu béda. Ieu téh balukar bédana pasualan, kajadian, atawa kaayaan anu disanghareupan ku nu nulis rumpaka kawih. Eusi kawih “És Lilin” di luhur téh ngeunaan katrésna ti hiji wanoja ka hiji jajaka. Geura ilikan sempalanana ieu di handap. Itu saha dunungan nu nungtun munding digantélan geuning ku saputangan ... itu saha dunungan nu ginding teuing sihoréng mah aduh geuning jungjunan ...
-
DRAMA SUNDA
Saenyana di urang téh geus lila aya pintonan drama. Drama anu dipintonkeun babakuna mah nu ku para ahli sok disebut téater tradisional. Upamana baé banjet, longsér, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun aya nu disebut sandiwara atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan jeung komédi stambul dina basa Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa. Sandiwara téh saéstuna pangaruh ti Barat anu muncul di urang dina awal abad ka-20. Wangun téater tradisional anu ditataan di luhur téh sok disebut ogé téater rakyat anu di antara ciri pagelaranana téh tanpa naskah. Jadi, éstuning ngandelkeun improvisasi pamaénna baé dumasar kana pituduh ti sutradara. Malah dipintonkeunana ogé sakapeung tara dina panggung, tapi cukup di lapangan terbuka bari…
-
TARJAMAHAN SUNDA NYAETA?
Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa. Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina. Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis" jeung "satia". Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber. Dina périodeu saméméh Perang Dunya II anu réa digarap ku pangarang Sunda téh saduran, lain tarjamahan. Dina saduran…
-
PANGALAMAN PRIBADI SUNDA SINGKAT
Wasta abdi, Hastian. Pangaresep atanapi hobi abdi kaétang seueur, kantenan apan abdi mah kasebat urang lembur, jadi resep ameng rupirupi kaulinan urang lembur wé sapertos medar langlayangan, ngadu kaléci, panggal, gatrik, jajangkungan sareng barén. Abdi gé resep ngurek sareng nguseup deuih. Ari peré sakola sok kanjat dua iangan ngurek téh, isuk-isuk jeung burit, bubuhan seueur pasawahan di lembur abdi mah, laléndo seueur belutan. Pami nguseup mah resepna ari tos hujan, sok mapay-mapay susukan, pan tos hujan mah caina kiruh ngagulidag, lauk téh sok laliar ari tos hujan mah. Di nu caina rada linduk sakapeung mah sok clom giriwil, kitu wé bangsaning bogo, jaér, sareng lélé. Perkawis cita-cita, sakapeung mah sok…
-
CONTOH PANGALAMAN PRIBADI SUNDA
Nami abdi Sonya . Saur Mamah mah abdi teh budak pikalucueun.Awak abdi mah begang,tapi jangkung rada-rada geulis, mirip Luna Maya, saurna .Rerencangan sering moyokan abdi Si Gantar nu geulis.Ayeuna abdi sakola di SMP Sukarajin. Waktu istirahat ,sapertos biasa abdi sareng rerencangan sok jarajan.Saparantos jarajan, biasana barudak teh sok siliheureuyan aya nu silitoel, silihudag,atanapi sok silihpoyokan.Harita ge teu pupuguh aya rerencangan nu moyokan abdi.Abdi teh bendu ,da sok keuheul ari dipoyokan Si Gantar teh.Teras eta rerencangan nu moyokan teh diudag. Keuheul oge, da lumpatna tarik teu kaudag.Waktos abdi ngudag rerencangan, soca teh rada balangah, teu ningal ka payuneun.Na atuh teu disangki-sangki , bet tabrakan sareng Riska nu salirana ageung kacida.Atuh abdi…
-
PANGALAMAN PRIBADI SUNDA TENTANG LIBURAN
Wasta abdi Sundari . Dina ieu waktos bade ngadugikeun pangalaman anu karandapan ku abdi sasasih kalangkung waktos Piknik Ka Situ Bagendit. Waktos harita teh nembe dua dinten abdi pere sakola. Abdi sakulawargi piknik ka Situ Bagendit. Mios teh kinten-kinten tabuh tujuh enjing-enjing..Abdi sakulawargi mios teh ngahaja tumpak delman.Maksadna mah supados tiasa ningal kaendahan alam sapaparat jalan. Di sisi jalan katingal sawah upluk - aplak .Parena sumedeng rampak.Mobil pasuliwer, seuseueurna mah mobil pribadi nu bade piknik ka Situ Bagendit.Aya eta oge hiji dua nu kana delman sapertos abdi .
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA 6 ORANG
Opang: Lurah kongsi! Tong panjang teuing atuh pidatona! Singet wé singet! Geuwat pungkas! Lurah Kongsi: (Bari ngajenghok terus ngeleper) Ju...juragan Demang anu kahurmat, Juragan Patinggi anu kahurmat, Juragan... Opang: Kalah balikan deui! Geuwat pungkas! Lurah Kongsi: Ju...ju...juragan Pungkas anu kapungkas... Opang: Naon tatéh naon? Kalah ka beuki ngaco!? Lurah Kongsi: Ju...ju...jur...juriiig! (Bari naplékan biwirna sorangan bawaning ku keuheul). Naha biwir téh jadi kieu? (Ka gegedén). Duh juragan Demang, neda hampura, janten macét kieu.... Demang: (Bari imut wibawaan) Keun baé. Teu kudu inggis. Sakitu gé lumayan aya soraan kénéh. Ngan tangtu di Kadaleman mah kudu daria tur lungsur- langsar. Bisa teu kira-kirana biantara hareupeun Dalem?
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA
“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia. “Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya. “Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék. “Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna mah ti payun,” pokna. “Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.” “Naon ari tatakrama…
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA 3 ORANG
Ma Cioh: “Ku naon atuh maneh téh, Péndi?” Péndi: “Duka atuh, Ma. Peuting téh Péndi dahar saté hayam paméré ti babaturan.” Indungna ngahuleung sakeudeung Ma Cioh : “Naon hubunganana saté hayam jeung gering ayeuna?” Péndi : (Ngomong lalaunan) “Katerap kasakit flu burung sugan. Ma, Péndi téh.” Ma Cioh : (Nyentak) “Gagabah ari ngomong téh, Péndi !” Péndi : “Henteu gagabah, Ma. Ceuk dina bacaan ogé tanda-tanda gering flu burung téh kieu!” Ma Cioh : “Teu gampang kadeuleu tapi kudu dipariksa ka Hongkong sagala rupa béjana mah!” Péndi : “Mun teu ka Hongkong, ka Amerika, Ma.” Ma Cioh : “Heueuh! Naha atuh ari manéh meni gampang nyebutkeun flu burung téh!” Ti…
-
CONTOH PAGUNEMAN SUNDA SINGKAT
“Sampurasun, Nyai.” Ceuk aki-aki téh. “Rék naon aki-aki, rék baramaén?” ceuk Nyi Endit bari kurawed haseum. “Ih, manawi aya sih piwelasna ka aki.” “Nyingkah aki-aki tujuh mulud!” “Manawi wéh atuh Nyai, aki téh lapar kacida.” “Lain ménta ka kami tapi usaha kadituh, harta kami mah moal dibikeunan ka jalma modél anjeun.” “Euleuh Nyai, kadé tah cariosan téh bilih janten mamala ka salira.” “Ah, teu paduli kami mah da ieu mah rejeki kami naha kudu dibikeunan ka batur. Jig-jig nyingkah tong ngaganmggu ka kami!” “Kadé Nyai.” Ceuk aki-aki bari ngaléos, ngan méméh indit si aki nancebkeun iteuk anu di pakéna. Burial aya cai ka luar beuki lila éta cai beuki loba…