• CARITA BABAD SUNDA

    RINGKESAN BABAD PANJALU BAHASA SUNDA

    Prabu Borosngora téh salah sahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nyaéta Raden Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana. Nalika ngarasa meujeuhna écag ngeureunan palay, marén muru ngabagawan, anjeun na milih Radén Aria Kuning pikeun nuluykeun, manjangkeun lalakon Panjalu. Sang Prabu mungkur tatan-tatan ngabagawan miang ka Jam pang kalih kulawarga, kalebet Radén Aria Kancana. Raden Aria Kuning jeneng raja, mingpin rahayatna kalayan wijak sana. Panjalu tingtrim kertaraharja. Hiji waktu anjeunna aya karep pa lay ngabedahkeun Situ Léngkong, tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu Borosngora nu tos sepuh teu tiasa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Raden Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna,

  • CARITA BABAD SUNDA

    CONTO CARITA BABAD SUMUR BANDUNG

    Kawasna teu loba anu apal kana tulisan di luhur Éta tulisan téh mangrupa prasasti nu jadi titimangsa ayana sumur Bandung Dina éta prasasti jelas pisan ditulis Sumur Bandung mere karahayuan ka rahayat Bandung. Sumur Bandung téh mangrupa cikal bakal lahir jeung ngadegna Kota Bandung nepi ka ayeuna. Hanjakalna, ayana Sumur Bandung téh teu loba dipikanyaho boh ku urang Bandungna sorangan boh ku urang ti luar Bandung. Padahal, lamun ditilik tina sajarahna, Sumur Bandung téh perenahna di puseur Kota Bandung.

  • CARITA BABAD SUNDA

    CARITA BABAD SUNDA SINGKAT

    Kacaturkeun Karajaan Sumedang téh dirurug ku pasukan Karajaan Cirebon Ari sababna, Pangeran Geusan Ulun (Raja Sumedang), ngiwat Ratu Harisbaya, istri Pangeran Girilaya (Raja Cirebon). Méméh ngarurug Sumedang, pasukan ti Cirebon teh ngaraso heula, ngarumpul di hiji tempat anu tiiseun. Maksudna mah bari rék ngatur siasat. Kacaturkeun Aki Sayang Hawu, patih Karajaan Sumedang. Lar ngaliwat katempat panyumputan pasukan Cirebon téa, kacida reuwaseunana. Tuluy baé Aki Sayang Hawu téh atuh nyamar jadi aki-aki baramaén, leumpangna ogé jajarigjeugan bari mawa iteuk. Tuluy ngadeukeutan pasukan Cirebon téa. "leu téh pasukan ti mana? Naha nyarumput di dieu?"

  • CARITA BABAD SUNDA

    CARITA BABAD SUMEDANG BASA SUNDA

    leu carita dikarang, dianggit dijicun dangding, carita tanah Sumedang, jaman baheula bihari, tapi éstu saperti, tutur anu tanpa dapur, ngan urutkeun caritana, kolot-kolot nu bihari, anu asli bibit-buitna Sumedang. Turun manurun carila, anu tepi ka kiwari, meh sarupa caritana, kolot-kolot ménak kuring, anu jadi bibit buit, kasebut nagara Galuh, kaganti ku Pajajaran, sanga parubi Siliwangi, nu kasebut mencarkeun satanah Jawa. Ratu-ratu sunan-sunan, nu jadi pangagung nagri, sesebutan nu baheula, cara ayeuna bupati, ngaran pangagung nagri, ratu atawana perbu, ari ayeuna nu kocap, tedak Perbu Siliwangi, tina wates sanga Perbu Linggahiang.

  • MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI WAWANCARA SUNDA

    WAWANCARA SUNDA: STRUKTUR LAPORAN DIALOG & NARASI

    Wawancara kaasup kagiatan nyarita dua arah. Aya nu nanya jeung aya nu ngajawab. Saméméh ngalakukeun wawancara kudu tatahar heula nyusun sajumlahing pananya ngeunaan matéri nu rék ditanyakeun ka narasumber. Narasumber téh jalma nu baris dipénta kateranganana. Saupama urang perlu informasi ngeunaan hiji perkara, kadé ulah salah nangtukeun narasumber. Upama perlu informasi ngeunaan kasenian, nya datang ka narasumber nu ahli dina widang seni, Upama perlu informasi ngeunaan pendidikan, nu diwawancarana kudu ahli di widang pendidikan, perlu katerangan ngeunaan olahraga, kudu ngadatangan jalma nu ahli dina widang olahraga, upamana atlit, pelatih atawa guru olahragana pisan.

  • CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA
    NOVEL SUNDA

    NOVEL BAHASA SUNDA REMAJA

    Nempo baju éta téh, bet asa bréh-bréhan deui Mamah ngajanteng hareupeun. Matak deungdeuleueun puguh, diacuk éta téh raray Mamah beuki cahayaan. Erok buludru hideung. Dadana rada ngaliglag, panjangna satuur. Ngepas pisan di Mamah mah, bubuhan dada jeung imbitna ngareusi. Ari di si Aa. Ih, ngéwa pisan! Lebah dada jeung bujurna teu kaeusian, da puguh lalaki si Aa mah. Urang istigpar bari ngusap beungeut sababaraha kali. Raray Mamah kokolébatan. Urang ngedeprek, nukangan kamar si Aa. Késang renung dina tarang. Awak ngadadak ramohpoy. Hayang jejeritan satakerna, tapi buru-buru ditungkup ku leungeun duanana. Cipanon murubut teu kaampeuh. Urang maksakeun cengkat. Blus ka kamar. Cetrék, ngerem manéh. Gauk wé ceurik bari nanangkeup bantal. Ti…

  • CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA
    NOVEL SUNDA

    15+ NOVEL BAHASA SUNDA SINGKAT

    Geus aya taunna Si Uha ngumbarana di dayeuh. Ku dununganana kacida dipika-nyaahna; keur mah teu kagungan putra, turug-turug budakna bisa mihapékeun manéh. Sakaluarna ti sakola ku dununganana diasupkeun ka Kursus Dagang; lebar ku pangartina, cenah. Kana gawé beuki singer, méh sagala katangkes, taya kabau. Geus puguh ari pagawéan lalaki mah; ka nyangunyangu kacabak. Atuh dununganana téh beuki tamplok baé kanyaahna. Salebaran sakali sok merlukeun balik ka lembur; boh méméhna sakalian ngadon lebaran riung mungpulung jeung indung jeung dulur, atawa sabadana mun meneran dian-deg mah kudu lebaran di dayeuh. Unggal bulan dununganana sok ngiriman, ngabanjel-banjel kaperluan indungna jeung Si Aah. Atuh ku kituna nu di lembur jongjon, nu ngumbara betah. Teu…

  • CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA
    NOVEL SUNDA

    BACA NOVEL BAHASA SUNDA

    Kira-kira tabuh lima, kuring geus anjeucleu dina mobil. Kabagéan diuk téh di tukang, dina luhureun tumpukan karung béas. Mang Mahmud diukna di hareup, ngaréndéng jeung Kang Kosasih katilu supir. “Tah, silaing aya batur ngobrol ayeuna mah, Jana,” ceuk supir ka kenékna. Apal kuring ogé ka Si Jana téh, budak ti Guranténg, ngan pédah wawuhna ukur saliwat. “Kadé silaing diukna sing ati-ati, Kondi, bisi ragrag!” ceuk Kang Mahmud. “Jeung kadé deuih ulah nundutan!” “Moal, Mang,” cekéng téh. Teu kungsi lila, mobil geus maju ninggalkeun lembur. Béak jalan désa anu taringgul, bras waé ka jalan aspal. “Rék udud, euy?” ceuk Si Jana bari ngasongkeun roko anu geus gepéng dua batang, balas hantem…

  • CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA
    NOVEL SUNDA

    SEMPALAN NOVEL BASA SUNDA

    Pamolah urang gunung beuki ngagalaksak waé. Daratangna ka lembur mingkin kerep, abrul-abrulan – samagrang ku pakarang, laju barangpénta ka rahayat bari maksa. Teu kaharti, ceuk pamikir Erom, ongkoh manéhna téh cenah bajuang make dadasar agama, tapi naha bet kitu peta. Keun ari ngaduruk balé désa, éta mah rada kaharti, da meureun wawangunan milik pamaréntah. Tapi ari masjid jeung pasantrén mah apan murni pikeun kapentingan agama. Kitu deui ku ayana ajengan atawa kiyai anu dipaténi, éstu matak jadi baluweng. Mun urang gunung ngabedil komandan tangsi, éta mah bisa kaharti, da apan aya dina posisi musuh.

  • CONTOH NOVEL BAHASA SUNDA
    NOVEL SUNDA

    NOVEL BASA SUNDA PIKEUN BARUDAK

    JANG Udin nutur-nutur kuda lumping tepi ka poho balik. Duit titipan keur indungna leungit di panglalajoan. Ukur bisa ngahinghing ceurik. Rék balik sieun dicarékan. Komo apan cék bapana, budak bangor mah rék dikirim ka Tangerang, dikerem di jero bui. Bakating baluweng, basa aya jalma ngajak indit, milu waéh. Teu apal ka mana nu rék dijugjug. Tungtungna kadungsang-dungsang di lembur batur. Kitu ku kira-kira mah ringkesan buku Kabandang ku Kuda Lumping (KKL) beunang Ahmad Bakri téh. Bisi pondok teuing, nya urang caritakeun wé saeutik mah kahirupan Jang Udin anu kabandang ku kuda lumping téh. Cenah, cék nu ngarangna, Jang Udin téh budak bangor. Lamun ulin sok kamalinaan, tara inget ka waktuna…

  • NOVEL SUNDA: WANGENAN UNSUR PAPASINGAN & TINGKESAN
    MATERI NOVEL SUNDA,  MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

    NOVEL SUNDA: WANGENAN UNSUR PAPASINGAN & TINGKESAN

    Novel téh nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Malah aya sababaraha kajadian anu sambung sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novel mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna téh. Upama hidep maca novel bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsik nu aya novel. Téma nyaéta nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji carita. Téma…

  • MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI WARTA SUNDA

    MATERI WARTA BAHASA SUNDA SMA KELAS 11

    Kecap warta atawa berita asalna tina basa Sansekerta viritta nu hartina béja ngeunaan hiji kajadian atawa hal nu keur kajadian. Istilah warta dina jurnalistik dipaké pikeun ngalaporkeun kajadian nu eukeur atawa anu enggeus lumangsung. Warta téh bisa dibédakeun jadi sababaraha katagori, dumasar bobot eusina, lokasi peristiwana, sipatna, jeung topikna. Warta teu ukur nepikeun béja ngeunaan peristiwa kiwari jeung nu kamari, tapi deuih sakapeung mah sok mangaruhan ka nu narimana, boh nu maca boh nu ngaregepkeun. Umumna warta diwawarkeun dina media massa, kayaning surat kabar, majalah, radio, jeung televise. Malahan mah di jaman kiwari geus bisa dipaluruh dina internet.

  • WAWACAN SUNDA

    15+ CONTOH WAWACAN BAHASA SUNDA

    Kacaturkeun nagara Sokadana, anu kaceluk réa ketan réa keton, sugih dunya taya kakurang, sarta rajana sabar adil palamarta. Ngaran rajana Déwakéswari. Anjeunna kacida miasihna ka Tunjungsari nu keur kakandungan, selir nu asalna ti Balangbangan. Ku hal éta, praméswari langkung-langkung ijidna ka éta selir, sarta sakongkol jeung Ajar Guna Wisésa pikeun ngusir Tunjungsari ti karaton. Ajar nyaurkeun ka Raja yén selir téh geus ngalampahkeun jinah jeung salah saurang pangiringna nu ngaranna Panolih. Puguh baé Raja téh bendu sarta maréntahkeun sangkan Tunjungsari katut Panolih dihukum pati. Anjeunna miwarang Patih Lembu Jayéng Pati pikeun nelasan Tunjungsari. Tapi patih teu tégaeun pikeun nelasan Tunjungsari. Batan ...

error: Content is protected !!