CONTOH PANUMBU CATUR TENTANG SAKOLA

CONTOH PANUMBU CATUR BASA SUNDA

Prolog:
Sababaraha urang pangurus OSIS SMA Negeri 1 Mekarsari keur ngayakeun sawala, Para pamilon sawala kacida daria. Ari matéri anu disawalakeunana nyaéta ngeunaan kagiatan PORSAK (Pekan Olahraga dan Seni Antar Kelas) anu sakeudeung deui baris dilaksanakeun

Aris nu kapeto jadi Panumbu Catur, pok ngamimitian nyarita.

ARIS: “Luyu rarancang awal poe ieu urang sawalakeun ngeunaan matéri naon wae nu bakal dipasanggirikeun dina kagiatan PORSAK (Pekitn Olahraga dan Seni Antar Kelas) semester ayeuna Saha nu rék nepikeun kamandang?”

Tatang: “Matéri olahraga mah geus we pertandingan futsal. Mun matéri seni, kumaha lamun pasanggiri nembangkeun pupuh.”

TEKS PANUMBU CATUR TENTANG LINGKUNGAN BAHASA SUNDA

CONTOH PANUMBU CATUR BASA SUNDA

Panumbu Catur: Assalamu’alaikum wr. wb. Sampurasun! Langkung ti payun urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu parantos maparin rupining kani’matan kanggo urang sadaya. Hatur nuhun ka Sadérék Paata Acara anu parantos maparin kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kasempetan.
Wilujeng sumping ka para pamilon ieu acara diskusi nu matak kataji. Kantenan pisan atuh, da lumangsungna ogé di gedong anu sakieu saéna, nyaéta gedong Inten Balarea
leu acara diskusi téh kasang tukangna lantaran ayana rasa prihatin urang kana kaayaan alam anu beuki dieu beu ki ruksak, di antarana caah anu ngabalukarkeun imah-imah palid, jeung harta banda kabawa caah. Ku kituna, tujuan tina ieu diskusi těh nyaéta sangkan urang tiasa ngarumat alam supaya henteu kajadian caah di lingkungan urang.

CONTOH RESENSI FILM SUNDA

Jejer dina pilem Garuda di Dadaku karya sutradara Ifa Isfansyah ngeunaan méngbal. Ieu pilem téh diproduksi lantaran ku ayana rukun gawé antara: Miléan Production, Unilever (Lifebuay Shampoo), jeung SBO Production. Lokasi sutingna di wewengkon Jakarta

Ieu pilem teh nyaritakeun tokok Bayu budak kelas 6 SD anu boga cita-cita havang jadi pamain mengbal sohor Unggal poe cocoanana téh kana bal mengbal Bayu cicing jeung indung, ogé akina. Bapana Bayu gé resep kana méngbal, nepi ka kukuna tidikes tur teu bisa deui méngbal. Antukna ukur jadi supir taksi. Lantaran ginggiapeun (trauma) kitu, akina Bayu teu resep ka saha waé nu sok méngbal. Ku kituna, akina Bayu (Usman) kacida ngahalang-halangna ka Bayu pikeun neruskeun cita-citana jadi tukang (pamaén) mengbal. Tapi getih bapana ngamalir dina diri Bayu, manchna kuat pisan tekadna hayang jadi tukang mengbal.

Bayu bogaeun sobat, ngaranna Héri. Ku Héri, Bayu disumangetan sangkan miluan seleksi Tim Nasional U-13 anu engkéna bisa ngawakilan Indonesia keur laga di aréna internasional.

CONTOH RESENSI DRAMA SUNDA

“Tukang Asahan” Drama Opat Jaman
ku: Dadan Sutisna

Hujan ngecrek ti beurang kénéh. Maju ka magrib, Aula Graha Sanusi Hardjadinata masih simpe Nu témbong karék seting panggung. aya imah tilu di kenca-katuhu jeung bagian tengah. Di beulah tukang katuhu, aya dua lawang siga gapura, nu hiji mah make umbul-umbul.

Poe Senén bada Isa, Rumawat Padjadjaran midangkeun deui pagelaran seni budaya nu ka-49. Poć éta mah, nu dipidangkeun téh Drama Sunda Tukang Asahan” karya Wahyu Wibisana, digarap ku Teater Sunda Kiwari Tukang Asahan” drama lawas, dibukukeun taun 1978, tapi teu leungiteun amanah najan dipéntaskeun jaman kiwari. Komo apan, ieu drama téh euyeub ku palasipah nu kudu dipikiran ku nu lalajo

CONTOH RESENSI BUKU BAHASA SUNDA

Dokumentasi Persib
Resensi karya Atep Kurnia

Judul Buku; Persih Aing
Pangarang : Dani Wihara & Endan Suhendra
Pamedal: Forum Dialog wartawan Bandung (FDWB)
Citakan: Kahiji, Maret 2007
Kandelna: VIII + 256 kaca
Referensi ngeunaan Persib medal deui. Nu nyusunna wartawan, dunan, Dani Wihara nu sapopoéna milu ngokolakeun tabloid olahraga GO jeung Endan Suhendra ti HU Galamédia. Judul bukuna Persib Aing. Méméhna nu nyusun buku ngeunaan Persib the R. Risnandar Soendoro, Sejarah Lintasan Persib (2001),
Buku nu diloncing Saptu (12/5/07) di Gedong Alumni UNPAD téh dibagi jadi salapan bab. Bab kahijina “Pesona Maung Bandung”, ditéma ku “Sejarah Maung Bandung”, ditambah ku sawatara bab lianna, dipungkas ku bab. “Parade Foto

CONTOH RESENSI BUKU SUNDA

Misteri Bacaan Barudak

Misteri Haur Geulis (MHG) museur kana lalampahan pakanci Diran saparakanca nu diaping ku guruna. Basa ngadéngé béja aya budak anu leungit (Si Umar). Diran anu kapangaruhan ku buku Misteri Anak Hilang téh boga maksud pikeun nyusud budak nu leungit téa. Cenah mah sasab ka Leuweung Tutupan.
Horéng Si Umar mah henteu kalangsu, tapi ngilu ka lanceuk téréna(Si Supri) ka Citepus. Niatna mah rék ulin, tapi kalah ka kamalinaan. Si Umar kapang gih, tapi barudak nu tilu (Diran, Emod, jeung Rina) laleungit. Nu nyampak téh ukur surat ti Rina. Eusina nitah sangkan nu ditinggalkeun ulah deudeupeun.

Budak nu tiluan téa, inditna téh subuh kénéh, méméh batur harudang. Nu dijug jugna Leuweung Tutupan. Barudak méng kol ka kénca, lain lempeng ka kulonkeun sakumaha pituduh Aki Minta. Puguh baé kalangsu ka lembur séjén. Capé laleum pang, nyimpang heula ka warung. Kasam pak aya budak duaan keur jarajan. Cék tukang warung mah éta barudak gé urang Haur Geulis. Si Diran mah ngaléos da ka béngbat ku pintonan ronggéng. Sabot Si Diran euweuh, Rina wakca yén manéhna mah ngilu téh duméh rék ngabolaykeun rarancang Diran, ku cara ngaléjokeun jalan sorangeun, sarta rék akon-akon gering ngarah bisa balik deui.

RESENSI NOVEL SUNDA

Nyastrakeun Olahraga

Rada ahéng saenyana mah ieu novel téh. Nu didongéngkeunana perkara olahraga maén bal. Atuh pangarangna, nyaéta RAF (Rahmatullah Ading Affandie) resep kana maén bal deuih. Kasebut langka wé dina sastra Sunda mah sigana.

RAF téh pituin urang Banjarsari, Ciamis, lahir 2 Oktober 1929 Kungsi milu ngurus Persib (1955-1964). Geus tangtu apal kana bubuk leutikna maén bal mah. Ti mimiti urusan kleub maén bal tepi ka unak anikna téhnik maen bal, éstu weruh.

Kaweruhna nembrak pisan dina ieu novel Bentang Lapang. Upamana baé dina lebah ngabéjérbéaskeun téhnik jeung stratégi maén bal Najan ukur saules, tapi keur nu hayang terang kana perkara maén bal mah loba pulukaneunana.

RESENSI BUKU NÉLÉNÉNGKUNG SUNDA

Resep maca buku karya Wahyu Wibisana téh. Anjeunna ngabéjérbéaskeun kahirupan dirina, ti leuleutik nepi ka jadi jelema nu luhung ku élmu pangaweruh, sarta teu leupas tina asih nu jadi ind ung. Dina ieu buku, pangarang nyaritakeun kahir upanana ku basa nu nyastra tur basajan. Mimiti maca judulna ogé geus aya kapanasaran téh Naha bet kudu “Néléngéngkung?” Sabab, dina Kamus Basa Sunda “néléngnéngkung” téh taya hartina, Boa boa mantra kitu? Du’a ti nu jadi kolot nu biasa sok disebut jampé téa. Jampé ti kolot keur budak sar ta harepan kolot ka budak ngarah anakna jadi jelema nu linuhung. Jadi inget kana papatah Rama Guru, saurna, “Du’a nu téréh diijabah ku gusti Alloh téh salah sahijina nyaeta du’a ti sepuh”. Sanajan ukur lagu, tapi “néléng- néngkung” téh matih.

Dina ieu buku nu ngarang ngagunakeun sudut pandang jelema kahiji nyaéta “kuring”. Eusina loba pisan pulunganeunana pikeun hirup balaréa, pangpang na keur urang nu ngarora. Ieu buku téh nyaritakeun kahirupan pangarang nu pinuh ku élmu. Eusina siga catetan sapopoé, ti mimiti gubrag ka alam dunya nepi ka tempat pangbalikan mun dipundut ku Nu Kawasa. Éta pangalaman téh ditepikeun ku basa sastra nu hadé. Malah bisa dibaca ku ahli-ahli, saperti antropolog, sosiolog, sejarawan, sastrawan, linguis, jeung ahli séjénna.
Contona, ngeunaan basa. Ku nu ngarang didadarkeun kumaha mimitina budak diajar ngomong, foném naon nu mimiti diucapkeun, nepi ka kaharti ku batur naon nu dimaksud ku budak najan can tangtu maksud orok sarua jeung nu ngadenge. Mimiti sora /a/ lamun liang nu diwatesan ku biwir dibukakeun, bisa ngaluarkeun sora /m-m-m/ upama biwir nu luhur jeung nu handap diantel-antel bari ngaluarkeun hawa ti jero; sora /p-p-p/ upama dibarung ku pepeletusan hawa ti jero. Antukna, barudak bisa nyebut /ma ma-ma/ jadi ema, jeung /pa-pa-pa/ jadi apa. Najan dina unggal kalimah aya kecap “meureun”, éta téh tangtu lantaran inget-inget poho, Siga judul lagu band barudak ayeuna, Kuburan: “Lupa-lupa Ingat”.

RESENSI FILM SOEKARNO BAHASA SUNDA

Mun lalajona di bioskop, méméh der pilem(pilem) dipu ter, nu lalajo diajak nyanyikeun lagu kabangsaan “Indonésia Raya” bari ngadeg. Sanggeus nu lalajo dariuk deui dina korsina séwang-séwangan, karék pilem diputer.
Dumasar kana sinopsis dina website resmi pilem Soekarno, dina lalakon pilem “Soekarno: Indonésia Merdéka!”, dicarita- keun yén saméméhna mah ngaran Soekarno téh Kusno. Awakna begang jeung ririwit. Ku bapana, ngaran Kusno téh diganti jadi Soekarno. Dina umur 24 taun, Sukarno bisa ngageunjleungkeun podium ku ngagorowok: Kita Harus Merdeka Sekarang! Akibat na, Soekarno dibérok, kalayan tuduhan ngahasut jeung ngaba runtak siga komunis. Tapi, kawani Soekarno henteu pareum, kalah leuwih ngabebéla Soekarno wani ngagugat Plédoina anu kakoncara nyaéta: Indonesia Menggugat! Ku ayana peristiwa “In donesia Menggugat”, Soekarno diasingkeun ka Endé, sarta sa tuluyna dipindahkeun ka Bengkulu
Di Bengkulu, Sukarno reureuh saheulaanan tina pulitik. Dina mangsa harita, Soekarno kagémbang ku wanoja ngora nu ngaranna Fatmawati (18 taun). Padahal harita Soekarno status na masih kénéh salaki Inggit Garnasih; wanoja anu umurna leu wih kolot ti Soekarno, nu salawasna sok ngabéla tur satia nga rojong kana perjoangan Soekarno. Antukna, Inggit kudu iklas nangénan salakina kagembang deui ku wanoja séjén.

CONTOH RESENSI SUNDA SINGKAT

Ieu buku nu eusina kumpulan carita humor téh judulna Dulag Nalaktak. Ditulisna ku Usép Romli H.M. Saurang pangarang Sunda anu geus kakoncara rajin nulis. Buku ieu kandelna ukur 51 kaca. Dipedalkeunana ku Kiblat Buku Utama, taun 2006 bulan Januari. Buku citakan anu kahiji ieu téh hargana ukur 13.000,- tur bisa dibeuli di unggal toko buku Sunda.

Dina ieu buku dicaritakeun teu kolot teu budak, urang Cirahong mah kawentar ahli ngadulag. Kawantu boga dulag wasiat tuturunan ti karuhun. Alatan béda paham nu nakolna. Éta bedug warisan ti Kangjeng Wali téh jadi masalah. Nu béda pahamna golongan kolot nu keukeuh mertahankeun tatacara nakol bedug cara nu geus diturunkeun ku karuhunna. Sora bedugna téh ngagalindeng, mun dilenyepan mah kieu sorana téh, tirilik jangkrik, jangjang kijang. Ieu golongan diwakilan ku Ki Marebot Adlami jeung Ki Durahim.

Demi nu nangtangna nu ngarora, nu keuna ku pangaruh jaman. Maranéhna hayang ngarobah sora bedug tina ngagalindeng kana “revolusioner.” Puguh wé keur kolotkolot urang Cirahong mah matak ahéng.

CONTOH RESENSI PERTUNJUKAN SUNDA

RESENSI PERTUNJUKAN

SUNDA jeung ANGKLUNG’S Day
Humas UPI | 19/11/2015 | Aktivitas Mahasiswa

Unit Kagiatan Mahasiswa Kabumi Universitas Pendidikan Indonesia (UKM Kabumi UPI) gawé bareng jeung Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jawa Barat ngagelar Angklung’s Day 2015, Saptu (21/11/2015), di Gedung Sate, Bandung. Angklung’s Day anu kaopat ieu téh pikeun miéling poé angklung, bakal direuah-reuah ku mintonkeun 5000 pamaén angklung nu baris ngéarkeun jagat kota kembang.

“Téma ieu kagiatan nyaéta unity in diversity. Alesan dipakéna éta téma téh lantaran angklung bisa dipaénkeun ku unggal jalma tanpa wates umur, agama, jeung suku bangsa. Dina ieu acara baris diondang ogé warga nagara deungeun, salah sahijina Australia. Ku angklung, dipiharep bisa ngahijikeun unggal sélér bangsa nu aya di saalam dunya.

CONTOH RESENSI MUSIK SUNDA

RESENSI MUSIK

Aya anu boga anggapan yén kecap degung asalna tina kecap ratu-agung atawa tumenggung. Gamelan Degung dipikaresep pisan ku para pejabat jaman baheula. Bupati Bandung nu jenengan R.A.A. Wiranatakusuma salah saurang pejabat nu migandrung pisan kana seni degung. Anjeunna kawéntar anu ngumpulkeun lagu-lagu degung kana wangun rékaman sora.

Aya ogé anu nyebutkeun yén degung asalna tina kecap “Deg ngadeg ka nu Agung”. Hartina urang salaku manusa salawasna kudu madep (ibadah) ka Allah swt. Dina basa Sunda kawilang réa kecap anu ditungtungan ku engang gung anu hartina tempat anu luhur atawa miboga kalungguhan anu luhur, kayaning kecap panggung, agung, tumenggung, jeung nu séjénna. Ku lantaran kitu, degung pikeun urang Sunda baheula mah minangka gambaran hiji hal anu agung jeung dipihormat tur dipikaresep ku pangagung

RESENSI NOVEL PANGERAN KORNEL BAHASA SUNDA

RESENSI BUKU
Karya anu ditulis ku Raden Memed Sastrahadiprawira ieu téh kaasup kana novél sajarah, dipindo medal ku penerbit Kiblat Buku Utama. Medal munggaran ku penerbit Rahmat Cijulang, Bandung, taun1986, kandelna 184 kaca. Eusina ngalalakonkeun perjuangan Pangéran Kusumah Dinata anu meunang jujuluk ‘Pangéran Kornél’. Éta téh gelar kamilitéran ti Kolonial Belanda. Anu apal sajarah mah tangtu resep maca ieu karya téh, lantaran alur carita jeung patempatanana cenah méh sarua jeung pakta sejarah. Sanajan kitu, ku lantaran ditulis dina wanda karya sastra (novél), pangarang leu bisa ngalesotkeun unsur imajinasina.

Aya peristiwa anu ngageunjleungkeun masarakat harita, nyaéta basa Pangéran Kusumah Dinata nu katelah Pangéran Kornél téa, sasalaman ku panangan kiwana nalika narima leungeun katuhuna Marsekal Daendels. Harita panangan tengen Pangéran Kornél nyepeng pérah keris nu sayaga nubles Marsekal Daendels. Éta peristiwa diabadikeun dina wangun patung jajalaneun Bandung- Sumedang, persisna di wewengkon Cihérang.

CONTOH LAPORAN KAGIATAN KARYA WISATA BAHASA SUNDA

CONTOH LAPORAN KAGIATAN BAHASA SUNDA

LAPORAN KAGIATAN
KARYA WISATA KA SUMEDANG

Bapa Kepala Sakola SMA Negri 10 Bandung nandeskeun ka para siswa, yén dina ngayakeun karyawisata téh, henteu salawasna kudu indit ka tempat anu jauh. Angot lamun tujuan karya wisata téh maksudna pikeun mikawanoh hiji tempat. Saméméh mikawanoh anu jarauh téh, leuwih hadé wanoh heula ka patempatan anu deukeut.

“Ulah Yogyakarta didatangan, ari Sumedang henteu,” saur Bapa Kepala Sakola.

Mimitina mah paramurid téh silih rérét.

“Ma enya Bapa, karyawisata ka Sumedang?” ceuk salahsaurangmurid.

“Éta hidep geus apal potensi naon baé anu aya di Sumedang, boh objek wisatana, boh sajarahna, boh kamajuan sosial ekonomi katut budayana?” saur Bapa Kelapa Sakola. Bep paramurid jarempling.

“Cing Bapa rék nanya, ari di Yogyakarta aya naon baé?” saur Bapa Kepala Sakola. Atuh murid-murid papaheula ngasongkeun kanyahona,

“Aya Candi Borobudur!”

“Aya Karaton Kasultanan!”

“Aya Baphia Pathok, Pa!”

CONTOH LAPORAN KAGIATAN PAGELARAN SENI SUNDA

CONTOH LAPORAN KAGIATAN BAHASA SUNDA

1. Bubuka
Dina raraga milangkala SMK Sundalana nu ka 20, OSIS SMK Sundalana ngayakeun kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan sakola. Ieu kagiatan téh minangka pangreuah-reuah, sarta salah sahiji kasempetan pikeun némbongkeun kaparigelan jeung karancagéan siswa. Iwal ti éta, ieu acara téh ngarojong pro gram Rebo Nyunda anu ditetepkeun ku pamaréntah daerah Ku kituna dipiharep bisa numuwuhkeun kareueus jeung sumanget siswa sangkan ngamumulé seni tradisi Sunda. Dina ieu pagelaran disadiakeun tilu pakét hadiah pikeun katégori “pamidang favo rit”, “pamidang motékar” jeung “pamidang méncrang”.

2. Waktu jeung Tempat
Ieu kagiatan dilaksanakeun ping 31 Mei 2017, jam 08.00-11.00 di Balé Pamidangan (Aula) SMK Sundalana. Jl. Garut No. 2 Kota Bandung

3. Pamilon
Pamilon ieu kagiatan téh sakumna siswa ti unggal kelas jeung jurusan, kalayan wawakil anu kadaptar ti unggal kelas jumlahna aya 60 urang. Wincikanana:
Kelas X :4 kelompok, jumlahna 20 urang
Kelas XI :4 kelompok, jumlahna 20 urang
Kelas XII :3 kelompok, jumlahna 20 urang

error: Content is protected !!