SEMPALAN BABAD SUMEDANG BAHASA SUNDA
Kacaturkeun Karajaan Sumedang téh dirurug ku pasukan Karajaan Cirebon Ari sababna, Pangeran Geusan Ulun (Raja Sumedang), ngiwat Ratu Harisbaya, istri Pangeran Girilaya (Raja Cirebon). Méméh ngarurug Sumedang, pasukan ti Cirebon teh ngaraso heula, ngarumpul di hiji tempat anu tiiseun. Maksudna mah bari rék ngatur siasat.
Kacaturkeun Aki Sayang Hawu, patih Karajaan Sumedang. Lar ngaliwat katempat panyumputan pasukan Cirebon téa, kacida reuwaseunana. Tuluy baé Aki Sayang Hawu téh atuh nyamar jadi aki-aki baramaén, leumpangna ogé jajarigjeugan bari mawa iteuk. Tuluy ngadeukeutan pasukan Cirebon téa. “leu téh pasukan ti mana? Naha nyarumput di dieu?”