CONTOH KAULINAN BARUDAK BAHASA SUNDA
Oray-orayan luar-leor mapay sawah
Entong ka sawah, parena keur sedeng beukah
Oray-orayan luar-leor mapay kebon
Entong ka kebon, loba barudak keur ngangon
Oray-orayan luar-leor mapay leuwi
Mending ge teuleum, di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi?
Anu mandi di pandeuri.
ri……………….ri…………ri………….ri……….
( Dicutat tina buku “ BINTJARUNG no 157, kénging Mang Koko sareng M.O Koesman taun 1959,kaca 23 – 25 )
Dina ngawihkeun éta kaulinan,barudak dijadikeun tilu jajar,sajajarna sapuluh urang. Unggal jajaran nangtungna nguntuy katukang, ti mimiti pangjangkungna nu jadi huluna, tepi ka nu pangpendékna nu jadi buntutna, bari pacekel-cekel cangkéng. Unggal jajaran kudu bisa maju luar léor nurutan oray,tapi antayan teu meunang pegat.