• KAULINAN BARUDAK SUNDA

    CONTOH KAULINAN BARUDAK BAHASA SUNDA

    Oray-orayan luar-leor mapay sawah Entong ka sawah, parena keur sedeng beukah Oray-orayan luar-leor mapay kebon Entong ka kebon, loba barudak keur ngangon Oray-orayan luar-leor mapay leuwi Mending ge teuleum, di leuwi loba nu mandi Saha nu mandi? Anu mandi di pandeuri. ri...................ri............ri.............ri.......... ( Dicutat tina buku “ BINTJARUNG no 157, kénging Mang Koko sareng M.O Koesman taun 1959,kaca 23 – 25 ) Dina ngawihkeun éta kaulinan,barudak dijadikeun tilu jajar,sajajarna sapuluh urang. Unggal jajaran nangtungna nguntuy katukang, ti mimiti pangjangkungna nu jadi huluna, tepi ka nu pangpendékna nu jadi buntutna, bari pacekel-cekel cangkéng. Unggal jajaran kudu bisa maju luar léor nurutan oray,tapi antayan teu meunang pegat.

error: Content is protected !!