• MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI WAWANCARA SUNDA

    WAWANCARA SUNDA: STRUKTUR LAPORAN DIALOG & NARASI

    Wawancara kaasup kagiatan nyarita dua arah. Aya nu nanya jeung aya nu ngajawab. Saméméh ngalakukeun wawancara kudu tatahar heula nyusun sajumlahing pananya ngeunaan matéri nu rék ditanyakeun ka narasumber. Narasumber téh jalma nu baris dipénta kateranganana. Saupama urang perlu informasi ngeunaan hiji perkara, kadé ulah salah nangtukeun narasumber. Upama perlu informasi ngeunaan kasenian, nya datang ka narasumber nu ahli dina widang seni, Upama perlu informasi ngeunaan pendidikan, nu diwawancarana kudu ahli di widang pendidikan, perlu katerangan ngeunaan olahraga, kudu ngadatangan jalma nu ahli dina widang olahraga, upamana atlit, pelatih atawa guru olahragana pisan.

  • KUMPULAN SOAL BASA SUNDA

    50+ KUMPULAN SOAL WAWANCARA BASA SUNDA SMA KELAS 10

    Wawancara téh dina basa inggris disebutna … a. Interview b. Interval c. Intervensi d. Intermedia e. Interaksi  Kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung sok disebut … a. Wawancara b. Paguneman c. Sawala d. Konferénsi e. Seminar  Ku ayana kamekaran téknologi, wawancara gé bisa dilaksanakeun jarak jauh ngaliwatan média internét anu disebut … a. video conference b. video converter c. video compress d. média sosial e. média massa

  • WAWANCARA BAHASA SUNDA

    15+ CONTOH WAWANCARA BAHASA SUNDA

    Hasil Ngawawancara Patugas Museum KAA (Laporan disusun wangun tanya jawab) Siswa : “Aya wartos lebet Museum Konferensi Asia Afrika (KAA) mah bénten sareng ka museum-museum atanapi tempat wisata liana. Naon béntenna téh Pa? Patugas : ”Leres, Wisata sajarah ka KAA mah teu dipulut biaya nanaon. Ngan sok sanajan haratis, tetep baé masarakat mah bangun nu haroréameun. Masarakat mah mending milih ulin ka mol, diskotik, atawa outlet manan ka museum.

  • WAWANCARA BAHASA SUNDA

    TEKS WAWANCARA BAHASA SUNDA TENTANG KESEHATAN

    Hasil Wawancara Ngeunaan Bahaya Narkoba jeung Hiv (Laporan disusun wangun tanya jawab) Nu Nanya : “Pa, punten abdi badé nyuhunkeun katerangan, kintenkinten naon baé masalah anu dipayunan ku pamaréntah akibat tina narkoba téh?” Narasumber : “Kiwari narkoba mémang jadi masalah, lain baé keur pamaréntah, tapi keur sakumna masarakat, ogé lain ukur di Indonesia, tapi di unggal nagara di sakuliah dunya. Ari nu jadi sababna narkoba téh bisa ngaruksak mental bangsa, utamana barudak ngora.” Nu nanya : “Kumaha kaayaan jalma anu ngagunakeun narkoba dina mangsa kiwari téh Pa?”

  • MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI WAWANCARA SUNDA,  WAWANCARA BAHASA SUNDA

    MATERI WAWANCARA SUNDA

    Wawancara téh dina basa inggris disebutna interview, asal tina kecap inter (antara lolongrang ) jeung view ( paniten panempo ). Nilik kana rucatan kecap kitu, wawancara téh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung atawa anu ngawawancara jeung nu diwawancara. Kuayana kamekaran teknologi, wawancara ge bisa dilaksanakeun jarak jauh ngaliwatan media internet anu disebut video conference a. Bubuka Bubuka dina wawancara gunana pikeun ngarahkeun naon-naon nu rék didiskusikeun, sarta nu bakal dilakukeun dina wawancara, bubka teh perlu pikeun nyiptakeun nhubungan abu hade antara nu ngawawancara jeng narasumberna.

error: Content is protected !!