MATÉRI WARTA BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA
MATÉRI WARTA BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA
Assalamualaikum wr wb
Siswa-siswi yang Bapak banggakan, terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi rangkuman materi pelajaran bahasa Sunda untuk keperluan pembelajaran daring di Sekolah kita. Dikemas dalam bentuk media audio-visual, agar memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, serta memberikan pengalaman belajar yang baru di abad 21.
Tidak hanya blog saja, bahasasunda.id mempunyai Youtube Channel, berisi video-video dokumentasi, hasil karya siswa-siswi di sekolah kita, dan video edukasi pembelajaran bahasa Sunda yang akan Bapak sampaikan setiap pertemuan di kelas. Supaya tidak ketinggalan kalian bisa kunjungi Youtube Channel dengan cara klik link di bawah ini. www.youtube.com/c/bahasasundaidGemanakarnale
Jika ada pertanyaan seputar MATERI WARTA SUNDA yang kurang dipahami, kalian bisa memberikan komentar, silahkan jangan ragu untuk mengisi di kolom komentar atau bisa menghubungi Bapak melalui Whatsapp.
Semoga dengan adanya blog ini bisa membantu pembelajaran daring di sekolah kita supaya lebih efektif dan memberikan banyak manfaat bagi kalian semua.
Selamat belajar MATERI WARTA SUNDA.
MATERI WARTA SUNDA
A. DAFTAR ISI
A. Materi Warta Bahasa Sunda
B. Contoh Warta Bahasa Sunda
C. Latihan Soal Warta Bahasa Sunda
D. Kunci Jawaban
E. Rangkuman Materi Warta Bahasa Sunda
B. PETUNJUK
Di bawah ini adalah MATERI WARTA SUNDA dalam bentuk PDF, pahami terlebih dahulu petunjuk penggunaannya untuk memberikan kenyamanan dalam belajar materi tersebut silahkan kalian bisa menggunakan menu-menu yang tersedia pada PDF ini.
1. klik view Fullscreen untuk menampilkan seluruh materi pada layar sehingga kalian bisa dengan leluasa membaca materi tersebut
2. klik simbol “+” atau “-“ untuk mengatur ukuran PDF mau diperbesar atau diperkecil sesuaikan dengan kenyamanan kalian
3. Klik simbol serach atau find dokumen untuk mencari kata kunci secara langsung sesuai dengan kata yang akan kalian cari
4. klik tanda panah untuk memilih opsi lainya jika kalian ingin mengatur tampilan PDF sesuai dengan yang kalian butuhkan
5. Refresh halaman jika materi PDF tidak muncul
MATERI WARTA
BAHASA SUNDA PDF
Di bawah ini adalah materi wawancara bahasa Sunda PDF, silahkan kalian baca terlebih dahulu, demi kenyamanan membaca silahkan gunakan sesuai dengan petunjuk diatas
1. Fungsi Warta
Warta asalna tina basa Sanskerta, viritta, hartina béja atawa iber ngeu-naan hiji kajadian. Dina basa Indonésia disebutna berita. Ari Sumber warta teh bisa tina laporan, bisa ogé tina sawangan kana hiji kajadian anu eukeur atawa enggeus lumangsung.
Cindekna, warta téh laporan informasi tina peristiwa atawa kajadian anu sipatna penting, ngirut, jeung anyar (aktual) pikeun masarakat réa, dipub-likasikeun dina kalawarta (media massa), sarta faktual dumasar kana kanyataan (fakta). Ari jalma anu sok nulis warta disebutna wartawan atawa jurnalis.
Dina nepikeun warta, bisa ku lisan sakumaha anu sok ditepikeun dina radio jeung televisi. Bisa ku tulisan sakumaha anu kabaca dina media citak kayaning koran jeung majalah. Bisa ogé ku lisan jeung tulisan sakumaha anu katitén dina internét.
Warta eusina medar rupa-rupa informasi, kayaning olahraga, seni, bu-daya, politik, sosial, réligi, musibat (bencana) alam, jeung réa-réa deui. Warta dina basa Sunda umumna dipidangkeun dina média citak jeung éléktronik.
Média citak Sunda téh kaitung réa, di antarana baé Tjahya Paseondan (1911), Papaés Nonoman (1915), Mingguan Padjajaran (1915), Padjadjaran (1918), Pusaka Sunda (1923), Sipatahunan (1923), Parahiangan (1929), Warga (1951), Sunda (1952), Candra (1954), Kujang (1956), Manglé (1957),Kiwari (1957), Sari (1962), Langensari (1963), Mingguan Sunda (1966), Hanjuang (1971), Gondéwa (1972), Giwangkara (1973), Galura (1974), Cupumanik (2003), jeung réa-réa deui. Sawaréh éta média citak téh masih kénéh mayeng medal. Sawaréhna deui mah henteu medal deui.
Ari média éléktronik anu sok midangkeun warta basa Sunda nyaéta siaran radio-radio di Jawa Barat jeung Banten, TVRI Jawa Bårat, Bandung TV, PJTV, PAR TV, Sumedang TV, Kemuning TV, jeung televisi lokal séjénna.
Dumasar fungsina, warta téh boga dua fungsi. Kahiji, pikeun méré informasi penting ka masarakat ngaliwatan média massa. Maksudna, warta téh kudu jelas sumber jeung faktana (lain warta palsu atawa hoaks), sarta bisa nambahan pangaweruh anu macana. Kadua, minangka kontrol sosial.
Maksudna, warta téh kudu némbongkeun bebeneran ngeunaan isu anu can pasti, aya tarékah pikeun ngaréngsekeun masalah, jeung informasina saimbang atawa teu mihak ka salasahiji pihak (objéktif).
Lian ti éta, warta ogé boga unsur nyaéta aktual (kajadian anu dianggap anyar), faktual (dumasar kana kanyataan tur jelas sumberna), penting (kajadian anu penting sarta aya hubunganana jeung kahirupan jalma réa), mangpaat (boga mangpaat jeung nimbulkeun rasa simpati), jeung ajén (boga ajén bebeneran jeung boga tarékah ngaréngsékeun masalah).
Dina téks warta ogé aya kaédah anu kudu diéstokeun, nyaéta téks kudu di-tepikeun kalawan informasi anu aktual tur mibanda sipat umum. Ari basa anu digunakeun kudu sipatna baku. Lian ti éta kudu maké basa loma, jelas, ringkes, jeung komunikatif. Tujuanana sangkan bisa dipikaharti ku sakumna masarakat.
2. Struktur Warta
Dumasar kana struktur anu ngawangun gemblengan téksna, struktur warta téh nyaéta judul warta, téras warta, eusi warta, jeung panutup warta. Sangkan leuwih jéntré, pék titénan ku hidep ieu guaranana di handap!
a. Judul Warta
Judul (headline) téh kecap konci anu ngawakilan warta kalawan gembleng. Dina téks warta, judul biasana ngamuat gambaran kajadian. Hadéna mah judul téh dijieun sina ngirut anu maca atawa anu ngabandungan. Lantaran saméméh anu maca leuwih gemet maca eusina, leuwih ti heula bakal niténan heula judulna. Ku kituna judul téh kudu ngirut.
Dina téks di lihur, judulna téh “RBS Miara Budaya Sunda”. Éta judul ka-kara dibaca ogé geus matak ngirut. Judul warta téh boga fungsi pikeun nganteur anu maca atawa anu ngabandungan nyipta-nyipta, kumaha pangna éta kagiatan RBS téh bisa kaasup kana ketak miara budaya Sunda.
b. Téras Warta
Téras (lead) warta téh kaasup bagian anu penting dina warta. Téras warta ogé ditulis sangkan ngirut anu maca sangkan terus nuturkeun atawa terus maca wartana. Biasana ditunda sahandapeun judul, sakumaha conto téras warta di luhur: Sangkan budaya Sunda dipiwanoh, dipicinta, sarta dimekarkeun dumasar cara tur kamampuhna séwang-séwangan.
Dina éta téras warta karangkum inti tina sakabéhna eusi warta.
c. Eusi Warta
Bagian eusi (body) téh nyaéta inti tina téks warta. Eusi warta minangka runtuyan kajadian anu jelas ngeunaan informasi anu ditepikeun. Eusi warta diwangun ku lima aspék dina wangun kecap pananya, anu sok disebutna rumus 5W + 1H nyaéta what (naon kajadianana), where (di mana kajadianana), when (iraha kajadianana), who (saha anu kalibet dina éta kajadian), why (naha bisa kajadian), jeung how (kumaha kajadianana).
d. Panutup Warta
Panutup (leg) téh paragraf atawa alinéa punutup dina téks warta. PaLian ti éta, warta ogé boga unsur nyaéta aktual (kajadian anu dianggap anyar), faktual (dumasar kana kanyataan tur jelas sumberna), penting (kajadian anu penting sarta aya hubunganana jeung kahirupan jalma réa), mangpaat (boga mangpaat jeung nimbulkeun rasa simpati), jeung ajén (boga ajén bebeneran jeung boga tarékah ngaréngsékeun masalah).
Dina téks warta ogé aya kaédah anu kudu diéstokeun, nyaéta téks kudu di-tepikeun kalawan informasi anu aktual tur mibanda sipat umum. Ari basa anu digunakeun kudu sipatna baku. Lian ti éta kudu maké basa loma, jelas, ringkes, jeung komunikatif. Tujuanana sangkan bisa dipikaharti ku sakumna masarakat.
3. Jenis Warta
Dumasar kana jenisna, warta téh dipasing-pasing jadi sababaraha rupa. Tapi dina ieu kagiatan pangajaran mah ukur rék dipedar opat jenis warta baé, nyaéta straight news (warta langsung), opinion news (warta opini), interpretative news, depth news, jeung comprehensive news. Titénan ieu guaranana di handap!
a. Straight News (Warta Langsung)
Straight news atawa warta langsung téh warta anu ditulis ringkes, lugas, jeung jelas. Eusina medar ngeunaan kajadian saenyana tanpa dikurangan atawa dileuwihan. Biasana ditempatkeun di kaca panghareupna koran atawa majalah. Ari dina radio jeung televisi mah jadi warta utama.
b. Opinion News (Warta Opini)
Opinion news atawa warta opini téh warta anu eusina opini, sawangan, gagasan, pamadegan, atawa koméntar narasumber kana hiji masalah.
Upamana, konferensi pers atawa omongan hiji tokoh penting (présidén, pajabat, pengamat, atawa jalma anu dianggap ahli dina widangna).
Warta opini biasana ditandaan ku ayana ngaran narasumber jeung cu-tatan omonganana anu dianggap penting dina téras warta.
Interpretative News
Interpretative news téh jenis warta anu mekar tina straight news. Eusi-na dieuyeuban ku sawangan wartawan atawa narasumber kana hiji kajadian. Cindekna, minangka gabungan antara fakta jeung opini wartawan atawa narasumber.
Depth News
Depth news téh warta faktual anu midangkeun kajadian bari dilengkepan
ku informasi séjénna. Eusina biasana henteu ringkes, sakapeung panjang jeung nyosok jero. Diguar kalawan gemet (runtuyan kajadian, naha bisa kajadian, kumaha balukarna, jeung tarékah naon pikeun ngung-kulanana). Bisa dipublikasikeun iraha baé teu kauger ku waktu, medar pasualan sosial, jeung sipatna keur hiburan.
1. Padika Nulis Warta
Nulis warta téh pagawéan wartawan atawa jurnalis. Saméméh nulis, tangtu kudu ngumpulkeun heula informasi jeung wawancara pikeun bahan nulis warta. Dina ngamimitian diajar nulis warta, aya padika atawa cara anu kudu diéstokeun. Ari padika nulis warta téh antarana baé néangan warta, ngayakeun wawancara, nyieun rangka tulisan, jeung nyusun warta.
a. Milih Jenis Warta
Pilih heula jenis warta anu rék ditulis. Pilih anu sakirana ceuk hidep gampang jeung bisa pikeun ngamimitian diajar nulis warta.
b. Nyusun Rangka Tulisan
Sanggeus milih jenis warta, pek jieun rangka tulisan. Rangka tulisan warta téh dumasar kana struktur warta, nyaéta judul warta, téras war-ta, eusi warta, jeung panutup warta.
C. Maluruh Warta
Maluruh atawa néangan warta téh ulah waka anu hésé. Paluruh heula warta di lingkungan sabudeureun. Usahakeun maluruh warta anu aktual jeung faktual. Kumpulkeun informasina, catet hal-hal pentingna, sarta lengkepan ogé ku potrét. Gunakeun rumus 5W + 1H téa pikeun maluruh informasina.
d. Ngalaksanakeun Wawancara
Sangkan informasina lengkep, hidep kudu ngalaksankeun wawancara ka narasumber atawa jalma anu dianggap nyaho kana informasi anu keur dipaluruh. Tujuanana sangkan warta téh objéktif, puguh sumberna, jeung jelas faktana. Siapkeun alat wawancara kayaning buku catetan, alat tulis, alat rékam (recorder), kaméra, jeung sajabana.
e. Nulis Warta
Sanggeus informasi kakumpul, prak hidep nulis warta dumasar rangka tulisan téa. Béré judul warta anu matak ngirut tur ngahudang kapa-nasaran. Warta anu hadé mah téras wartana ngirut, kalimah bubukana merenah, eusina mundel, jeung panutupna jelas. Kalimah warta mah kudu parondok jeung paragraf ulah paranjang. Gunakeun kaédah basa warta, nyaéta basa loma, jelas, ringkes, jeung komunikatif.
2. Padika Maca Warta
Hidep tangtu sok ngadéngékeun penyiar maca warta dina radio atawa ngabandungan présénter maca warta dina télévisi. Saha anu nyaho di antara hidep ogé boga cita-cita hayang jadi penyiar atawa présenter anu sohor. Ku kituna, hadéna urang diajar maca warta ti ayeuna kénéh.
Aya sababaraha hal anu kudu diéstokeun dina maca warta. Dina maca warta, lain ngan ukur kaharti ku diri sorangan wungkul, tapi bisa ngirut sakabéh pamiarsa atawa panitén. leu di handap dipedar ngeunaan padika maca warta, pék titénan ku hidep!
a. Maca Sababaraha Kali
Saméméh macakeun warta, hadéna téks warta téh kudu dibaca heula sababaraha kali sangkan kaharti eusina, jeung dina macana teu salah ngucapkeun. Baca heula sing gemet, nepi ka kaharti eusina.
b. Jelas Sorana
Dina maca warta téh sora, ucapan, kecap, kalimah, jeung artikulasi téh kudu jelas. Sangkan anu ngadéngékeun atawa anu ngabandungan warta bisa ngarti.
c. Merenah Lentongna
Lentong (intonasi) dina maca warta téh kudu diatur, ulah datar atawa monoton. Sakapeung intonasi rada ditaékeun, sakapeung diturunkeun deui luyu jeung kabutuhan eusi warta.
d. Negeskeun Kecap-kecap Penting
Sangkan anu ngedéngékeun atawa anu ngabandungan warta téh kataji jeung kairut, upama aya sababaraha kecap anu dianggap penting, éta kecap téh kudu dibaca ku cara rada dibéré tekenan (penegasan).
e. Hadé Pasemonna
Tujuanana pikeun ngantebkeun bagian anu penting dina warta.
Pasemon atawa éksprési dina maca warta téh kudu hadé. Dina muka jeung nutup warta, hadéna dibarengan ku pasemon anu soméah tur marahmay. Sedengkeun dina waktu maca eusi téks warta, pasemon téh kudu daria atawa serius.
f. Imeut kana Tanda Baca
Dina maca warta téh kudu imeut kana tanda baca, utamana peun atawa titik (.) jeung koma (,). Eta tanda baca téh gunana pikeun ngatur napas, sangkan anu ngadéngékeun atawa anu ngabandungan warta ogé henteu ngilu ngarasa capé. Ku kituna, warta téh bakal genah kadéngéna.
Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap aya katangtuan maca téks warta pikeun dibaca ku présénter.
1) Tanda koma ditandaan ku garis miring hiji (/), sedengkeun tanda titik ditandaan ku garis miring dua (//). Téks warta dina televisi mah ditulis maké gaya sakumaha anu katitén dina téks di handap.
2) Dina eusi warta televisi, teu kudu dijelaskeun kumaha dedegan hiji narasumber. Béda jeung warta anu aya dina média citak, warta anu aya dina televisi mah déskripsi dedegan hiji narasumber téh geus katempo langsung dina gambar atawa vidéo.
3) Warta dina televisi ditepikeun ku présénter (anu maca warta), dibantuan ku voice over (anu maca eusi warta bari ukur kadéngé sorana baé, sedengkeun gambar anu kapidangkeun dina televisi mah mangrupa pidangan kajadian anu keur didéskripsikeun ku petugas voice over téa).
Sumber dan referensi blog ini dirangkum dari beberapa modul & buku:
Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan. 2019. Modul Pangajaran Kaparigelan Basa Sunda Lisan. Bandung : Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan.
Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan. 2019. Modul Pangajaran Kaparigelan Basa Sunda Tulis. Bandung : Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2015. Pamekar Diajar Basa Sunda: pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas X. Bandung : Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2015. Pamekar Diajar Basa Sunda: pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI. Bandung : Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2015. Pamekar Diajar Basa Sunda: pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII. Bandung : Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Tentu saja blog ini masih jauh dari kata sempurna, masih banyak kesalahan dan kekurangan, maka dari itu jika diantara kalian mempunyai kritik dan saran yang ingin disampaikan, dipersilahkan untuk mengisi kolom komentar atau menghubungi Bapak. Kedepannya blog ini akan dievaluasi secara berkala sehingga bisa memberikan pelayanan yang terbaik bagi kalian semua siswa-siswi yang bapak sayangi.
Jika ada karya dari penulis yang dimuat di blog ini, dan tidak berkenan untuk dipakai sebagai bahan ajar, silahkan bisa menghubungi Bapak untuk kemudian melakukan tindakan yang diperlukan, jika ada indikasi pelanggaran konten, anatara lain bapak akan melakukan tindakan dengan cara menghapus konten tersebut.
Bagaimana??? Penjelasan mengenai materi di atas dapat dipahami dengan baik??? jika masih belum paham, kalian bisa memberikan pertanyaan dengan mengisi komentar di bawah atau bisa juga mengunjungi postingan mengenai MATERI WARTA BAHASA SUNDA SMA KELAS 11 lainnya atau langsung cari saja keyword materi yang kalian cari di bawah ini:
LINK KUMPULAN MATERI WARTA SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/materi-pembelajaran/materi-warta-sunda/
LINK 15+ KUMPULAN CONTOH WARTA SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/warta/
LINK 50+ KUMPULAN SOAL WARTA SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/kumpulan-soal-basa-sunda/
Jangan lupa untuk bergabung dalam group belajar bahasa Sunda husus siswa, dengan klik link di bawah ini:
WHATSAPP
TELEGRAM
FACEBOOK
INSTAGRAM
YOUTUBE
TIKTOK
Jika blog ini bisa memberikan banyak manfaat, berikan dukungan dengan cara like, comment, dan share ke teman-teman kelas kalian. Mari kita sama-sama bangun blog ini supaya bisa lebih berkembang lagi dan memberikan banyak ilmu yang bermanfaat bagi kalian semua.
Terimakasih.





