MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

MATÉRI SAJAK BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA

MATÉRI SAJAK BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA

Assalamualaikum wr wb
Siswa-siswi yang Bapak banggakan, terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi rangkuman materi pelajaran bahasa Sunda untuk keperluan pembelajaran daring di Sekolah kita. Dikemas dalam bentuk media audio-visual, agar memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, serta memberikan pengalaman belajar yang baru di abad 21.

Tidak hanya blog saja, bahasasunda.id mempunyai Youtube Channel, berisi video-video dokumentasi, hasil karya siswa-siswi di sekolah kita, dan video edukasi pembelajaran bahasa Sunda yang akan Bapak sampaikan setiap pertemuan di kelas. Supaya tidak ketinggalan kalian bisa kunjungi Youtube Channel dengan cara klik link di bawah ini. www.youtube.com/c/bahasasundaidGemanakarnale


Jika ada pertanyaan seputar MATÉRI SAJAK BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA yang kurang dipahami, kalian bisa memberikan komentar, silahkan jangan ragu untuk mengisi di kolom komentar atau bisa menghubungi Bapak melalui Whatsapp.

Semoga dengan adanya blog ini bisa membantu pembelajaran daring di sekolah kita supaya lebih efektif dan memberikan banyak manfaat bagi kalian semua.
Selamat belajar
MATÉRI SAJAK BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA.

MATERI CARITA PANTUN
MATERI CARITA PANTUN
MATERI CARITA PANTUN
MATERI CARITA PANTUN
MATERI CARITA PANTUN

MATÉRI SAJAK BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA

  1. Nganalisis Ciri-Ciri jeung Struktur Sajak
  2. Ciri-Ciri Sajak

Tiap wangun karya sastra ngabogaan ciri-ciri nu tangtu. Kitu deui, karya sastra nu mangrupa sajak. Sajak dina sastra Sunda sarua jeung puisi dina sastra Indonésia. Ari dina sastra Sunda, puisi téh hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra kauger, saperti sisindiran, pupujian, rumpaka kawih, kaasup sajak.

Istilah “puisi” dina sastra Sunda nyoko kana wanda karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa. Puisi Sunda téh réa rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya anu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya anu ngawujud carita (carita pantun, wawacan), aya oge anu henteu ngawujud carita, saperti rupa-rupa puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampé, asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan), kakawihan (barudak), sa’ir (pupujian, sawér), jeung pupuh (dangding, guguritan). Ari anu kaasup puisi anyar, nyaéta sajak.

Minangka salasahiji wangun puisi, sajak nyoko kana salasahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi). Sanajan ditulis dina wangun ugeran, tétéla sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang unggal padalisan jeung jumlah padalisan dina unggal pada saperti dina pupuh atawa sisindiran.

Disawang tina asal-usulna, sajak téh kaasup kana karya sampeuran anu jolna tina sastra deungeun, nyaéta pangaruh tina sastra Éropa. Eta karya téh asup tur jadi banda sastra Sunda kira-kira ti taun 1946, nyaéta nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngaréka basa dina wangun sajak. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaéta Kis W. S. Nya ti haríta, sajak Sunda terus mekar nepi ka kiwari. Lian ti rea sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa Sunda, saperti Mangle, Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda, réa ogé karya sajak anu geus dibukukeun mangrupa antologi.

Sababaraha judul buku kumpulan sajak Sunda jeung pangarangna, di antarana waé:

  1. Lalaki di Tegal Pati karya Sayudi, 
  2. Janté Arkidam karya Ajip Rosidi,
  3. Tepung di Bandung karya Rahmat M. Sas. Karana,
  4. Lalaki Langit karya Juniarso Ridwan,
  5. Jagat Alit karya Godi Suwarna,
  6. Maung Bayangan karya Etty R. S.,
  7. Nu Mahal ti batan Inten karya Yus Rusyana,
  8. Jamparing Hariring karya Dédy Windyagiri,
  9. Aya Naon di Cinaon karya Wahyu Wibisana,
  10. Kidang Kawisaya karya Rétty Isnéndes,
  11. Katiga karya Yayat Héndayana,
  12. Gondéwa karya Étty R. S.,
  13. Jiwalupat karya Godi Suwarna,
  14. Kalakay Méga karya Soni Farid Maulana.
  • Adegan (Struktur) Sajak

Sajak téh mangrupa ungkara pikiran, rasa, jeung gagasan pangarang nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan. Éta pasualan téh asalna bisa tina kanyataan kahirupan sapopoé bisa ogé ukur rékacipta pangarang sabada ngaliwatan prosés imajinasi jeung kontémplasi, anu satuluyna dijanggélékkeun dina wangun rakitan basa anu éndah.

Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara konotatif (kiasan). Ku kituna, sajak mah aya kalana hésé dipikahartina, lantaran ari ungkara konotatif mah loba silib jeung siloka. Béda jeung harti dénotatif anu ngungkabkeun harti sajalantrahna.

Minangka karya sastra wangun ugeran (puisi), sajak ngabogaan struktur nu tangtu. Aya dua rupa struktur sajak, nyaéta struktur lahir jeung struktur batin.

  1. Struktur/unsur lahir sajak

Struktur lahir sajak nyoko kana unsur fisik pangwangun sajak. Aya genep unsur lahir atawa adegan lahir sajak, nyaéta wangun sajak, pilihan kecap, citraan, gaya basa, purwakanti, jeung wirahma.

  1. Wangun sajak (tipografi)

Sajak téh ditulisna béda-béda, upamana waé aya nu sapada, dua pada, jeung saterusna. Tina sapadana ogé teu matok siga sisindiran atawa pupuh, bébas kumaha panyajakna. Lian ti éta, naha huruf-hurufna maké aksara leutik atawa gedé (kapital), ieu ogé mangaruhan kana wangunan sajak.

  • Pilihan kecap (diksi)

Sajak nu alus téh gumantung kana kecap-kecap anu dipaké ku panyajakna. Biasana sok kapanggih kecap-kecap anu geus langka dipaké (arhaik), tuluy dipaké nuliskeun sajak. Upamana waé, kecap asih diganti jadi kecap duriat, atawa kecap sedih diganti jadi kecap tunggara.

  • Citraan (imaji)

Citraan atawa imaji téh nyaéta pangaruh kecap ka nu maca sajak. Biasana mah aya patalina jeung naon anu karasa, katempo, jeung kadéngé ku nu maca tina kecap-kecap anu aya dina sajak. Citraan dina sajak sipatna bisa citraan swara (auditif), citraan panempo (visual), jeung citraan pangrampa (taktil). Sajak nu alus téh taya lian sajak anu bisa ngabalukarkeun nu macana téh milu ngararasakeun kana naon anu ditepikeun dina éta sajak.

  • Gaya basa

Gaya basa dina sajak téh bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif. Gaya basa dina sajak bisa nimbulkeun harti nu beunghar kana eusi sajak. Sajak téh jadi psimatis, hartina bisa mibanda harti anu mundel, jero, tur loba. Dina basa Sunda aya sawatara gaya basa, upamana mijalma, ngasor, kadalon, rarahulan, jsté.

  • Purwakanti

Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah. Nilik kana perenahna, purwakanti téh bisa ngaréndeng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antarpadalisan. Ku lantaran kitu, purwakanti téh aya nu ngajajar (purwakanti rantayan), anu ngaruntuy (purwakanti runtuyan), atawa gabungan boh rantayan boh runtuyan.

(1) Purwakanti rantayan, nyaéta saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina sapadalisan. Contona, sora [u] dina padalisan kahiji téks sajak di luhur.

(2) Purwakanti runtuyan, nyaéta saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya di tungtung ungkara padalisan. 

Contona sora [a] dina tungtung padalisan kahiji nepi ka kaopat. Titénan deui sempalan téks sajak di handap.

Héjo pagunungan paul lautan (a)

Taya kamarasan ngan katugenahan (a)

Héjo pagunungan paul lautan (a)

Taya katengtreman ngan ancaman (a)

Sempalan téks sajak di luhur téh jumlahna sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina téks di luhur, aya sora-sora anu sarua di unggal padalisan. Dina padalisan kahiji nepi kaopat, nu sarua téh sora [a]. Sora-sora nu sarua dina téks kitu téh disebutna purwakanti. Cindekna, nu disebut purwakanti téh nyaéta padeukeutna atawa sasaruaan sora kecap dina ungkara kalimah.

  • Wirahma

Wirahma nyoko kana ucapan anu muncul lantaran aya sora nu dibalikan deui atawa diganti panjang-pondokna, jeung bedas-alonna dina maca sajak Wirahma raket patalina jeung purwakanti tur randegan. Wirahma dipangaruhan ku purwakanti saperti sasaruaan sora dina tungtung padalisan. Jaba ti éta, wirahma ogé dicirian ku ayana randegan. Contona, randegan engang dina maca sempalan sajak ieu di handap:

Héjo pagunungan | paul lautan

Taya kamarasan | ngan katugenahan

Héjo pagunungan | paul lautan

Taya katengtreman | ngan ancaman

Nurutkeun réa engangna kieu:

6/5

6/6

6/5

6/4

  • Struktur/unsur batin sajak

Struktur batin sajak henteu katémbong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirarasakeun. Aya opat unsur batin sajak, nyaéta jejer, rasa, nada, jeung amanat.

  1. Jejer (sense)

Jejer téh poko pikiran anu aya dina sajak. Jejer atawa téma téh gagasan poko anu rék ditepikeun ku panyajak ka nu maca. Téma dina sajak rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kamanusaan, cinta ka lemah cai, jsté. Upamana waé sajak “Tanah Sunda” di luhur téh nyaritakeun kaayaan tanah Sunda anu keur harénghéng. Jadi, bisa dicindekkeun témana téh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan).

  • Rasa (feeling)

Rasa téh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana téh digorowokkeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero haté. Sajak “Tanah Sunda” upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero haté. Sabalikna baris kapanggih tur karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokkeun atawa digalantangkeun.

  • Nada (tone)

Nada téh sikep panyajak ka nu maca. Tina sikep, panyajak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca. Geura titénan sempalan pada tina sajak “Tanah Sunda” ieu di handap:

Héjo pagunungan paul lautan

Taya kamarasan ngan katugenahan

Héjo pagunungan paul lautan

Taya katengtreman ngan ancaman

Dumasar pada sajak di luhur, katangén sikep panyajak téh hayang ngabéjaan ka nu maca yén najan tanah Sunda éndah, tapi tetep henteu tengtrem tur loba ancaman. Tina sikep éta urang salaku nu maca bisa ngarasa keueung jeung manghanjakalkeun ku kaayaan kitu.

  • Amanat (intention)

Amanat téh pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak. Tapi najan kitu, amanat dina hiji sajak ditangtukeunana téh gumantung nu maca. Hartina urang dibéré kabébasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji sajak.

  • Ngabédakeun Wanda Sajak Épik jeung Sajak Lirik

Sajak bisa dibédakeun jadi dua wanda, nyaéta sajak épik jeung sajak lirik. Palebah mana bédana éta dua wanda sajak téh, hayu urang bandingkeun.

  1. Sajak Epik

Sajak épik nyaéta sajak anu sipat eusına ngalalakonkeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun. Nilik kana ukuranana, Sajal épik mah biasana panjang. Ku lantaran Sipatna ngalalakon, dina sajak épik mah bakal kanyahoan saha tokohna, naon ketakna, kumaha galurna, jeung kumaha ahirna.

Sangkan meunang gambaran, ieu di handap aya sajak épik nu judulna “Janté Arkidam” karya Ajip Rosidi. Ari Janté Arkidam téh nyaéta salasaurang jawara anu beunghar ku rupa-rupa ajian jeung kasaktén.

Janté Arkidam

Karya: Ajip Rosidi

Panonna beureum siki saga

Lengeunna seukeut lalancip gobang

Niplasan badan palapah gedang

Arkidam, Janté Arkidam

Di pangaduan di kalangan ronggéng

Ngan hiji jagoan

Arkidam, Janté Arkidam

Ti peuting angkeub ku mendung

Janté raja alam peteng

Matek aji panarawangan

Manjing ka liang sasoroting sinar

Jaruji beusi pakgadé milang ku ramona’

Ngagisik hayang sidik

Janté mencrong mantri pulisi:

“Ki Mantri, tindakan andika léléwa bikang ngabokong jalma keur tibra!”

Arkidam ditalikung leungeun dua

Sorot matana ngentab seuneuan

Saméméh béak poé kahiji

Janté minggat nitih cahya

Kalaluar ti panjara

Saméméh cunduk peuting kahiji

Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan

Teu nyawaan

  • Sajak Lirik

Sajak lirik nyaéta sajak anu henteu ngalalakon, tapi ngébréhkeun rasa panyajakna atawa ngagambarkeun pikiran jeung rasa panyajakna anu sipatna subjéktif. Sajak lirik mun dibaca kadéngé nyoara tur ngawirahma.

Contona:

Do’a

(haturan Pa Oto Iskandar Di Nata)

Karya: Apip Mustopa

Jungjunan

Pangnangkeupkeun éta nyawa

Nu indit taya nu nanya

Taya tapakna di dunya

Angin

Pangusikkeun sapangeusi buana

Yén aya sinatria nu perlaya

Di wewengkon langit Sunda bulan

Bulan baturan éta nyawa nu ditundung

Di tempat baktina taya nu daék ngajungjung

Hé panonpoé

Geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala

Sangkan ieu dada

Sakumna nyawa Sunda

Nyaho boga pahlawan digjaya

SUMBER & REFERENSI
Sumber dan referensi blog ini dirangkum dari beberapa modul & buku:

Panggelar Basa Sunda

Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan. 2019. Modul Pangajaran Kaparigelan Basa Sunda Lisan. Bandung : Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2015. Pamekar Diajar Basa Sunda: pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI. Bandung : Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Tentu saja blog ini masih jauh dari kata sempurna, masih banyak kesalahan dan kekurangan, maka dari itu jika diantara kalian mempunyai kritik dan saran yang ingin disampaikan, dipersilahkan untuk mengisi kolom komentar atau menghubungi Bapak. Kedepannya blog ini akan dievaluasi secara berkala sehingga bisa memberikan pelayanan yang terbaik bagi kalian semua siswa-siswi yang bapak sayangi.

Jika ada karya dari penulis yang dimuat di blog ini, dan tidak berkenan untuk dipakai sebagai bahan ajar, silahkan bisa menghubungi Bapak untuk kemudian melakukan tindakan yang diperlukan, jika ada indikasi pelanggaran konten, anatara lain bapak akan melakukan tindakan dengan cara menghapus konten tersebut.

Bagaimana??? Penjelasan mengenai materi di atas dapat dipahami dengan baik??? jika masih belum paham, kalian bisa memberikan pertanyaan dengan mengisi komentar di bawah atau bisa juga mengunjungi postingan mengenai MATERI SAJAK SUNDA lainnya atau langsung cari saja keyword materi yang kalian cari di bawah ini:

Jangan lupa untuk bergabung dalam group belajar bahasa Sunda husus siswa, dengan klik link di bawah ini:
WHATSAPP
TELEGRAM

FACEBOOK
INSTAGRAM
YOUTUBE

TIKTOK

Jika blog ini bisa memberikan banyak manfaat, berikan dukungan dengan cara like, comment, dan share ke teman-teman kelas kalian. Mari kita sama-sama bangun blog ini supaya bisa lebih berkembang lagi dan memberikan banyak ilmu yang bermanfaat bagi kalian semua.
Terimakasih
.

error: Content is protected !!