MATÉRI BIANTARA (PIDATO) BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA
MATÉRI BIANTARA (PIDATO) BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA
Assalamualaikum wr wb
Siswa-siswi yang Bapak banggakan, terimakasih sudah berkunjung ke halaman blog ini.
Selamat datang di bahasasunda.id. Perkenalkan blog ini berisi rangkuman materi pelajaran bahasa Sunda untuk keperluan pembelajaran daring di Sekolah kita. Dikemas dalam bentuk media audio-visual, agar memberikan kesan belajar yang menyenangkan, mudah dipahami, serta memberikan pengalaman belajar yang baru di abad 21.
Tidak hanya blog saja, bahasasunda.id mempunyai Youtube Channel, berisi video-video dokumentasi, hasil karya siswa-siswi di sekolah kita, dan video edukasi pembelajaran bahasa Sunda yang akan Bapak sampaikan setiap pertemuan di kelas. Supaya tidak ketinggalan kalian bisa kunjungi Youtube Channel dengan cara klik link di bawah ini. www.youtube.com/c/bahasasundaidGemanakarnale
Jika ada pertanyaan seputar MATÉRI BIANTARA (PIDATO) BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA yang kurang dipahami, kalian bisa memberikan komentar, silahkan jangan ragu untuk mengisi di kolom komentar atau bisa menghubungi Bapak melalui Whatsapp.
Semoga dengan adanya blog ini bisa membantu pembelajaran daring di sekolah kita supaya lebih efektif dan memberikan banyak manfaat bagi kalian semua.
Selamat belajar MATÉRI BIANTARA (PIDATO) BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA.
MATÉRI BIANTARA (PIDATO) BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA
1. Nganalisis Ciri-Ciri jeung Struktur Biantara
a. Ngaidéntifikasi Ciri-Ciri Biantara
Istilah “biantara” dina basa Indonésia disebut pidato atawa orasi, nyaéta kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting. Biantara atawa pidato bisa dilaksanakeun dina situasi formal bisa informal.
Dina biantara aya tilu hal anu kaasup penting, nyaéta (1) nu biantara, (2) matéri biantara, jeung (3) pamiarsa (balaréa). Jalma anu ahli dina biantara atawa pidato disebutna orator. Mun geus biantara, orator biasana perténtang jeung pikaresepeun, matak genah nu ngadéngékeun. Matéri biantara bisa rupa-rupa, upamana waé, ngeunaan pulitik, ékonomi, atikan, seni, téknologi, jeung agama. Eusi matéri biantara bakal gumantung kana tujuan jeung saha pamiarsana. Pamiarsa nu ngadangukeun biantara ogé rupa-rupa umurna bisa barudak, rumaja, jeung kolot; bisa rupa-rupa kelompokna saperti ibu-ibu pangajian, bapa-bapa, atawa campur. Tangtu waé matéri biantara ogé kudu diperhatikeun.
Aya opat aspék nu kudu diperhatikeun dina biantara, nyaéta wirahma, wirasa, wiraga, jeung wibasa (4W).
Wirahma patali jeung ucapan tur lentong. Waktu biantara, ucapan kudu béntés jeung lentongna jéntré. Urang kudu apal iraha waktuna ucapan bedas, jeung iraha ucapan kudu alon.
Wirasa patali jeung ngawasa tur ngajiwaan eusi biantara. Écés dina nepikeun eusi biantara, biasana mah direumbeuy ku gaya basa, purwakanti, jeung pakeman basa saperti babasan eung paribasa. Dina nepikeun biantara kudu ngaguluyur, eusina kudu diluyukeun kana tingkat inteléktual pamiarsa.
Wiraga nyoko kana pasemon jeung sikep awak. Pasemon kudu marahmay, sorot panon diusahakeun sumebar ka pamiarsa. Tagog, rigig, jeung réngkak kudu alus tur merenah.
Wibasa nyoko kana pilihan kecap anu merenah jeungadegan basa anu bener. Nempatkeun gaya basa, purwakanti, jeung pakeman basa kudu merenah sangkan pikatajieun. Bisa ogé nyelapkeun banyol atawa humor. Kecap-kecap anu dipaké kudu ngaruntuy jeung ngéntép seureuh. Ulah réa sumpang-simpang ka ditu ka dieu nu teu puguh.
b. Niténan Struktur Biantara
Biantara atawa téks biantara ngabogaan struktur nu has, nyaéta (a) bubuka, kaasup salam bubuka; (b) pedaran eusi; jeung (3) panutup, kaasup salam panutup.
Nilik kana wangun jeung eusina, téks biantara “Cai dina Angen-Angen Urang Sunda” téh struktur atawa adeganana kieu.
1) Bubuka
Bagian bubuka ngurung salam bubuka jeung eusi bubuka. Salam bubuka biasana nepikeun salam tur muji sukur ka Pangéran atawa Gusti Alloh SWT. Ilaharna saméméh biantara sok ngucapkeun salam. Malah dina biantara formal sok diucapkeun salam ti rupa-rupa agama. Ari conto téks biantara di luhur maké salam saperti ieu di handap.
Assalamualaikum Wr. Wb.
Sampurasun,
Aya ogé nu sok ngadugikeun solawat jeung salam ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, gumantung saha hadirinna. Lian ti éta, dina bubuka ogé biasana mah dibéjakeun jejer atawa téma anu rék ditepikeun dina biantara.
Dina téks biantara di luhur, bubuka ditepikeun dina dua paragrap pangjajap, anu dipiheulaan ku kalimah panghormat. Ucapan panghormat ditepikeun ka girang pangajén jeung hadirin. Pangjajapna ditepikeun dina dua paragrap, nyaéta:
(1) Puji sukur ka Gusti Anu Mahasuci sarta solawat ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW; jeung
(2) Ngabéjakeun jejer biantara nu rék ditepikeun ngeunaan “Cai dina Angen-Angen Urang Sunda”.
2) Pedaran Eusi
Pedaran eusi nyoko kana bagian biantara anu eusina nepikeun maksud atawa informasi anu dibiantarakeun. Ari sipat eusi biantara aya opat rupa, nyaéta méré béja (ngawawarkeun; déklaratif), ngageuing (aklamatif), méré pituduh (imperatif), jeung mangaruhan (pérsuasif). Eusi biantara “Cai dina Angen-Angen Urang Sunda” leuwih museur kana ngawawarkeun jeung ngageuing.
Dumasar téksna, eusi biantara “Cai dina Angen-Angen Urang Sunda” dipidangkeun dina 6 paragrap, nyaéta paragrap 3 nepi ka paragrap 8.
Paragrap 3 : Eusina ngeunaan harti jeung pentingna cai keur urang Sunda nepi ka méré ngaran tempat ogé maké kecap cai atawa patali jeung cai.
Paragrap 4 : Eusina ngeunaan ngaran tempat bari teu merhatikeun kasang tukang sajarah.
Paragrap 5 : Eusina ngeunaan nu ngatur cai sawah di lembur nu disebut ulu-ulu.
Paragrap 6 : Eusina ngeunaan raketna manusa jeung alam, kaasup cai, nepi ka muncul paribasa “Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
Paragrap 7 : Eusina ngeunaan pentingna cai nepi ka aya kacapangan “Lamun leuweung dibukbak, hirup bakal balangsak”. Leuweung téh sumberna cai, lamun tatangkalan dituaran, walungan jadi saat. Lamun hujan, gawir urug (longsor), jalan kakeueum, walungan caah (banjir).
Paragrap 8 : Eusina ngeunaan awal ciatah dijualan pikeun nginum. Mimitina tina gagasan Tirto Utomo ti Wonosobo, anu ayeuna jadi milyarder lantaran boga pabrik cai kemasan.
3) Panutup
Bagian panutup ngurung eusi nu mangrupa kacindekan jeung salam panutup. Bagian kacindekan nyoko kana kacindekan tina eusi biantara, malah sok dibarengan ku dư’a.
Dina paragrap 9 ditepikeun kacindekan ngeunaan cai gedé gunana pikeun kahirupan lamun dipiara, tapi lamun teu dipiroséa bakal jadi mamala ka manusa. Bagian panutup sok ditepikeun ogé sanduk-sanduk ménta dihampura. Ari sababna, nu biantara handap asor tur teu sombong, ngaku kana kakurangan jeung kasalahan diri, tur lain ahlina. leu di handap ucapan ménta dihampura anu ditepikeun dina wangun sisindiran.
Beunteur désa kasorogok
Pelemna karasa baé
Seueur basa anu nyogok
Tebih tina basa saé
Cantigi di alun-alun
Dicacar dapuranana
Mugi agung cukup lumur
Neda jembar hampurna
Jaba ti éta dina bagian panutup biantara sok dideudeul ogé ku dư’a sangkan nu biantara jeung nu ngaregepkeun biantara aya dina kasalametan jeung kabagjaan. Kana bagian panutup kaasup ogé salam panutup, nyaéta ucapan salam minangka ciri yén biantara geus lekasan. Malah bisa jadi ditutup ku moto. Geura tengetan contona ieu di handap.
Assalamualaikum Wr. Wb.
Sampurasun,
C. Ngaguar Padika jeung Gaya Biantara
Dina biantara aya rupa-rupa padika jeung gaya. Padika biantara mangrupa cara-cara jeung léngkah dina waktu biantara. Ari gaya biantara mangrupa lagam jeung sipat dina
waktu biantara.
1) Padika biantara
Aya opat padika dina biantara, nyaéta dadakan, catetan ringkes, naskah, jeung talaran.
a) Biantara dadakan (impromptu) nyoko kana cara biantara nu ngadadak, henteu tatahar heula, tur teu maké naskah. Waktu biantara dadakan, nu biantara ditodong sangkan biantara saharita kénéh (improvisasi) ku ngandelkeun kaweruh jeung kanyahona. Ku lantaran ngadadak, eusi biantara sok pondok, jejerna bébas, tur réngsé dina waktu nu geus ditetepkeun. Najan kitu aya héngkérna, ilaharna eusi biantara bisa ngacacang ka mana karep tur kurang ngéntép seureuh.
b) Biantara catetan ringkes (ékstémporan) nyoko kana cara biantara bari nempo rangkay atawa runtuyan singget tina hal-hal penting nu dibiantarakeun. Eusi biantara ngéntép seureuh (terpola) luyu jeung jejer kagiatan. Ku kituna, biantara ékstémporan disebut ogé biantara terpola. Kahéngkéran ieu cara, nu biantara teu kaur nempo waé catetan atawa runtuyan biantara.
c) Biantara naskah (manuskrip) nyoko kana biantara ku cara maca naskah. Ilaharna biantara nu sipatna resmi atawa formal. Tujuanana pikeun ngurangan kasalahan waktu biantara. Atuh saméméhna kudu dijieun heula naskahna. Munasabah lamun eusi biantara leuwih jéntré eusina, ngaguluyur, tur leuwih ngéntép seureuh. Ku lantaran bari maca naskah, cara biantara naskah matak pikaboseneun.
d) Biantara talaran (mémoritér) nyoko kana biantara ku cara ditalar atawa diapalkeun heula naskahna. Eusi biantara bisa ngaguluyur tur ngéntép seureuh. leu biantara téh bisa ngalatih ingetan nu biantarana. Ari héngkérna, ku lantaran beunang ngapalkeun, bakal kaciri arapap-eureupeup mun nu biantara poho.
2) Gaya biantara
Gaya biantara nyoko kana lagam, sikep, jeung paripolah nu biantara. Gaya biantara bisa dipangaruhan ku kamampuh nu biantarana. Aya genep gaya biantara
a) Lagam biantara agama (réligius) nyoko kana gaya
b) biantara kaagamaan saperti ceramah agama, hutbah, atawa pangajian. Lagam biantara agitator nyoko kana gaya biantara anu ditepikeun kalawan agrésif, pérsuasif, jeung politis. laharna dina kagiatan anu udaganana mangaruhan balaréa, upamana waé, kampanyeu.
c) Lagam biantara atikan (didaktik) nyoko kana gaya biantara ngajar di kelas, sipatna ngabéjaan, ngalatih, jeung ngawurukan. Ilaharna biantara anu ditepikeun ti guru ka muridna, jeung ti saluhureun ka sahandapeun.
d) Lagam biantara guneman (konvérsasi) nyoko kana gaya biantara anu ditepikeun kalawan antaré, écés, jéntré, tur ngéntép seureuh siga keur paguneman. Ilaharna biantara dina kagiatan rapat, riungan, atawa seminar nu kawatesanan.
é) Lagam biantara séntiméntil nyoko kana biantara nu sipatna ngajén tur meunteun kaunggulan atawa kahéngkéran hiji hal. Eusi biantara bisa ngeunaan kabungah saperti dina seserahan atawa kasedih saperti dina kapapaténan.
f) Lagam biantara téater nyoko kana gaya biantara anu sipatna saperti aktor metakeun pagelaran drama atawa téater. Ilaharna anu biantara némbongkeun pasemon, réngkak, jeung lentong anu diluyukeun kana eusi biantara.
2. Nganalisis Aspék Basa dina Biantara
Biantara téh kaasup kana kaparigelan basa lisan. Ari sababna, biantara mangrupa kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi penting. Ku lantaran dina basa lisan, biantara dipidangkeun dina wujud omongan. Lamun disusun dina wangun teks, biantara dipidangkeun dina wujud kalimah.
Aya rupa-rupa wangun omongan atawa kalimah anu dipaké dina waktu biantara, di antarana waé: 1) kalimah wawaran (déklaratif) nu eusina nepikeun informasi atawa ngajelaskeun hiji perkara; 2) kalimah pananya (interogatif) pikeun nanyakeun hiji perkara; jeung 3) kalimah panyeluk (aklamatif) atawa kalimah paréntah (imperatif) pikeun negeskeun hiji perkara.
Kalimah-kalimah diruntuykeun jadi paragrap-paragrap Sangkan teu karasa bosen jeung ngeuyeumbeu (monoton), tur karasa hégar, dina biantara sok dieuyeuban ku mamanis basa, nyaéta rakitan basa anu diréka pikeun papaés omongan atawa kalimah. Ku ayana mamanis basa, biantara bakal karasa hégar tur genaheun. Wujud mamanis basa bisa mangrupa purwakanti, gaya basa, pakeman basa, jeung sisindiran.
a. Purwakanti, mangrupa padeukeutna sora kecap, boh di awal kalimah, di tengah kalimah, atawa di tungtung kalimah. Sasaruaan sora kecap anu ngaréndéng dina sakalimah disebutna purwakanti rantayan, ari sasaruaan sora kecap anu ngarantay dina antarjajaran disebutna purwakanti runtuyan.
Contona:
Langkung ti payun, mangga urang sami-sami menekung neda papayung ka Gusti anu Maha Agung, mujasmédi tur nyanggakeun puji ka Gusti anu Maha Suci.
Dina cutatan kalimah di luhur kapanggih purwakanti rantayan sora [u] jeung sora [i]. Purwakanti sora [u] aya dina babagian kalimah:
Langklujng ti pay[u]n, mangga urang sami-sami neda papay[u]ng ka Gusti Nu Maha Ag[u]ng Purwakanti sora [i] aya dina babagian kalimah:
Mujasméd[i] tur nyanggakeun pujli] ka Gust[i] Anu Maha Suc[i].
b. Gaya basa, mangrupa rakitan basa anu disusun pikeun nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa ngadéngékeun (Sudaryat, 2016: 11). Dina basa Sunda aya rupa-rupa gaya basa, di antarana waé, ngupamakeun (métafora), ngasor (litotes), rautan (eufimismeu), rarahulan (hiperbola), jeung kadalon (pléonasmeu). Contona:
Hapunten bilih kirang tata titi duduga peryoga, da sanés sarjana ahli basa, teu bodo-bodo acan.
Dina cutatan di luhur, ungkara “kirang tata titi duduga peryoga” kaasup kana gaya basa rautan (eufismismeu) lantaran nuduhkeun lemesna tina omongan ‘teu sopan’.
Ari ungkara “teu bodo-bodo acan” kaasup kana gaya basa ngasor (litotes) lantaran nuduhkeun harti anu sabalikna, nyaéta ‘pinter.
c. Pakeman basa, mangrupa wangunan basa anu hartina nyimpang tina harti unsur-unsurna nurutkeun tatabasa. Aya rupa-rupa pakeman basa, di antarana waé, kekecapan, babasan, jeung paribasa. Contona:
Dina kahirupan urang Sunda aya kacapangan atawa
babasan mun leuweung dibukbak, hirup bakal balangsak.
Geuning aya paribasa anu unina kieu: Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak.
Dina cutatan di luhur, ungkara “mun leuweung dibukbak, hirup bakal balangsak” kaasup kana babasan, anu hartina lamun tatangkalan terus-terusan dituaran, bakal jadi mamala lantaran bakal urug (longsor) jeung caah (banjir). Atuh akibatna saréréa jadi katempuhan tur matak balangsak. Paribasa “Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak” ngandung harti ‘hirup sauyunan, henteu aing-aingan, atawa teu pahiri-hiri.
d. Sisindiran, mangrupa rakitan basa anu disusun ku opat jajaran. Jajaran kahiji jeung kadua disebut cangkang, ari jajaran katilu jeung kaopat disebut eusi. Tiap jajaran umumna diwangun ku dalapan engang (suku kata). Aya dua rupa sisindiran, nyaéta paparikan jeung rarakitan. Paparikan mangrupa sisindiran anu tiap jajaran sora kecap-kecapna padeukeut, boh dina sajajaran boh antarjajaran. Contona:
Beunteur désa kasorogok
Pelemna karasa waé
Seueur basa anu nyogok
Tebih tina basa saé
Sisindiran di luhur disebut paparikan lantaran aya sora kecap anu sarua. Sora kecap anu sarua, nyaéta sora [o] dina tungtung jajaran kahiji jeung jajaran katilu. Kitu deui, sora [é] dina tungtung jajaran kadua jeung jajaran kaopat. Aya deui sasaruaan sora [eu] dina awal jajaran kahiji jeung jajaran katilu.
Aya deui sisindiran nu disebut rarakitan, nyaéta sisindiran anu kecap-kecap dina tiap jajaran sarua, diibaratkeun éntépan awi dina hulu rakit.
Contona:
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat
Sisindiran di luhur disebut rarakitan lantaran aya kecap nu sarua dina awal jajaran, nyaéta gundukan kecap “sing getol” dina jajaran kahiji jeung katilu sarta gundukan kecap
“nu guna” dina jajaran kadua jeung kaopat.
SUMBER & REFERENSI
Sumber dan referensi blog ini dirangkum dari beberapa modul & buku:
Panggelar Basa Sunda
Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan. 2019. Modul Pangajaran Kaparigelan Basa Sunda Lisan. Bandung : Kementrian Pendidikan Dan Kebudayaan.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2015. Pamekar Diajar Basa Sunda: pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI. Bandung : Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Tentu saja blog ini masih jauh dari kata sempurna, masih banyak kesalahan dan kekurangan, maka dari itu jika diantara kalian mempunyai kritik dan saran yang ingin disampaikan, dipersilahkan untuk mengisi kolom komentar atau menghubungi Bapak. Kedepannya blog ini akan dievaluasi secara berkala sehingga bisa memberikan pelayanan yang terbaik bagi kalian semua siswa-siswi yang bapak sayangi.
Jika ada karya dari penulis yang dimuat di blog ini, dan tidak berkenan untuk dipakai sebagai bahan ajar, silahkan bisa menghubungi Bapak untuk kemudian melakukan tindakan yang diperlukan, jika ada indikasi pelanggaran konten, anatara lain bapak akan melakukan tindakan dengan cara menghapus konten tersebut.
Bagaimana??? Penjelasan mengenai materi di atas dapat dipahami dengan baik??? jika masih belum paham, kalian bisa memberikan pertanyaan dengan mengisi komentar di bawah atau bisa juga mengunjungi postingan mengenai MATERI BIANTARA BAHASA SUNDA lainnya atau langsung cari saja keyword materi yang kalian cari di bawah ini:
LINK KUMPULAN MATERI BIANTARA SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/materi-pembelajaran/materi-biantara-sunda/
LINK 15+ KUMPULAN CONTOH BIANTARA SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/biantara/
LINK 50+ KUMPULAN SOAL BIANTARA SUNDA LENGKAP
https://bahasasunda.id/category/kumpulan-soal-basa-sunda/
Jangan lupa untuk bergabung dalam group belajar bahasa Sunda husus siswa, dengan klik link di bawah ini:
WHATSAPP
TELEGRAM
FACEBOOK
INSTAGRAM
YOUTUBE
TIKTOK
Jika blog ini bisa memberikan banyak manfaat, berikan dukungan dengan cara like, comment, dan share ke teman-teman kelas kalian. Mari kita sama-sama bangun blog ini supaya bisa lebih berkembang lagi dan memberikan banyak ilmu yang bermanfaat bagi kalian semua.
Terimakasih.





