• MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA,  MATERI SAJAK SUNDA,  SAJAK SUNDA

    MATERI SAJAK SUNDA SMP KELAS 7

    Naon ari puisi? Dina sastra Indonésia, nu disebut puisi téh sarua hartina jeung sajak dina sastra Sunda. Ari dina sastra Sunda, puisi téh hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra, kaasup sajak, mangrupa bagian tina puisi. Leuwih jelasna, nu dimaksud puisi dina sastra Sunda nyaéta wanda karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa. Puisi Sunda téh réa rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya anu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya anu ngawujud carita, naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita rupa-rupa puisi mantra…

error: Content is protected !!