-
MATERI ARTIKEL BUDAYA
Wacana téh miboga wangun-wangun anu tangtu. Ari munculna wangun-wangun wacana téh disababkeun ku ayana cara anu béda-béda dina nepikeun eusi wacana. Aya wacana anu cara nepikeun eusina téh ku cara dicaritakeun, aya nu didadarkeun, aya nu dijelaskeun, jeung aya nu dijelaskeun bari dibéré alesan-alesan.