RESENSI SUNDA
-
MATERI RESENSI BASA SUNDA
Istilah résénsi asalna tina basa Belanda resentie, serepan tina basa Latin resecio, recencere, jeng revidere, nu hartina nepikeun (nyaritakeun) deui. Nikik kana harti kitu, nu disebut résénsi téh nyaéta ngajén atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, pilem atawa pintonan drama jeung musik (konsér). Cindekna resensi téh nyoko kana kagiatan meunteun atawa ngajén hiji karya atawa pintonan seni nu tujuanana pikeun méré informmasi jeung ngagambarkeun kaunggulan jeung kahéngkéran keur nu maca atawa lalajo.