MATERI PEMBELAJARAN BAHASA SUNDA

MATÉRI KAWIH BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA

MATÉRI KAWIH BASA SUNDA KURIKULUM MERDÉKA

GUARAN KAWIH

  1. Sajarah Kawih

Kawih téh nyaeta sakur lalaguan anu aya di Tatar Sunda. Ari ngaha-leuangkeun kawih disebutna ngawih atawa nyanyi. Kawihna mah naon baé, kayaning sisindiran, pupujian, kakawihan barudak, tembang, jeung sajabana 

Ka dieunakeun istilah kawih, kakawihan, jeung tembang téh jadi béda. Kawih nuduhkeun lalaguan anu populér tur rumpaka laguna (irik) teu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan, tapi kauger ku wiletan (birama) jeung ketukan (témpo). Contona, kawih klasik jeung kawih modéren (pop Sunda). Ari kaka-wihan mah nuduhkeun lalaguan anu sok dihariringkeun ku barudak bari aru-lin, contona “oray-orayan”, “trang-trang koléntrang”, “cingciripit”, , jeung sajabana. Sedengkeun tembang mah nuduhkeun lalaguan anu rumpakana kauger ku guru lagu jeung guru wilangan (patokan pupuh), tapi teu kauger ku wiletan jeung ketukan. Contona, tembang Cianjuran, Cigawiran, atawa Pagerageungan.

Kawih téh geus aya ti baheulana. Dina naskah Sunda kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian anu ditulis taun 1518 M, disebutkeun ngaran rupa-rupa kawih, di antaranakawih bwatuha,kawih panjang,kawihlalaguan,kawih panyaraman, kawih sisindiran, kawih péngpélédan, bongbongkaso, perérané, porod eurih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung, kawih sasambatan, jeung kawih igel-igelan. Tapi, kateranganana teu jelas kumaha rumpaka kawih jeung cara ngahaleuangkeun atawa ngahariringkeunana. Ari jalma anu apal kana rupa-rupa lagu disebutna téh paraguna, kiwari sarua hartina jeung seniman kawih, ahli musik, atawa musisi.

Upama nilik kana éta naskah Sunda kuno, tétéla urang Sunda téh ti ba-heulana resep kana ngawih atawa hahariringan. Méh saban digawé, urang Sunda baheula mah sok bari hahariringan. Eta karesep téh tuluy lana nepi ka ayeuna. Buktina, lamun keur digawé téh urang Sunda mah sok bari ha-hariringan. Upamana baé patani anu ngagarap sawah, anu ngurus tatanén di kebon, anu ngurus ingon-ingon, kolot anu mépéndé budakna, jeung sajabana.

Ceuk Dian Héndrayana (2016: kc. 11), satrawan anu ngulik tembang Sunda, saenyana dina kawih teh aya tembang, sabalikna dina tembang ogé aya kawih.

Upamana baé dina tembang Cianjuran anu sok dituturkeun ku panambih. Ari wirahma panambih téh boga wiletan jeung ketukan kawas kawih. Malah Nano S., seniman Sunda kawentar, nyiptakeun kawih tembang (katem). 

  • Kamekaran Kawih

Nepi ka kiwari geus rébuan lalaguan kawih anu diciptakeun ku seniman, jeung teuing geus sabaraha juru kawih anu ngahariringkeunana. Kawih téh terus mekar luyu jeung lingkungan seni anu ngahirupkeunana atawa waditra anu mirigna.

Kawih anu aya di Sunda téh rea pisan rupana. Aya anu iramana merdéka atawa bébas (henteu kauger ku ketukan jeung wiletan), aya ogé anu iramana tandak atawa ritmik (kauger ku wiletan jeung ketukan). Mun ditataan, kawih téh aya anu disebut kawih kacapian, kawih degung, kawih calung, kawih celempungan, kawih kiliningan, kawih pupujian, kawih tembang, tepi ka kawih pop Sunda. Ari anu ngabédakeun kawih anu hiji jeung kawih anu séjénna di antarana nyaéta piriganana.

Contona baé, upama hiji lagu dipirig ku kacapi, éta kawih téh disebutna kawih kacapian. Tapi upama séjén waktu éta lagu dipirigna ku gamelan degung, éta kawih téh disebutna kawih degung. Atuh upama éta lagu hiji mangsa dipirig ku organ (keyboard), digitaran, jeung waditra modéren séjénna, éta kawih téh disebutna kawih pop Sunda.

Seniman kawentar anu geus réa nyiptakeun atawa nganggit lagu kawih téh di antarana R. Mahyar Angga Kusumadinata, Mang Koko (Koko Koswara), R.T.A. Sunarya, Rahmatullah Ading Affandie, Nano S., Gugum Gumbira, Ubun R. Kubarsah, Yus Wiradireja, Uko Héndarto, jeung réa-réa deui. Ari juru kawih kawentar di antarana Upit Sarimanah, Titim Fatimah, Iyar Wiarsih, Cicih Cangkurileung, Ida Rosida, Darso, Doel Sumbang, Yayan Jatnika, Nining Méida, Détty Kurnia, Rika Rafika, Rita Tila, Dadéng, Héndy Restu, Abiel Jatnika, Fanny Sabila, jeung sajabana.

Ti waktu ka waktu rupa-rupa kawih terus diciptakeun, ngaliwatan rupa-rupa gaya jeung kréativitasna. Unggal kawih dina unggal jaman nya-ritakeun téma anu béda-béda. Ku majuna jaman, kawih tuluy mekar. Aya anu diproduksi jadi album rékaman (kasét pita jeung CD). Aya ogé anu di-rékam tur dipublikasikeun dina radio, televisi, jeung internét.

NGANALISIS JEUNG NGAAPRÈSIASI KAWIH

  1. Jenis Kawih

Dumasar kana waktu gelarna, kawih téh aya dua jenis nyaéta kawih klasik jeung kawih modéren. Pék titénan ku hidep ieu guaranana!

  1. Kawih Klasik

Kawih klasik téh kawih anu gelar atawa muncul ti jaman béh ditu, tapi terus dipikaresep kénéh nepi ka ayeuna. Éta kawih klasik téh diraéh deui atawa diaransemén ulang maké musik modéren.

Dina kawih klasik, ngaran anu nyipta laguna téh aya anu disebutkeun, aya ogé anu teu kapaluruh (noname). Conto kawih klasik upamana baé kawih “És Lilin” jeung “Ecéng Gondok”. Pék titénan ieu rumpakana di handap.

Conto kawih-kawih klasik séjénna anu nepi ka kiwari dipikaresep diantarana “Bangbung Hideung”, “Éntog Mulang”, “Ékék Paéh”, “Tong-tolang Nangka”, “Talak Tilu”, “Panon Hideung”, “Mojang Priangan”, “Sorban Palid”, “Borondong Garing”, jeung réa-réa deui.

Lian ti éta, aya kawih-kawih Mang Koko anu rumpakana disanggi tina sajak (dimusikalisasi), kayaning “Bungur Jalan ka Cianjur” sajak karya Wahyu Wi-bisana, “Peuting jeung Pangharepan” sajak karya RAF, “Hareupeun Kaca” sajak karya Winarya Artadinata, “Sariak Layung di Gunung” sajak karya Dedy Windyagiri, “Purnama” sajak karya Agus Sur., jeung réa-réa deui. Titénan ku hidep ieu conto rumpaka kawih anu disanggi tina sajak!

Ciri kawih klasik téh bisa kapanggih dina rumpaka jeung aturan pirigan. Rumpaka kawih klasik réa diwangun atawa dianggit tina puisi, kayaning sisindiran, sa’ir, guguritan, jeung sajak. Tepi ka taun 1950-an mah, anu nyaranggi lagu téh geus ilahar sok maké puisi wangun sisindiran. Mun teu ku sisindiran, sok ku guguritan (puisi anu ditulis maké aturan pupuh). Sabab harita mah puisi anu keur populér téh sisindiran jeung guguritan. Ku kituna, unsur-unsur puisi téh mangaruhan pisan. Rumpaka kawih di-wangun ku padalisan (baris) jeung pada (bait), ayana purwakanti (rima) jeung gaya basa, sarta kecap-kecap pinilih (diksi) jeung ngandung wirahma.

Ari musikna sok dipirig maké aturan baku kayaning catrik, kulu-kulu, sinyur, bungur, sénggot, banjaran, baléndéran, sanga, jeung sajabana.

  • Kawih Modéren

Kawih modéren téh kawih anu gelar atawa muncul jaman béh dieu, di-pirigna maké musik modéren, jeung anu nyipta laguna ogé sok ditulis. Conto kawih modéren nyaéta lagu pop Sunda “Béntang Kuring” jeung “Mawar Bodas”. Pék titénan ieu rumpakana di handap.

Ku kituna, unsur-unsur puisi téh mangaruhan pisan. Rumpaka kawih di-wangun ku padalisan (baris) jeung pada (bait), ayana purwakanti (rima) jeung gaya basa, sarta kecap-kecap pinilih (diksi) jeung ngandung wirahma. Ari musikna sok dipirig maké aturan baku kayaning catrik, kulu-kulu, sinyur, bungur, sénggot, banjaran, baléndéran, sanga, jeung sajabana.

Conto kawih-kawih modéren séjénna di antarana “Bubuy Bulan” (Bénny Corda), “Bajing Luncat” (Kosaman Jaya), “Borondong Garing” (Rudy Rusadi), “Kalangkang” (Nano S.), Budak Saha” (Déddy Krisna), “Tanjung Baru” (Uko Héndarto), “Duriat” (Doel Sumbang/Sugandi S.), “Kabogoh Jauh” (Oon B.), “Ngalanglayung” (Héndy Restu), “Papatong” (Dadéng), “Sancang” (Yayan Jatnika), jeung réa-réa deui.

Rumpaka kawih modéren mah réréana ungkara biasa baé anu dicokot tina omongan sapopoé. Arang langka anu disanggi tina puisi. Malah sakapeung réa kecap-kecap anu kurang merenah atawa salah larap. Atuh musik pamirigna ogé teu matok ku hiji aturan, leuwih kana nu-turkeun kamekaran jaman, kayaning organ, gitar, piul, dieuyeuban deui ku musik tradisi kayaning kendang jeung suling.

  • Unsur Kawih

Dumasar kana wangun jeung eusina, kawih téh boga unsur-unsurna, ngawengku rumpaka, diksi, rasa, nada, amanat, jeung téma. Pék titénan ku hidep ieu guaranana!

  1. Rumpaka

Rumpaka téh kekecapan atawalirik lagu kawih anu dikarang ku anu nyip-tana. Rumpaka kawih réa dianggit tina sisindiran, guguritan, sa’ir, jeung sajak (puisi bébas). Atawa gabungan tina sababaraha éta unsur puisi. Unggal rumpaka kawih téh tangtu boga wirahma (musikalitas). Upa-mana baé ngatur engang kecap, milih ungkara basa, jeung nyipta pur-wakanti. Tujuanana sangkan éta kawih téh gampang dibéré notasi lagu jeung teu kagok lebah dihariringkeunana.

  • Diksi

Diksi téh pilihan kecap anu dipaké ku anu nyipta lagu dina rumpaka kawih, kaasup gaya basa. Unggal anu nyipta lagu boga ciri séwang-séwang. Aya anu maké ungkara puitis, aya ogé anu maké ungkara sajalantrahna tina omongan sapopoé. Upamana, diksi kawih karya Mang Koko anu puitis ngeunaan peristiwa dina kahirupan lantaran réa disanggi tina sajak, diksi kawih karya Nano S. anu karasa romantis lantaran réa nyaritakeun katresna, diksi kawih Uko Héndarto anu matak waas tur éndah lantaran réa nyaritakeun patempatan, atawa diksi kawih karya Doel Sumbang anu sajalantrahna jeung sakapeung sugal lantaran rea nyaritakeun kahirupan jaman kiwari jeung kritik ka masarakat.

  • Rasa

Rasa téh sikep jeung cara anu nyipta lagu kana masalah anu diébréhkeun dina eusi rumpaka kawih. Unggal kawih tangtu boga rasa anu béda-béda. leu téh gumantung kana kasang tukang, kajadian, masalah, jeung kaayaan kahirupan anu nyipta lagu. Upamana, kawih karya Mang Koko bakal béda jeung kawih karya Nano S., kitu deui kawih karya Uko Héndarto bakal béda jeung kawih karya Doel Sumbang.

  • Nada

Nada téh suasana anu dihadirkeun ku anu nyipta lagu ngaliwatan rumpaka kawih sarta dirojong ku wirahma jeung pirigan musik, sang-kan karasa tur nepi ka anu ngaregepkeun. Kapan kawih téh média pi-keun ngébréhkeun rasa (émosi). Sanggeus ngaregepkeun kawih téh naha urang ngarasa sedih, bungah, sumanget, jeung sajabana.

  • Amanat

Amanat téh pesen moral (papatah atawa naséhat) anu hayang ditepi-keun ku anu nyipta lagu ngaliwatan rumpaka kawih. Sakapeung amanat téh nembrak, sakapeung nyamuni, kapanggihna lamun urang geus réngsé ngaregepkeun kawih. Upamana kawih “Jang” ciptaan Oon B., bisa dicindekkeun amanatna téh budak kudu jadi jalma bener jeung soléh.

  • Jejer

Jejer atawa téma téh inti poko pikiran anu nyipta lagu, anu ditepikeun ngaliwatan rumpaka kawih, gembleng dina eusi lagu ti awal nepi ka ahir. Jejer ogé kapanggih lamun urang geus réngsé ngaregepkeun ka-wih. Upamana kawih “Mawar Bodas” ciptaan Uko Héndarto, bisa di-cindekkeun témana téh kahanjakal hiji lalaki lantaran wanoja anu di-pikacinta geus jadi milik batur.

3. Ngaanalisis Kawih

Sanggeus hidep apal kana unsur-unsur kawih, ayeuna urang diajar ngaanalisis kawih. Ngaanalisis téh nyaéta mesék kawih dumasar kana un-sur-unsurna téa. Sangkan hidep leuwih paham cara ngaanalisis kawih, cing ayeuna hidep baca heula sing gemet ieu rumpaka kawih “Énjing Deui” jeung “Urang Sunda”, tuluy analisis dumasar kana unsurna.

Ari unsur kawih téh ngawengku rumpaka (jéntrékeun dianggit tina naon rumpakana), diksi (jéntrékeun diksina maké kekecapan puitis atawa kekecapan sajalantrahna), rasa (jéntrékeun masalah anu diébréhkeun dina eusi kawihna), nada (jéntrékeun suasana kawihna), amanat (jéntrékeun amanat kawihna), jeung téma (jéntrékeun téma kawihna). Sawalakeun hasil pagawéan hidep téh jeung babaturan sakelompok!

4. Ngaaprésiasi Kawih

Dina kagiatan saméméhna, hidep geus diajar ngaanalisis kawih. Ayeu-na urang diajar ngaaprésiasi kawih. Ari cara ngaaprésiasi kawih téh sa-lasahijina ku cara ngaregepkeun atawa ngahaleuangkeun, boh ngawih so-rangan (anggana) boh ngawih babarengan (rampak). Sanajan sorana acan hadé, ari hidep boga karesep, kadaék, jeung sumanget diajar ngawih mah, engké ogé bakal bisa.

Diajar ngahaleuangkeun kawih ogé salasahiji cara mikacinta jeung nga-mumulé séni Sunda. Komo apan seni Sunda téh boga ajén-inajén anu luhung, hususna kawih. Pangpangna mah sangkan teu kadéséh ku seni deungeun.

Sangkan hidep leuwih paham kana guaran ngaaprésiasi kawih, ayeuna hayu urang diajar ngawih, kalawan ngéstokeun ieu léngkah-léngkah di handap!

  1. Milih Kawih

Pilih kawih anu dipikaresep ku hidep. Kawihna mah bisa néangan tina internét. Tuliskeun rumpakana kalawan lengkep.

  • Ngaregepkeun Kawih

Regepkeun heula kawihna, turutan sorana, tuluy prakna ngahaleuang. Tulis rumpaka laguna sing lengkep, tuluy apalkeun éta rumpakana jeung ulik laguna (sora jeung wirahma musikna).

  • Getol Latihan 

Sing getol latihan, bisa maké musik karoké atawa dipirig ku alat musik. Hadéna latihan téh jeung babaturan anu mahér ngawih sangkan leuwih gancang bisana.

  • Téhnik Vokal

Aya opat téhnik diajar ngawih anu kudu diéstokeun, nyaéta ngawasa rumpaka, ngawasa wirahma (patali jeung téhnik vokal, intonasi, artikulasi), ngawasa wirasa (patali jeung penjiwaan eusi kawih), sarta ngawasa wiraga (patali jeung géstur sangkan teu geumpeur tur bisa ngawasa panggung).

  • Prakna Ngawih

Prak hidep ngawih saurang-saurang ka hareup. Bisa dipirig langsung ku babaturan anu mahér alat musik, bisa ogé dipirig ku musik karoké. Rabaturan hidep anu can kabagéan midang, méré koméntar jeung peunteun kana pintonan hidep. Satuluyna mah bagilir baé, bari diaping ku Bapa atawa Ibu Guru.

  1. Kamekaran Sisindiran

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, hartina omongan anu dibalibir-keun, henteu togmol, atawa langsung kana maksudna. Basa anu dipaké dina sisindiran ogé diréka, lolobana murwakanti, bisa dikawihkeun, sarta aya cangkang jeung eusi.

Cindekna, sisindiran téh karya sastra wangun puisi anu ditulis kalawan kréatif, diwangun ku cangkang jeung eusi, sarta diwangun ku pada (bait) jeung padalisan (baris). Unggal padalisan ilaharna diwangun ku dalapan engang (suku kata) jeung murwakanti (ngandung sasaruan sora dina jajaran cangkang jeung eusi).

Sisindiran ogé boga tujuan pikeun nepikeun eusi haté, pikiran, atawa pamaksudan ka jalma séjén bari henteu togmol téa maksudna. Anu dipi-harep sangkan eusi omongan téh katarimana henteu matak nyigeung ata-wa matak nyeri haté.

Dina kasusastraan Sunda, sisindiran téh kaasup kana karya sastra sam-pakan. Maksudna, karya sastra anu geus nyampak atawa aya ti baheulana kénéh dina kasusastraan Sunda. Istilah sisindiran téh geus aya ti abad ka-16.

Dina sastra Malayu disebutna pantun, dina sastra Jawa disebutna parikan, dina sastra Tapanuli disebutna endé-endé, jeung sajabana.

Dina kahirupan urang Sunda, sisindiran téh sok dipaké dina omongan sapopoé. Tujuanana pikeun ngaraketkeun duduluran sangkan leuwih ak-rab. Sok dipaké mapatahan, dipaké ngedalkeun rasa cinta, atawa dipaké heureuy gogonjakan.

Ari ciri-ciri sisindiran téh nyaéta sapadana diwangun ku jumlah pa-dalisan anu jangkep (genap), jeung umumna diwangun ku opat padalisan (dua cangkang, dua eusi).

Beuki dieu sisindiran téh terus mekar. Malah aya sisindiran anu sa-padana téh diwangun ku genep padalisan (tilu cangkang, tilu eusi), dalapan padalisan (opat cangkang, opat eusi), sapuluh padalisan (lima cangkang, lima eusi), dua belas padalisan (genep cangkang, genep eusi), jeung sajabana.

Buku ngeunaan sisindiran ogé terus ditarulis ti mangsa ka mangsa. Atuh eusina ogé luyu jeung jaman sarta masarakat anu dicaritakeunana. Sisindiran lain waé diomongkeun dina paguneman sapopoé, tapi ogé ka-panggih dina kakawihan barudak, dipaké dina biantara, ditulis jadi lagu anu tuluy dikawihkeun, ditulis jadi pangeuyeub rupa-rupa karya sastra kayaning sajak, carpon, novél, jeung réa-réa deui.

  • Wangun Sisindiran

Nurutkeun M.A. Salmun (1962: kc. 51), alhi basa jeung sastra Sunda, dumasar kana wangun jeung iketanana, sisindiran téh dipasing-pasing jadi tilu rupa, nyaéta paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan.

Wangun paparikan jeung rarakitan mah méh sarua, tapi ari wawang-salan mah wangunna téh béda pisan. Upama paparikan jeung rarakitan mah diwangun ku opat padalisan (dua padalisan cangkang, dua padalisan eusi), ari wawangsalan mah ngan diwangun ku dua padalisan (sapadalisan cangkang anu ngandung tatarucingan, sapadalisan eusi anu ngandung kecap konci pikeun nuduhkeun jawaban wangsalna). Pikeun ngajembaran pangaweruh hidep, urang guar baé tiluanana, anu masing-masingna boga ciri mandiri.

  1. Paparikan

Paparikan téh asal kecapna tina parik atawa parek, hartina deukeut. Paparikna, sora kecap-kecapna atawa frasana deukeutantara cangkang jeung eusi téh. Cindekna, paparikan téh sisindiran anu diwangun ku opat padalisan (unggal padalisan diwangun ku dalapan engang) sarta sora tungtung padalisan cangkang jeung eusina méh padeukeut atawa purwakanti laraswekas. Titénan ieu conto di handap!

Ti Cimahi rék ka kidul,           (cangkang, padalisan kahiji)

jalanna ka setatsion.                (cangkang, padalisan kadua)

Mun jadi jelema kedul,           (eusi, padalisan katilu)

moal bisa naon-naon.              (eusi, padalisan kaopat)

Jadi, ciri-ciri paparikan téh nyaéta: (1) diwangun ku cangkang jeung eusi, (2) paparikan réréana diwangun ku opat padalisan (dua cang-kang, dua eusi), najan aya anu leuwih, tapi tetep kudu jangkep, jeung unggal padalisan diwangun ku dalapan engang, sarta (3) sora tungtung padalisan cangkang jeung eusi téh kudu sasora atawa disebut pur-wakanti laraswekas (kalawan pola a-b-a-b).

  • Rarakitan

Rarakitan téh asal kecapna tina rakit, anu hartina nyusun atawa papa-sangan. Dina rarakitan mémang aya kecap-kecap anu nyusun atawa pa-pasangan. Ilaharna éta kecap anu papasangan téh aya dina awal jajaran cangkang jeung eusi.

Cindekna, rarakitan téh sisindiran anu diwangun ku opat padalisan (unggal padalisan diwangun ku dalapan engang). Kecap awal dina pa-dalisan cangkang dipaké deui atawa dibalikan deui dina padalisan eusi, nepi ka kawas anu papasangan. Titénan ieu conto di handap!

Peupeujeuh ari ka Bandung, (cangkang, padalisan kahiji)

ulah meuli hayam katé. (cangkang, padalisan kadua

Peupeujeuh ari ka indung, (eusi, padalisan katilu)

ulah nganyerikeun haté. (eusi, padalisan kaopat)

Jadi, ciri-ciri rarakitan téh nyaéta: (1) diwangun ku cangkang jeung eusi, (2) rarakitan réréana diwangun ku opat padalisan (dua cangkang, dua eusi), najan aya anu leuwih, tapi tetep kudu jangkep, jeung unggal padalisan diwangun ku dalapan engang, sarta (3) sarua jeung paparikan, rarakitan ogé sora tungtung padalisan cangkang jeung eusi teh kudu sasora (kalawan pola a-b-a-b, jeung kecap awal dina padalisan cangkang, dibalikan deui dina padalisan eusi atawa disebut purwakanti mindoan kawit.

  • Wawangsalan

Wawangsalan téh asal kecapna tina wangsal (basa jawa), hartina jawab. Aya anu nyebutkeun tina kecap angsvab. tina asal. Aya ogé anu nye-butkeun robahan tina kecap wangsul, hartina balik. 

Cindekna, wawangsalan téh karangan (sastra) anu diwangun ku dua padalisan (unggal padalisan diwangun ku dalapan engang), aya cangkang jeung eusi. Dina cangkang aya wangsal anu kudu dijawab. 

Dina padalisan cangkang téh mangrupa tatarucingan (tetebakan) anu kudu dijawab wangsalna. Sedengkeun dina padalisan eusi minangka kecap konci pikeun nuduhkeun jawaban wangsalna. Kecap konci bisa kapanggih dina kecap atawa frasa anu sorana murwakanti (deukeut) jeung sora eusi tatarucingan téa. Titénan ieu conto di handap!\

Imah ngambang di sagara,      (cangkang ngandung tatarucingan, padalisan kahiji)

ulah kapalang nya béla.          (eusi ngandung kecap konci, padalisan kadua)

(wangsalna: kapal cai)

Jadi, ciri-ciri wawangsalan téh nyaéta: (1) wawangsalan diwangun ku dua padalisan (hiji cangkang, hiji eusi) jeung unggal padalisan diwa-ngun ku dalapan engang, (2) padalisan kahiji (cangkang) mangrupa ta-tarucingan anu kudu diteguh atawa dijawab wangsalna, sedengkeun padalisan kadua (eusi) nyaéta kalimah anu ngandung kecap konci pikeun nuduhkeun jawaban wangsalna, sarta (3) kecap koncina nyamuni dina salasahiji kecap padalisan eusi, kapanggihna dina kecap atawa frasa anu sasora jeung eusi (wangsal) tatarucingan téa.

  • Watek Sisindiran

Jejer atawa eusi sisindiran téh sok disebut watek. Dumasar kana wa-tekna, sisindiran téh dipasing-pasing jadi tilu rupa, nyaéta piwuruk (papa-tah), silih asih (cinta atawa asmara), jeung sésébréd (banyol atawa heureuy).

Paparikan jeung rarakitan boga watek piwuruk, silih asih, jeung sé-sébréd. Ari wawangsalan mah umumna ngan boga watek silih asih wung-kul. Pék titénan ku hidep ieu guaranana!

a. Watek Paparikan 

(Piwuruk)

Sawah ngemplang ditanduran,

ka huma ngala jarami.

Ulah renggang duduluran, dasarna silaturahmi.

(Silih asih)

Tamiang sareng hinisna,

katojos kakését hoé.

Teu tepang sareng anjeunna, 

sawios potrétna ogé.

(Sésébréd)

Ka Cikini ka Ciceuri, 

balikna mawa érloji.

Nini-nini ngeunah seuri, 

huntuna ngan témbong hiji.

b. Watek Rarakitan

(Piwuruk) 

Mun nepi mawa kalapa,

tangtu dibahanan laja.

Mun bakti ka indung bapa, 

tangtu bakal meunang bagja.

(Silih asih)

Sugan téh bener bobotoh, 

ukur ngan gogorowokan.

Sugan téh manéhna bogoh, 

ukur nganggap babaturan.

(Sesebred)

Cau naon cau naon, 

cau kulutuk di juru.

Bau naon bau naon, 

bau hitut nu di juru

c. Watek Wawangsalan

(Silih asih)

Kleup maén bal Maung Bandung, tos nasib kedah paturay.

(Wangsalna: Persib)

1. Nulis Sisindiran

Hidep ayeuna mah geus nyaho ngeunaan sisindiran, wangunna, jeung watekna. Ayeuna urang diajar nulis sisindiran. Ari nulisna mah dumasar kana ciri paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan. Sangkan hidep babari” dina nulis sisindiran, ieu di handap aya padika atawa léngkah-léngkah nulis sisindiran. Titénan ieu guaranana!

a. Néangan Inspirasi

Néangan idé atawa inspirasi keur sisindiran téh ulah jauh-jauh. Bisa baé tina pangalaman hirup, kagiatan sapopoé, lingkungan sakola, pasipatan 

babaturan, jeung sajabana. Resep geura lamun geus bérés nulisna, tuluy silih témpas sindir jeung babaturan.

b. Nangtukeun Wangun

Sanggeus meunang idé, tuluy tangtukeun heula wangun sisindiran anu rék ditulis. Naha hidep rék nulis wangun paparikan, rarakitan, atawa wawangsalan. Kudu inget deuih kana ciri-cirina téa.

c. Nangtukeun Watek

Upama geus nangtukeun wangun sisindiran, ayeuna tangtukeun wa-tekna. Watek paparikan jeung rarakitan téh piwuruk, silih asih, jeung sésébréd. Ari watek wawangsalan mah umumna ngan patali jeung silih asih.

d. Nuliskeun Eusi jeung Cangkang

Dina nulis paparikan jeung rarakitan, anu pangheulana kudu dipikiran téh eusina. Ari cangkang mah bisa ditulis sapandeurieunana. Tong poho kana sora tungtung padalisan cangkang jeung eusi anu kudu sasora téa.

Titénan ieu conto di handap!

2. Ngaaprésiasi Sisindiran

Dina kagiatan saméméhna, hidep geus diajar ngaanalisis jeung nulis si-sindiran. Ayeuna urang diajar ngaaprésiasi sisindiran. Ari cara ngaaprésiasi sisindiran téh salasahijina ku cara sisindiran téh dijieun wangun pagelaran kasenian. Bisa tina sisindiran jadi lagu tuluy dikawihkeun, bisa ogé dipage-larkeun jadi seni drama kawas longsér (drama komédi).

Upama dipintonkeun dina wangun drama, kudu nyieun heula naskah pagelaran anu dieuyeuban ku sisindiran. Pamaénna tuluy silih témpas sindir jeung pamaén séjénna. Resep geura, komo dipintonkeunana dina acara pentas seni di sakola. Upamana baé dina acara milangkala sakola, paturay tineung, miéling kamerdékaan, jeung sajabana.

error: Content is protected !!