CARITA BABAD BASA SUNDA

CARITA BABAD

A. Wangenan Carita Babad

Istilah babad téh asalna ti Jawa, hartina muka wewengkon atawa daérah anyar. Saméméhna mah disebut carita baé, contona Carita Parahiyangan, Carita Ratu Pakuan, jeung Carita Waruga Guru. Cindekna, carita babad téh nyaéta carita wanda heubeul anu medar riwayat karuhun jeung kajadian penting jaman baheula anu patalina jeung muka hiji wewengkon atawa daérah.

B. Eusi Jeung Ciri Carita Babad

Eusi carita babad téh umumna aya patalina jeung hiji patempatan sarta dipercaya boga unsur sajarah. Ari tokoh utama dina carita babad téh di antarana raja, putri, wali, jeung sajabana. leu tokoh utama téh umumna réa digambarkeun kapahlawanan, kagagahan, jeung kasaktianana.

C. Jihat Sajarah Jeung Sastra

Ditilik tina jihat sajarah, carita babad téh teu bisa jadi bukti sajarah anu bisa dijieun sumber utama. Paling copélna bisa dipaké babandingan pikeun nalungtik sajarah. Lantaran dina carita babad réa ngalalakonkeun hal-hal anu pamohalan (teu asup akal) anu sipatna rékaan (fiktif), ku kituna carita babad téh sok digolongkeun kana karya sastra wangun dongéng. Hal-hal anu pamohalan dina babad téh kapanggih dina watek palaku jeung kajadian-kajadian carita.

D. Unsur Pamohalan

Palaku anu pamohalan contona jalma sakti bisa ngaleungit, bisa nga-pung, bisa nembus bumi, bisa leumpang di luhureun cai, teu teurak ku pakarang, jeung sajabana.

Ari kajadian dina carita anu pamohalan, upamana kapanggih dina sempalan carita babad “Wewesén Aki Sayang Hawu”, anu nétélakeun jajatén jeung kasaktén opat kandaga lanté di Karajaan Sumedanglarang nyaéta Ki Sayang Hawu, Ki Nangganan, Ki Kondang Hapa, jeung Ki Térong Péot, anu awakna teu terak ku pakarang. Najan dikepung ku pasukan Cirebon sakitu lobana, éta anu opatan téh unggul perangna.

E. Wangun, Tradisi Jueng Conto Carita Babad

Carita babad réréana ditulis dina wangun manuskrip jeung wawacan. Aya anu ditulis dina wangun prosa aya ogé anu ditulis dina wangun puisi. Ka dieunakeun aya anu disalin sarta dicitak jadi buku. Conto carita babad anu kamashur atawa kasohor téh di antarana Babad Banten, Babad Cirebon, Babad Galuh, Babad Sumedang, Babad Pajajaran, Babad Siliwangi, Babad Tanah Pasundan, jeung réa-réa deui.

Tradisi nyusun babad téh geus aya ti jaman baheula. Aya anu ditulis dina wangun puisi, contona wawacan. Aya ogé anu ditulis dina prosa. Nu-liskeunana biasana maké aksara Sunda Kuno, Arab Pégon, Sunda-Jawa

(Cacarakan), jeung Latén. leu di handap aya conto carita babad anu ditulis dina wangun prosa, pék baca ku hidep sing gemet!

Hiji waktos Jeng Maulana Insankamil anu engkéna kamashur Sunan Gunung Jati, angkat ka Nagara Cina. Teu kacatur di jalanna, anjeunna tos dugi ka basisir Nagara Cina. Di dinya anjeunna ngislamkeun tukang nyieunan gagarabah. Lajeng angkat ka nagara Tartar. Di éta nagara oge anjeunna tiasa ngislamkeun para gegedén katut rahayat Tartar. Terus wae atuh anjeunna nganjrek sawatara lamina di éta nagara. Kamashur ka nagara-nagara nu aya di sabudeureun Nagara Tartar. Malih aya opat nagara anu gegedén katut rahayatna lebet Islam.

Di Nagara Tartar Jeng Maulana Insankamil kamashur pandita anu linu-hung, wijaksana tur weruh sadurung winarah. Éta kaayaan téh kaémpér-émpér Ka Sri Maharaja Ong Tién, raja agung di Nagara Cina.

Pok Raja Ong Tién nyarios ka Patihna, “Hé, Patih! Kaula meunang béja, yén di Nagara Tartar aya pandita anyar nu kamashur wijaksana, tur weruh sadurung winarah. Ayeuna ondang ka dieu, kudu kairingkeun ku Patih, omat ulah henteu kabawa.’

Dicutat tur diropéa tina Pangajaran Sastra Sunda

Aya ogé ieu di handap conto carita babad anu ditulis dina wangun puisi, pék baca ku hidep sing gemet!

Dicutat tina Babad Panjalu susunan C.M. Pleyte (1982: kc. 29).

F. Struktur Carita Babad

Sakumaha dijéntrékeun dina guaran saméméhna, carita babad téh ka-golong kana carita rékaan anu boga struktur carita. Ari struktur carita babad téh nyaéta palaku (tokoh), latar (setting), galur (plot), titik tilik (point of view), amanat, jeung jejer (téma). Sangkan leuwih jéntré, titénan ku hidep ieu guaranana di handap!

  1. Palaku (Tokoh)

Palaku téh jalma anu ngalalakon dina carita. Unggal palaku boga watek anu ngagambarkeun pasipatanana séwang-séwang. Aya palaku utama anu ilaharna watekna hadé (protagonis), palaku anu watekna goréng (antagonis), jeung palaku tambahan (tritagonis).

  • Latar (Setting)

Latar téh lingkungan anu ngadasaran lumangsungna hiji kajadian dina carita. Latar dibagi tilu nyaéta tempat, waktu, jeung suasana.

  • Galur (Plot)

Galur téh runtuyan kajadian anu lumangsung ti awal nepi ka ahir ca-rita. Galur dibagi tilu nyaéta galur mérélé atawa maju, galur mundur (flashback), jeung galur bobok tengah atawa campuran.

  • Titik Tilik (Point of View)

Titik tilik téh cara nilik anu dipaké dina midangkeun kajadian carita. Dina carita babad mah geus ilahar ngagunakeun gaya jalma katilu tunggal (narator), ku cara ngalalakonkeun palaku-palaku carita.

  • Amanat

Amanat téh pesen moral anu hayang ditepikeun ngaliwatan carita ka anu maca. Bisa ditepikeun langsung (tersurat) ngaliwatan kalimah anu kapanggih dina pungkasan carita, bisa ogé teu langsung (tersirat) nga-liwatan gemblengan carita.

  • Jejer (Téma)

Jejer téh inti pikiran anu kapanggih dina carita. Biasana kapanggihna téh lamun geus tamat maca carita babad. Jejer ogé kapanggihna henteu langsung, tapi nyamuni dina gemblengan carita.

rancage basa sunda kelas X

error: Content is protected !!